Puasa di Lembur: Tarawéh (Hanca 2)


Salah sahiji pasunatan anu biasa dilakonan salila bulan puasa nyaéta solat tarawéh. Sapuluh nepi ka lima menit saméméh isya masyarakat geus muru ka masigit, ngeungkeuy ngaleut. Mun diukur ku waktu, antara taun 80-90an jeung kiwari mémang aya anu béda. Sababaraha taun ka tukang mah, saméméh Isya sok kadéngé pating jelegur sora pepetasan di mana mendi, mapaésan bulan puasa. Kiwari ogé masih aya barudak anu nyundut pepetasan ngan teu kawas bihari. Sebut baé, rada camplang atau hambar.

Aya dua hal anu jadi lantaran, pepetasan geus jarang disundut. Kahiji, aya larangan ti pihak berwajib kusabab ngabahayakeun barudak. Unggal bulan puasa sok aya édaran ti Polsék, ngulahkeun barudak nyundut pepetasan. Kadua, geus loba balahi anu dibalukarkeun ku pepetasan, malahan nepi ka ngorbankeun nyawa sagala.

Balik deui kana tarawéh. Geus jadi kabiasaan, sapuluh peuting awal puasa jajaran masigit padedet, pinuh nepi ka lébér kana térasna. Kolot jeung budak minuhan masigit sayagi nedunan solat tarawéh barjamaah. Dina peuting kahiji, anu jadi imam sok biantara heula, méré papatah kumaha prak-prakkan atawa kaifiyat solat tarawéh. Sok diguar sabari dijéntrékeun ti mimiti niat nepi ka jumlah rokaat solat tarawéh. Ngélingan bisi aya anu poho, malum dilakonannana sabulan tina sataun.

Lamun dititénan kalawan daria, aya hal anu kawilang anéh. Nalika solat wajib, nyaéta solat Isya mah euweuh atawa jarang pisan jamaah anu moyég jeung élég. Éstu simpé, harusu nedunan solat Isya barjamaah.

Béda deui nalika solat geus laju kana tarawéh, barudak mimiti moyég, amin patarik-tarik, jajaran atawa shaf beulah tukang geus mintonkeun solat dibarengan silat, silih jijek, silih siku, jeung silih toél. Jamaah anu geus karolot sok nyawad jeung ngageunggeureuhkeun: “ Arélég baé bebel tarawéh téh!”. Jep jempling sajongjonan. Teu kungsi lila, barudak silih siku deui jeung papada baturna.

Ceuk kuring, hal samodél diluhur mangrupa fénomena sosial anu kacida alus. Disebut alus kusabab mémang kitu ari kahirupan masyarakat gammeinschaft (paguyuban pilemburan) mah. Sok sanajan lamun ditilik ku élmu fiqih mah solat barudak dibarengan ku élég komo nepi ka silih tincak geus bisa disebut batal.

Ngan, agama jeung ajaranna lain ngan saukur ngurus pasualan ritual mahdoh, aya anu disebut ibadah muammalah. Solat tarawéh bisa kaasup ibadah umum ogé teu saeutik midangkeun muammalah, kabiasaan anu dipintonkeun ku barudak solat dibarengan ku élég. Hal kadua, da ngaranna ogé budak, can kakeunaan ku hukum taklif. Aya ogé pangingkar atawa alesan, antepkeun barudak mah arélég salila tarawéh, anu penting maranéhna aya di masigit tibatan ngaradon arulin di jalan.

Ayana pasualan di luhur, teu saeutik jalma anu mikaresep kana Islam kusabab aya fénoména sosial samodél tadi. Kataji ku Islam kusabab nénjo barudak dina ngalakonan ibadah kawas dibarengan ku heureuy, nyalsé, jeung teu sieun sugan ibadah bakal ditolak atawa dirijék ku anu Maha Kawasa. Di sagigireun éta, masigit jadi haneuteun, ramé, jeung kaciri pisan yén ieu bulan téh mémang bulan puasa.

Sababraha bulan ka tukang kuring ngahaja nedunan solat wajib di salah sahiji masigit, masih di lembur. Ngan asa aya anu leungiteun, tiiseun ku barudak. Salah saurang jamaah ditanya ku kuring: “Kamarana barudak di ieu lembur, asa jarang jeung saeutik pisan anu marilu solat barjamaah magrib?” Manéhna ngajawab, arélég baé, matak dicaram ku DKM. Ngagebeg ogé sabenerna ngadéngé jawaban kitu téh. Naha, dicaram, atuh barudak milih maroyég jeung arélég di jalan meureun?

Imam, DKM, jeung jamaah masigit anu ngarasa kaganggu ku heureuyna barudak nalika solat hartina mémang can bisa khusu dina solatna. Da lamun bener mah khusu dina solat, tong boro aya barudak anu arélég, cacakan aya jamparing anu nancleb kana awak ogé moal karasa. Kacida adigung nalika aya jalma anu hayang khusu dina solat, kari-kari dibarengan ku ngorbankeun barudak sangkan ngajauhan masigit.



Ngan, nalika asup bulan puasa mah, haté kuring ngarasa bungah deui sabab ti méméh isya ogé barudak geus katénjo sariap-siap arék ka masigit, rék nedukan salat tarawéh. Urang salaku jalma, utamana barudak, geus sakuduna miboga carita mangsa pabubudak yén nalika bulan puasa, salat tarawéh jeung élégna jadi mémori koléktif anu bakal terus dipika inget.

Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Tarawéh (Hanca 2)"