Puasa Poé Kadua: Lapang Merdéka jeung Barudak Kampung



Lapang Merdéka jadi pamuruan balaréa salila bulan puasa. Mimiti euyeub kunu daragang jeung anu ngahaja ngadatangan éta tempat biasana wanci lingsir ngulon nepia ka wanci kalangkang satangtung awak. Beuki pinuh ku jalma nalika bulan puasa geus asup kana tanggal puluhan jeung lilikuran, katurug usum katiga.

Rupaning kaulinan jeung dagangan nyampak di Lapang Merdéka. Ngahaja diayakeun keur ngolo anu daratang, da lolobana barudak umur kelas 4 nepi ka 6 sakola dasar. Anak lélé dumbo ogé dijual, malahan dina taun 90-an pisan, lauk sapu mimiti dipikawanoh ku barudak jeung masyarakat. Anu dijual biasana anak lauk sapu.

Komik jeung buku bacaan ogé diséwakeun. Lamun hayang maca komik rada loba, nya nyéwana ngandelkeun duit ku cara udunan. Tuluy maca komik sakali séwang, jadi anu disebut trik jeung intrik téh sihoréng geus dilakonan ti béh ditu pisan, lain saukur aya dina dunya politik kawas mangsa ayeuna.

Sabenerna, ari Lapang Merdéka mah da raména téh lain bulan puasa wungkul. Dina bulan séjén ogé, sok komo dina poé Minggu, geus pasti dipinuhan ku warga masyarakat anu daratang ti kampung jeung ti tempat anu deukeut ka éta lapang. Nepi ka kiwari ogé kitu.

Tilu alinéa awal ngébréhkeun kaayaan Lapang Merdéka dina bulan puasa mangsa anu geus kasorang, kira-kira dina taun 80 nepi ka 90an. Hiji alam kahirupan anu disebutkeun ku para ahli jeung pakar sosial, mangrupa jaman kaemasan dina abad ka dua puluh.

Alesanna basajan, disebut jaman kaemasan atawa golden age, da mémang dina mangsa harita pisan sagala fitur kahirupan katémbong mimiti nguliat, maju samaju-majuna. Di nagara urang baé, mangsa harita sok disebut jaman swasembada pangan.

Masyarakat harita kabagi kana dua kelompok nyaéta masyarakat urban jeung rural padésaan. Teu anéh, ku ayana kota jeung papaésna samodél Lapang Merdéka geus jadi pamikat keur masyarakat rural, barudak kampung sangkan daraék jeung kudu ulin ka dayeuh. Sebut baé, ti mangsa mimiti aya sebutan polis atawa wewengkon kota, rupaning hal anu disayagikeun ku dayeuh titujukeun keur masyarakat lembur sangkan daék arulin ka dayeuh.

Motif ékonomina mah geus puguh, kusabab wewengkon kota mangrupa puseur kagiatan ékonomi, geus pasti ku daratangna urang lembur ka dayeuh bakal mawa kauntungan anu pohara. Keuna ku paribasa: di kota mah “kiih” ogé kudu mayar.

Barudak kampung ogé sabenerna diuntungkeun nalika maranéhna bisa arulin ka wewengkon “perkotaan”, jadi apal siga kumaha anu disebut bioskop, wawuh kana Lapang Merdéka, Gedung Juang, Capitol, jeung kana kumaha raména wewengkon kota.

Sahenteuna, ku barudak saentragran henteu disebut budak kurung batok. Harita mah, sok sanajan ulin ka dayeuh ngan sataun sakali dina bulan puasa atawa poé lebaran, geus kawilang miboga pangalaman alus, ku babaturan teu disebut gendok teuing.

Kanyataan hirup barudak kampung jeung dayeuh sabenerna kaciri pisan jeung bisa dibédakeun sakumaha anu kungsi disebutkeun ku Ferdinand Tonnies nalika ngaguar tipikal masyarakat urban jeung rural.

Barudak kampung taun 80 nepi ka 90an nalika leumpang dina trotoar geus pasti ngabring, da kabiasaan maranéhna lalempang dina galengan atawa jalan satapak. Barudak dayeuh mah moal kitu, bisa leumpang sosoranganan. Lain ludeungan, tapi ngébréhkeun sikep individualis.

Barudak kampung méméh arindit ka dayeuh geus pasti ngaromong jeung badami heula: kadé lamun geus di kota, ulah papisah! Malahan ku kolot-kolotna diati-ati: kadé si ujang tong ditinggalkeun. Sikep masyarakat kampung samodél kitu mémang dipangaruhan ku iklim gemeinschaft atawa paguyuban.

Cara leumpang masyarakat paguyuban geus pasti mintonkeun pola nguntuy: aya sirah, bagéan tengah, jeung buntut. Bagéan tengah biasana dieusi ku barudak anu dianggap olol lého atawa boloho, bagéan buntut dieusi ku barudak anu geus sawawa, bagéan hulu atawa anu panghareupan dieusi ku budak anu apal jalan, boga luang jeung pangalaman kungsi ulin ka dayeuh atawa mindeng diajak balanja ka dayeuh ku kolotna.

Di Lapang Merdéka ogé kitu, barudak lembur anu ngaradon ngabeubeurang jeung ngabuburit biasana mintonkeun pola paguyuban, ngarumpul jeung tara jauh jeung batur-baturna. Anu dipikolot bisa nangtungkeun waktu nepi ka jam sabaraha kudu aya di Lapang Merdéka, manéhna ogé anu nangtukeun réngsé ti Lapang Merdéka kudu balik atawa ulin heula ka tempat séjén.

Kiwari geus asup kana mangsa anu disebut global village atawa kampung dunia. Beungkeutan masyarakat ogé geus ngawujud jadi urban sagemblengna. Barudak kampung geus moal daék deui disebut urang lembur, koboy kampung, da rumasa geus hirup teu jauh béda jeung urang dayeuh.

Malahan, barudak anu aya di wewengkon Baros, Cibeureum, jeung Lembursitu ogé geus nyebut dirina salaku urang kota, kusabab wewengkonna geus asup kana wilayah adminstrasi pamaréntah kota.

Cindekna, dina bulan puasa atawa bulan séjénna ogé nalika aya barudak kampung anu ulin ka Lapang Merdéka atawa ka dayeuh jeung ka mall nya geus teu bisa disebut ahéng deui. Euweuh anu istiméwa deui nalika aya saurang budak nyaritakeun kaayaan dayeuh ka batur-baturna. Kabéh, boh barudak atawa masyarakat umum mémang geus rumasa jeung asa jadi warga kampung dunia, warga masyarakat urban.

Posting Komentar untuk "Puasa Poé Kadua: Lapang Merdéka jeung Barudak Kampung"