Puasa Poé Kaopat: Pasantrén Kilat



Pasantrén kilat mangrupa kabiasaan béh dieu anu dipraktékkeun ku masyarakat urban kota dina raraga ngeusi bulan puasa ku calagara atau kagiatan kaagamaan. Pasantrén kilat mimiti mahabu dilakonan ku masyarakat urban dina taun 90-an katompérnakeun. Saheuleut reujeung beuki ngaronjatna cara pikir masyarakat kota kana kaislaman.

Di sagigireun éta, kagiatan pasantrén kilat gedé dipangaruhan ku sababaraha gerakan anu nyodorkeun isu-isu kaislaman kontémporér, gerakan ieu diluluguan ku aktivis kampus, rohis sakola, jeung kelompok muslim trans-nasional. Pasantrén kilat dicalagarakeun di sakola-sakola umum; SMP jeung SMA duméh di ieu sakola pangajaran kaislaman dina mangsa Orde Baru kawilang masih kurang, ngan dua jam dina saminggu.

Pangaruh pasantrén kilat mimiti sumebar ka lembur-lembur dina tahun 2000-an, biasana diayakeun ku yayasan jeung lembaga kaislaman anu teu boga pondok pasantrén. Mimitina mah, calagara pasantrén kilat diayakeun di tiap sakola umum keur ngeusi mangsa peré sakola salila bulan puasa, lilana kana saminggu nepi ka dua mingguan.

Jejer jeung kontén pasantrén kilat biasana rupa-rupa, utamana isu-isu kontémporér ngeunaan kaislaman, umpamana: siroh nabi, harokah Islam, fikih kontémporér, ghazwul fikri (perang pamikiran), jrrd. Ide-ide jeung kamandang kaislaman anu kurang familiar di masyarakat lembur, tuluy dibralkeun kitu baé geus mawa pangaruh anu gedé, antukna loba barudak anu manjing nonoman kabita jeung daék ilubiung kana kagiatan pasantrén kilat.

Teu saeutik, kusabab salila pansantrén kilat loba ngadatangkeun méntor ti aktivis kampus, tibatan ngajak barudak sangkan miboga sikep open-mind, malah disedekkeun kana wewengkon doktrinasi kelompok. Ghirah atau gairah kaislaman dijejelkeun kana diri pamilon pasantrén kilat sangkan miboga sumanget keur nerapkeun ajaran Islam dina sagala widang kahirupan.

Sabeberna keur masyarakat muslim di Indonésia, alesan anu dikaluarkeun ku aktivis kampus jeung pangajian saukur hal anu didramatiskeun baé. Da buktina mah, di lembur jeung di kampung, masyarakat muslim adem ayem jeung tenang-tenang baé dina ngalakonan ritual jeung ajaran Islam. Puasa jeung solat tarawéh euweuh anu nyaram, dina kahirupan ogé geus mintonkeun rupaning hal anu dipihareup sarta cocog jeung tuntunan Islam.

Gerakan-gerakan anu ngaisukeun Islam kudu dipintonkeun jeung dipraktékkeun dina sagala widang kahirupan sabenerna ngan bisa mungkus wungkul ku wacana sangkan katénjo pikabitaeun. Islam jeung ajaranna geus bener-bener ngabumi di masyarakat urang ti saprak ieu agama sumebar di ieu wewengkon. Henteu kapalang, dina sababaraha kagiatan pasantrén kilat mangsa harita dikedalkeun ngeunaan wajibna umat Islam nanjeurkeun “Hukum Islam” di Indonesia.

Aktivits kampus taun 90-an anu boga pancén –saolah-olah kudu– ngatransformasikeun Islam kalayan Kaffah ka masyarakat, kadieunakeunna beuki mancawura jeung kabagi kana rupaning golongan (firqoh), malah aya golongan anu nepi ka kiwari kokojotan hayang nanjeurkeun sistem khilafah.

Mangsa harita ogé, kuring jeung salah saurang ajengan di lembur ngan bisa ngabati seuri baé bari tetep ngatik barudak ku ajaran agama anu geus diwariskeun ku ulama-ulama klasik. “ Lamun mah kelompok-kelompok kaagamaan anu kasengsrem ku ajaran Islam geus sakuduna maranéhna diajar kana sumberna langsung nyaéta kitab-kitab klasik anu geus dihasilkeun ku para ulama,” kitu ceuk salah saurang ajengan di lembur.

Ngan, ku ayana gerakan atawa harokah-harokah kaislaman anu dilulugunan ku para nonoman urban dina mangsa harita, aya alusna ogé, sahenteuna barudak jadi kabukakeun dirina sangkan hayang beuki wanoh kana ajaran Islam.

Gerakan atawa harokah Islam dina taun 90-an ngan saukur tatapakan, pangajian dilakonan di masjid-masjid, éta ogé dibarengan ku sesedek sangkan dibéré ijin ku DKM, pasantrén kilat ogé ngan saukur milu tempat jeung mihapékeun diri.

Teu kungsi nunggu nepi ka puluhan taun, gerakan atawa harokah-harokah kaislaman anu nasih léléngkah halu dina taun 90-an, kiwari geus miboga wangunan sakola, pasantrén, asrama, malahan waragad anu kudu dikaluarkeun ku kolot budak ogé leuwih mahal tibatan sakola séjén sok komo lamun dibandungkeun jeung sakola negeri. Bisa disebut, harokah kaislaman anu dina taun 90-an masih narongtot lého kénéh, ayeuna keur meujeuhna panén.

Lain Islam jeung ajaranna deui anu digedékeun, tapi leuwih meredih kana pasualan politis, malahan teu sieun mamawa pasualan politis ka tempat ibadah, atawa nutupan maksud jeung tujuan politis ku dalil-dalil anu aya dina Al-Quran. Keur kuring, kaayaan ieu teu jadi geruh ogé, ieu nyirikeun yén kaayaan umat Islam mémang beuki dinamis. Anu dipikapaur nyaéta: umat Islam ngan saukur pohara dina kuantitas, tapi morosot dina kualitas.

Islam lain saukur dogma jeung doktrin, anu matak bisa ditarima ku masyarakat Nusantara anu geus ngagem agama Hindu, Budha, Kapitayan, Buhun, Wiwitan, jeung ageman hirup lianna. Lamun Islam ngan saukur dijadikeun doktrin, geus pasti moal bisa sumebar di Nusantara dina mangsa formatif (mimiti nanjeur).

Pasantrén kilat dina bulan puasa, mangsa kiwari geus jarang dilakonan jeung kurang pamorna kusabab tujuan jangka péndék maranéhna keur sawatara waktu mah geus kacumponan. Ngan sakumana anu sok disebutkeun ku Alm. Gus Dur: aya agénda anu teu katingali dina gerakan-gerakan kelompok anu ngajadikeun Islam salaku alat keur ngabobodo masyarakat.

Posting Komentar untuk "Puasa Poé Kaopat: Pasantrén Kilat"