ZAMAN KOLOR 10 REBU HIJI



Ceuk sawaréh jalma, hirup beuki dieu téh lain beuki alus, tapi kalah beuki ngagoréngan. Tangtu, ieu lain pamikiran anu dibulen ku sikep pesimis, atawa ngan saukur dialaman ku jalma-jalma anu boga nasib kurang alus. Dalah, jalma-jalma anu bisa disebut filsuf, tokoh agama, tokoh politik, jeung sastra ogé teu saeutik anu ngaku boh dina ucap atawa tulisan, lamun kahirupan di zaman ayeuna beuki mahabu ku kagoréngan. Goréng can tangtu salah meureun. Ngan lamun niténan kaayaan, beuki goréngna kahirupan téh meureun kusabab dicabutkan kaberkahan hirup ku anu Maha Kawasa.


Dicabutna kaberkahan hirup saluyu jeung mingkin patojainyahna kahirupan urang jeung aturan anu geus ditangtukeun ku anu Maha Kawasa. Kumawanina urang ngarempak kana larangan jeung atikan anu geus dikocorkeun ku karuhun urang salila ieu, anu jadi cukang lantaran lamun sagala hal anu aya patula-patalina jeung kahirupan dijauhkeun tina kaberkahan, ceuk basa agamana meureun: “ Ngarasa cukup ku anu geus aya, dicabut dina kahirupan ayeuna.” Bener, kaberkahan hirup teu ujug-ujug dicabut ku anu Maha Kawasa, da anu Maha Kawasa teu boga sifat dolim ka mahlukna. Ieu dilantarankeun ku leungeun urang ogé salaku manusa.


Hukum jeung aturan anu dijieun ku anu Maha Kawasa geus wani dirempak, komo deui kana hukum jeung aturan anu dijieun ku manusa. Saur Kanjeng Rosul, rusakna kahirupan umat-umat baheula lain dilantarankeun ku seuseutna ékonomi, jeung rongkahna kasarakahan, tapi dilantarankeun ku teu ditanjeurkeunna hukum kalayan adil jeung bener. Lamun hukum jeung suprémasina geus bisa diulin-ulin, dijual beulikeun, dijieun-jieun, di réka-réka, eta hiji tanda lamun jalma-jalma- utamana anu jeneng jaradi pangawasa- jeung rahayat anu ngeusian hiji nagara geus teu areucreug.

Urang, kaasup diri sorangan, sok boga rumasa pangbenerna nalika nyalahkeun lamun ieu nagara geus diacak-acak ku jalma-jalma sarakah, sedengkeun diri sorangan ogé can pati bener jeung jejeg ngalakonan hirup. Ngomong jeung nulis keur merangan korupsi  kacida gampang diucapkeunna , padahal diri sorangan masih ngalakonan korupsi kana waktu. Aturan hukum diapilainkeun, padahal anu nyieun téh urang sorangan. Ti mimiti réformasi nyukcuruk galur nagara, teuing sabaraha kasus hukum anu nepi ka ayeuna can beres jujutanna, lolobana mah dipeti-éskeun, anu katénjo lain beuki alis, malah beuki numpuk teu puguh, silih tindih, anu ieu can bérés geus disusul deui ku kasus séjén.

Seukeutna hukuman keur rahayat leutik lain béja jeung carita wungkul, mintulna nanjeurkeun hukuman keur jalma-jalma anu gedé lain catur tanpa bukur atawa dongéng ti nagara awing-awang, ieu bener pisan katénjo jeung karaba ku diri urang. Teu ditanjeurkeunna hukum kalayan adil jadi péstol anu sakeunana némbakan rahayat leutik.

Kaberkahan hirup, saeutik mahi loba nyésa, jigana ngan karandapan ku generasi-generasi saméméh urang. Disagigireun lemahna nanjeurkeun hukum, kayaan ieu ogé dipangaruhan ku abus jeung ditarimana  budaya-budaya deungeun anu teu sapagodos jeung nilai anu dipiboga ku urang. Kuring salaku urang Sunda, lain agul dumeh jadi urang Sunda, ngaku lamun salila ieu, budaya anu dimumule jeung diagul-agul ku urang lain budaya anu –ceuk Bung Karno mah-digali dari budaya bangsa sendiri.Urang leuwih agul ku budaya batur, lain dina ucap, tapi geus sumarambah kana kahirupan jeung réngkak paripolah urang.

