Sumber Foto: Wikipedia |
Hiji tempat anu sok ramé dijadikeun tempat ngabuburit di Kota Sukabumi nyaéta Jalan Jalur Lingkar Selatan. Komo ti saprak jalur anyar anu brasna nepi ka Cibolang-Cisaat dibuka mah, unggal soré, jalma-jalma, kolot-budak minuhan éta tempat. Sakapeung lamun keur ngahaja liwat ka dinya, dina bulan puasa mah motor-mobil padedet lain bohong.
Naha jeung naon sababna ngabuburit zaman kiwari bet mokus ka jalan bari tumpak motor mobil? Ieu teu leupas tina pangaruh lingkungan, kamajuan jaman, tingkat éféktivitas hirup. Maksudna kieu: téknomania, zaman di mana mesin jeung hal anu dihasilkeun ku pabrik beuki mahabu, gedé pisan mawa pangaruh kana pola pikir jalma sangkan nyaluyukeun diri jeung kahirupan mesin. Antukna, pola pikir jeung réngkak pari polah ogé teu béda jauh jeung mesin, ségmén-ségmén kahirupan ogé diatur sakumaha item -item mesin miboga pancén séwang-séwangan keur ngahirupkeun hiji mesin.
Pola hirup téknomania ieu geus jadi trén di zaman kiwari. Sakapeung, anu aya dina pikiran jalma nyaéta, éféktivitas kahirupan kudu dipiboga ku jalma. Keur pindah ti hiji tempat ka tempat séjén (mobile) téh bener-bener kudu némbongkeun tingkat éféktivitas anu pang éféktivna. Pindahna jalma ti tempat A ka tempat B tangtu bakal leuwih éféktif lamun ngagunakeun barang anu diproduksi ku jalma, jeung kamangfaatanna téh keur ngabasajankeun kahirupan sangkan teu ribet, nyaéta mesin, motor, jeung mobil. Téknomania ieu mangaruhan kana cara ngabuburit jalma dina bulan puasa ayeuna.
Hasilna, sakumaha anu geus bisa diprédiksi, tempat-tempat ngabuburit anu ayeuna dipikaresep ku balaréa téh lain hiji tempat anu dipinuhan ku tatangkalan, korsi, éndahna nénjo panonpoé waktu surup, atawa hiliwirna angin anu nebak kana dangdaunan eurih. Éstu resep mokus ka tempat-tempat anu sakirana motor jeung mobil bisa ngaliwat, jalan-jalan umum, anu teu bisa dipisahkeun jeung kamacétan , kitu deui polusi udara.
Budaya nomadén modérn ogé geus teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan jalma zaman kiwari. Pindah-pindah tempat anu biasa dilakonan ku manusa-manusa primitif kusabab keur néangan sumber daya alam keur nunjang kahirupanna ayeuna teu jauh béda geus dilakonan ku urang. Malah, budayanomadén urang mah leuwih mahabu dibandingkeun jeung jalma-jalma primitif baheula.
Budaya agraris geus nyitak manusa sangkan hirup téh pinuh ku silih asah asih jeung asuh. Dina ngokolakeun huma jeung sawah téh éstu nénjokeun kakompakan hirup. Matak aya istilah: Keur jalma anu sok resep paséa jeung babaturanna sok dicarék: Kadé Bisi Pajauh Huma, hartina iklim agraris teu bisa piasah jeung hirup rukun sauyunan rempug jukung. Nepi ka taun 90an mah karasa kénéh. Buka puasa téh ngariung sakulawarga, kulawarga Inti jeung kulawarga sekunder ngumpul balakécrakan bari ngawangkong.
Ayeuna mah, kusabab éféktivitas nomadén modérn téa, jalma geus teu pati nénjo jeung madulikeun dimana manéhna buka puasa. Henteu saeutik apan anu buka puasa téh di tempat-tempat hunting,rumah makan siapa saji, jrrd. Masalahna hiji: Téknomania jeung mékanisasi kahirupan gedé pangaruhna dina ngarobah budaya jalma.
Untungna, pangaruh ieu teu ngarobah hakékat ushul/poko ibadah puasa. Sanajan, bisa baé nu ngaranna kualitas puasa urang beuki teu miboga kualitas jeung sakumaha anu dipiharep. Kasieun mah aya: sieun ceuk sakumaha anu didawuhkeun ku Rasulullah: “ Rubba Shaaimin, laysa lahuu min shiyaamihi illal Ju’u wal ‘Athsyu ”, (Loba jalma nu puasa, ngan hanjakal puasana téh saukur meunang lapar jeung dahaga wungkul.)
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "BUDAYA ANU ROBAH"