Puasa di Lembur: Hitut dina Cai (Hanca 1)


Tiap masigit –dina taun 80-an ka handap- geus tangtu miboga kulah di hareupeunnana. Ayana kulah masigit, salian biasa digunakeun keur tempat wudlu, ogé biasa sok dipaké guyang boh ku kolot ogé ku barudak.

Ngan ari keur barudak mah, mandi di kulah masigit téh lain sawates guyang tapi leuwih bisa disebut ngubek, cai kulah bisa nepi ka beyedug jeung katénjo pisa kotorna. Awak lain jadi beresih, antukna kalah dipinuhan ku daki ngelemeng dina dada.

Sabenerna mah, barudak lembur garuyang di kulah masigit téh lain dina bulan biasa wungkul, da dina bulan-bulan séjénna ogé kulah teu weléh kiruh dina wanci anu tangtu kusabab diguyangan ku barudak.

Tapi, cacakan dina bulan puasa ogé, kulah masigit teu weléh diguyangan ku barudak. Padahal anu ngaranna guyang sok komo sabari teuleum di kulah mangrupa perkara makruh da leuwih deukeut kana ngabatalkeun piasa.

Ongkohna loba kacaritakeun, barudak lengger jeung buraong mah sok ngaharajakeun, nalika teuleum dina kulah sok dibarengan ku ngaregot cai kulah, henteu paduli cai kulah asalna ti susukan.

Aya ogé barudak anu ngahajakeun hitut dina jero cai. Cai kulah nepi ka ngabelekbek pas lebah cangkéng beulah tukang budak anu hitut. Sok diomongan ku barudak séjénna: Batal tah manéh!

Pasualan fiqih anu kawilang anyar jeung ramé diobrolkeun ku barudak dina waktu pangajian nyaéta: hitut di jero cai ngabatalkeun puasa atawa henteu? Waktu pangajian dipindahkeun tina maghrib ka ashar jeung subuh. Ceuk guru ngaji mah itung-itung ngabuburit nungguan jedur bedug maghrib baé.

Masigit pinuh jeung euyeub ku barudak anu ngaji, réngsé sholat lohor –da harita mah sakola ogé peré kana sabulan lilana- barudak jeung para nonoman sok ngaradon saré di masigit.

Ceuk guru ngaji, hitut dina jero cai teu matak ngabatalkeun kana puasa, da lain nginum. Pasualan fiqih puasa di lembur tétéla bisa dijawab kalawan basajan ku guru ngaji, tara dililieur ku hal séjén anu beuki ngiruhan wacana jeung padungdengan.

Qiyas atawa analogi anu digunakeun ku guru ngaji kacida asup akal atawa logis: bujur mah tara nginum, da nginum mah ku baham. Meunang dalil ti guru ngaji samodél kitu antukna barudak katénjo barungah, isukna nya kitu téa, barudak beuki ngahajakeun haritut dibelekbek-belekbek dina jero cai.

Ajengan dina mangsa harita bisa mawa jeung nepikeun ajaran kalawan spéktrum anu bisa nyumponan alam pikir masyarakat lembur anu basajan. Ngaranna ogé urang lembur, ajengan kudu miboga tar ékah anu laér aisan jeung landung kandungan, pihartieunna mah, fléksibel jeung bisa katarima ku masyarakat harita.

Sok komo lamun diudag ku ushul fiqih, apanan aya kaédah: Al-Masyaqqoh Tajlibu Taysir, hartina ajaran jeung prak-prakkan dina agama kudu didadasaran ku gampang jeung teu ngahésékeun.

Fiqih puasa anu sabenerna lain hal anéh, kungsi jeung biasa dilakonan ku masyarakat di lembur nyaéta ‘itikaf di masjid. Amaliyah ‘itikaf dina taun 80-an ka handap mah lain mangrupa hal anu ngetrén di masarakat kota anu mimiti ngawanohkeun ieu istilah dina taun 90-an katompérnakeun.

Lain istilah anéh, da geus biasa dilakonan ku barudak lembur, malahan anu jadi guru ngaji mah remen maca dalil: wal ‘akifiina warruka’issujuud.. Jadi bener ogé, anu ngaranna fiqih jeung kabiasaan anu teu patukang tonggong jeung dalil agama sabenerna leuwih tiheula sumebar di lembur-lembur. Désa mawa cara mangrupa paribasa anu éstu sabenerna, lain saukur catur.
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Hitut dina Cai (Hanca 1)"