Méméh saré, wanci sareureuh budak, anu jadi nini pituin sok ngadongéngg heula, lain dongéngg sabenerna mah da ieu mah puguh carita nyata, lain rékaan. Ngadongéngg sotéh jigana sangkan kuring gancang saré. Tapi, lamun nini geus cumarita, panon anu geus cepel ogé ngadak-ngadak muka deui. Geus puguh ceuli mah direbingkeun, da hayang jéntré ngadéngé carita ti anu jadi nini. Can aya sinétron kawas ayeuna . Balik ngaji, paling banter ngadéngékeun sandéwara radio, atawa dongéng Sunda dina radio badag mérék JVC anu setrumna maké batu batré cap Kuda Terbang. Listrik geus aya, ngan teuing kunaon, anu jadi aki leuwih resep maké batu batré tibatan listrik keur ngahurungkeun radio téh.
Dina hiji peuting, nini cumarita, ngadongénggkeun pangalamanna nalika nagara urang masih dijajah ku Walanda. Ti baheula, Sukabumi téh nelah kota santri. Da ceunah, dimana-mana jlug-jleg pondok pasantrén. Nelahna kota santri téh, lain saukur sebutan, catur tanpa bukur, da enya di ayana. Kusabab nelahna kota santri, geus tangtu iber anu kabéjakeun ka wewengkon séjén téh, yén Sukabumi mangrupa wewengkon anu kukuh pancuh nyekel kana kayakinan agama, moal gedag kaanginan, éstu pageuh dina nanjeurkeun agama Allah. Anu matak, walanda rada hemar-hemir ogé lamun ngadéngé Sukabumi disubat-sabit. Katambah,Suwargi K.H Ahmad Sanusi ogé apan pituin urang Sukabumi.
Langgar jeung masigit téh tara elat pinuh. Barudak rumaja lamun ayeuna mah meureun ABG téa, ngaramékeun masigit, utamana dina wanci sareureuh budak. Sawaréhna ngadon ngaréndong di masigit atawa di pondok anu diwangun gigireun masigit. Pamuda anu hudangna kabeurangan jadi pamoyokan, sok disebutan si kebluk, kusabab embung disebutan si kebluk, hudang téh paheula-heula. Can aya sapéker kawas kiwari dimasigit téh. Wanci janari leutik, hawa meujeuhna tiis, simpé, anu maca Qur’an laun ogé teu weleh kadéngé, geus puguh lamun anu macana réang mah. Wanci janari gedé, kolot-kolot geus duk dek, lain dina bulan puasa wungkul kitu téh, dina bulan-bulan séjén ogé geus kadéngé sora suluh dibeulahan, kaangseu bauna suluh anu diduruk, hayam jago réang kongkorongok di kolong imah. Zaman kiwari mah kuring asa anéh, tong boroning jalma, dalah anu ngaranna hayam ogé kongkorongokna téh geus teu tangtu, teuing sugan hayam geus jarang? Sakapeung hayam tatangga ogé kongkorongok tengah peuting, isukanna mah teu kadéngé kokotak-kokotakna acan, pagetona kongkorongokna téh lamun adzan subuh geus bérés. Meureun matak kieu ogé aya anu salah.
Ceuk nini, Ajengan anu dipikasérab, boh ku Walanda ogé ku masarakat wewengkon Balandongan nyaéta Mama Haji Sulaeman. Sawaréh jalma boga kayakinan, Mama Haji téh bisa ngaleungit, sakti, ku maca bismillah ogé bisa ngiles. Anu séjén ngomongkeun boga élmu saépi angin. Keun teu kudu dicaritakeun masalah bisa ngaleungit atawa henteuna mah, anu puguh mah naon anu jadi kasang tukang, Mama Haji nepi ka dipikasérab ku jalma-jalma.?
Dipikasérabna jalma sarimbag jeung élmu anu dipimilik ku éta jalma. Ngan teu cukup nepi ka dinya, élmu anu dipimilik téh kudu bener-bener ngajirim jadi tingkah laku anu nyata. Élmu anu dipimilik éstu dibuktikeun ku amalan-amalan anu nyata. Lamun ceuk agama, jalma téh kudu hormat ka sasama, meureun hormat ka sasama téh lain saukur caritaan dina paimbaran wungkul , ogé diréalisasikeun dina réngkak paripolah. Hal anu paling penting, kaikhlasan dina ngalakonan hirup, méngparkeun diri tina hal-hal pragmatis, komo nepika ngajual ayat-ayat Allah kana haliyah dunya, komo nepika ngajual agama keur kapentingan diri sorangan, rék sifatna ékonomis atawa politis. Kaikhlasan ieu jigana anu jadi matak, nerapna élmu anu diajarkeun ku Mama Haji ka para santrina. Kaikhlasan ieu anu jadi matak dipikasérabna Mama haji ku balaréa.
Réngkak paripolah anu dibuleun ku kaikhlasan bakal ngawujudkeun sikep mulya. Tindak-tanduk saujratna, jujur dina ngalakonan hirup. Merangan Walanda moal ménta buruhan. Keur ngangkat bambu runcing moal aya istilah “ Uang Bensin” sagala. Bajoang teu mikiran kumaha isukan urang dahar, teuneung ludeung sok sanajan anu disanghareupan mawara bedil. Lain saukur ucap, tapi dibarengan ku laku. Ceuk Walter Lippman, tindakan jalma-jalma anu ikhlas ieu, anu bisa ngahirupkeun sumanget jalma-jalma letoy, hal anu mustahil bisa jadi teu mustahil. Contona: asa jauh langit ka taneuh, bangsa urang anu ngan saukur ngagunakeun bambu runcing bisa merangan Walanda anu marawa bedil, merieum, kapal tempur, tank baja, jeung bom. Tapi buktina? Bangsa Indonesia bisa ngusir Walanda. Ku kaikhlasan mah, ku ngucapkeun ALLAHU AKBAR ogé, jalma-jalma anu teu dahar sapopoé bisa ngawujud jadi singa di médan laga. Antukna, ceuk Lippman kénéh, lamun kaikhlasan geus jadi motivasi hiji bangsa: “Bangsa anu geus leungiteun kayakinan dina sagala hal téh bakal manggihan deui rasa percaya kana dirina sorangan.”
Lain Mama Haji Sulaeman wungkul meureun anu boga sifat éta téh, ogé diturutan ku rahayat séjénna, sok sanajan teu saeutik meureun dina zaman Walanda ogé aya bangsa urang anu nyokot untung tina énténg, ngakhiatan bangsa sorangan , ngajual harga diri ka panjajah keur kasenangan diri, kulawarga, jeung kanca-kancana. Indonesia bisa merdéka téh, bekelna ngan hiji, nyaéta Kaikhlasan, lain amplof, duit, uang bensin, Honor, jeung réa-réana deui. Lamun pragmatism geus jadi motivasi hirup, sing inget, Muhammad Iqbal pernah nulis: hiji bangsa anu diwangun dina luhureun pondasi pragmatism, sok sanajan di luhureunna jlug-jleg sakolaan, mall, sawalayan, pasar, tapi sabenerna éta bangsa téh keur aya dina léngkob nyerengkedong tur poék, suwung tina cai nyusu kahirupan. Sabab, taneuh anu ku urang ditincak, cai hujan anu ngaguyur bumi, emas anu ku urang dikeduk, lain warung, lain Toko, lain tempat jual beuli barang loakan. Tapi milik Anu Maha Kawasa.[ ]
Posting Komentar untuk "MAMA HAJI SULAEMAN"