Kaayaan ngabuburit di Jalur Lingkar Selatan (Bakal Terminal) dina taun 2008. Difoto ku kuring ku Camera Digital Canon
Salah sahiji alesan spésiés manusa bisa ngalumangsungkeun kahirupanna nepi ka ayeuna nyaéta mobiga sikep adaftif atawa pinter nyaluyukeun jeung kaayaan lingkungan hirupna. Adaptasi manusa lain saukur nyocogkeun atawa nempatkeun diri jeung kaayaan lingkungan, ogé kumaha nyurupkeun méntal dirina sangkan henteu patukang tonggong jeung kaayaan anu terus ngalaman kamajuan.
Kaayaan méntal ieu anu ngajadikeun jalma bisa narima kana kanyataan hirup anu terus robah ti mangsa ka mangsa ti saprak kahirupan manusa moncorong di ieu alam dunya. Keuna ku paribasa sakumaha anu kungsi disebutkeun ku Herakleitos: panta rhei kai uden menei, sagala rupa keuna ku robah, usik jeung ganti wanci, jadi kanyataan anu kudu disanghareupan ku manusa.
Kaayaan bulan puasa opat puluh, tilu puluh, dua puluh, sapuluh, jeung lima taun ka tukang, geus pasti kacida béda jeung bulan puasa anu keur kaalamaan ayeuna. Keur jalma anu geus nincak kana umur puluhan taun, kanyataan ieu tangtu bakal mawa kana sikep romantisme, mikahayang bulan puasa téh kudu sarua jeung kasyaan mangpuluh-puluh taun ka tukang. Keur generasi Z jeung millénial mah, kusabab can ngalaman rupaning mangsa sarta jaman tangtu baé bulan puasa mangsa kiwari kitu baé ayana teu pernah robah.
Mibioa sikep romantis (mikaresep kana mangsa anu geus kaalaman) lain hartina generasi baby boomers jeung generasi X teu siap hirup dina mangsa kiwari atawa teu sanggup nyanghareupan robahna zaman. Romantisme kacida perlu aya dina diri jalma komo lamun nepi ka diwujudkeun deui kana kahirupan mah. Penting pisan keur ngatransformasikan niléy anu dipiboga ku hiji kelompok sosial masyarakat ka generasi kiwari. Jaman beuki maju, tapi niléy-niléy dina kahirupan kudu dibréhkeun jeung kudu jadi eusi tiap réngkak paripolah.
Lain hal anéh nalika aya sababaraha urang jalma ti generasi X ngarendeng: “ Asa beuki robah jeung béda bulan puasa ti taun ka taun téh. Komo lamun dibandingkeun jeung mangsa puluhan taun ka tukang nalika urang-urang masih laleutik…” Lamun ditengetan, naon anu dikedalkeun ku generasi X , sebut baé jalma anu mangsa kiwari geus nincak umur 40-50 taun, bulan puasa ti mangsa ka mangsa mémang ngalaman robah dina pasualan sosialna. Umpamana, tilu kabiasaan anu kungsi dilakukan ku masyarakat Islam Nusantara saperti nyubuh, ngabeubeurang, jeung ngabuburit, jigana mangsa kiwari mah geus jarang dilakonan deui.
Sabenerna, tilu kabiasaan di luhur lain leungit sagemblengna, tapi ngalaman ségrégrasi jeung kalindih ku kabiasaan anyar, utamana budaya urban generasi Y jeung Z anu jadi pangeusi kahirupan paling dominan dina mangsa kiwari. Kamajuan téknologi jeung informasi baé sabenerna leuwih ditujukeun keur ngogo atawa ngaanak-emaskeun generasi milénial. Ngabuburit ogé dina prakna geus pasti béda jeung baheula. Nepi ka taun 80-an katompérnakeun, ngabuburit téh geus pasti dilakonan ku barudak kucara lalempang ka sisi lembur, mapay galengan, atawa ngariung sabari naragog luhureun lonéng (jambatan). Kiwari mah dilakonan ku cara tarumpak motor atawa mobil, balanja keur kaperluan takjil, atawa ngan saukur diuk di imah sabari ngoprék ponsél.
Generasi baby boomers (sebut baé aki jeung nini generasi Z) ngabati gogodeg nalika nénjo kanyataan samodél kitu. Haté mah jigana kokojotan hayang ngalakonan deui kumaha sakuduna anu disebut nyubuh, ngabeubeurang, jeung ngabuburit ku anak incuna. Sawaréhna geus pasti loba ogé anu kurang paduli, arék aya ngabuburit atawa euweuh ngabuburit salila bulan puasa, keun baé, lain urusan kami. Jalma sabenerna teu bisa kitu, ulah kapenjara baé ku mangsa anu geus kaalaman atawa teu maliré kana kanyataan anu geus ngagerus niléy kaalusan.
Bulan puasa taun ieu, mémang kacida béda jeung mangsa puluhan taun ka tukang. Iwal tina tilu kabiasaan di luhur, bulan puasa mangsa kiwari katénjona simpe ku kariaan: barudak nyundut pepetasan jeung bedil lodong. Jigana, ngan kaalamaan ku barudak generasi baby boomers jeung generasi X nalika asup bulan puasa dipinuhan ku saruka bungah sabab maranéhna teu bisa nyumputkeun kabiasaan anu dilakonan ku kolot-kolotna nyaéta nyundut bedil lodong. Ayeuna mah loba panyaram jeung panyarék boh tinu jadi kolot ogé ti pamaréntah. Geus loba conto jalma anu cilaka kusabab nyundut petasan jeung bedil lodong, kitu alesanna.
Robah mangsa, usik malik jeung gantina wanci mangrupa hiji hal anu teu bisa ditolak ku jalma. Jalma salaku individu ngan bisa rus-ras ka alam anu geus karandapan, kasorang, jeung kaalaman. Sagala rupana masih kasimpen kalawan apik dina mémori diri. Kanyataan sosial anu lebar diantep kitu baé lamun teu dipindahkeun kana seratan-seratan sangkan dina hiji waktu, barudak millenial, generasi Y jeung Z arapaleun yén indung bapa jeung aki nini-na kungsi ngalaman kajayaan sosial kultural dina mangsana.
Cag..!

Posting Komentar untuk "Puasa Poé Kahiji: Sagala Robah"