Filsafat hirup urang geus ngagem filsafat babi, susuruduk kaditu ka dieu, teu nolih tincakeun, anu aya tunggul dirarud catang dirumpak, asal seubeuh kana beuteung sorangan, dapon engab teu nénjo bari nyabak haté sasama. Hédonisme anu sakuduna –ceuk Anaxagoras mah- bisa mawa manusa kana katenangan bathin jeung eaudamonia, dipéngkolkeun jadi hédonisme kasar, mak-mak-mek-mek, ngeupeul ngahuapkeun. Budaya permisif anu sakuduna narima budaya batur kalawan disaring heula, geus jadi budaya permisif ekstrim, naon baé tarima, bener salah, jeung balukarna kumaha engké.
Antukna, sakumaha hukum anu geus ditangtukeun ku anu Maha Kawasa. Sarakah bakal nimbulkeun karugian, boh keur anu sarakahna ogé anu disarakahan. Anu sarakah hirup beuki eungap ku naon anu dipimilik, sare moal pati tibara da ditindihan ku karung-karung anu dieusian ku koin-koin emas, anu disarakahan awak beuki leutik, beugang, kari tulang, da kurang dahar, anu aya sirah ngagedéan dipaké mikiran kumaha dahar engké soré.

Sagala mahal? Geus tangtu, sakola anu sakuduna dibiayaan ku pamaréntah, ayeuna dideudeutkeun ka rahayat. Baheula mah aya istilah: “ Kolor sarebu tilu..” da émang bener harga kolor téh nepi ka sarebu tilu siki. Ayeuna? Keur meuli kolor ogé jalma-jalma kudu ngaluarkeun kesang badag kesang lembut bari sili siku jeung papada. Padahal anu ngaranna kolor mah teu sapira da keur mungkus “taeun”. Lain nyapirakeun taeunna, da geus jadi rahasiah balaréa kabéh jalma boga taeun. Zaman ayeuna? Duit sarébu keur meuli benang ogé asa pamohalan bisa mahi. Paling dibeulikeun kana kembang gula, jeung na ogé asa pamohalan lamun aya jalma anu kumawani mungkus taeun ku kembang gula, atuh meureun dina enyana ogé geus pasti digembrong ku sireum. Ayeuna, urang geus abus kana zaman “Kolor sapuluh rébu hiji”  jigana mah.

Tah dina zaman “Kolor sapuluh rebu hiji mah”,  harga-harga lain morosot, tapi beuki nerékél paluhur-luhur. Euweuh dahar beurang anu haratis, lamun baheula mah hayang miceun ogé kari gog di kebon, ayeuna mah kudu lumpat ka WC umum, di kota-kota mah kudu mayar sagala apanan. Tong jauh-jauh ngabahas kumaha rongkahna iklim pragmatis, tingali baé tiap tanggal lima belas, kumaha ngantrina anu rék mayar telephone jeung listrik di BRI? Éta téh cacakan mayar, komo lamun narima mah, pegelek-gelek tangtu.

Hal anu dipkasieun ku kuring ngan pasti jeung geus kaalaman nyaéta Sasauran Kanjeng Rasul anu unina kieu: “Kaberkahan hirup moal dicabut nepi ka: loba awéwé jeung lalaki anu dicét buukna,jeung  anu ditato.  Ramalan Prophetik anu disaurkeun ku Rasulullah geus kabukti ayeuna. Cét keur ngabeureuman buuk dijual ti mimiti ku toko-toko swalayan nepi ka ku warung-warung di kampong, tato-tato geus jadi hal biasa. Da urang geus kasihir ku budaya batur téa. Niron budaya téh lain budayana wungkul, dalah nepi ka raga bungkeuleukan ogé kudu jadi mangrupa diri batur. Isukan mah jigana, nalika kabeh pangeusi urang Sunda geus dicét buukna , harga kolor téh lain sapuluh rébu hiji, tapi bisa ditukeran ku kahormatan, atawa sabalikna… keun baé teu dikolor ogé, anu penting buuk geus dipulas jadi beureum.

Kuring moal ngecét buuk, da dina hiji mangsa ogé bakal robah jadi bodas. Mudah-mudahan, kahareupna mah hirup bakal cageur sabihara-sabihari, bari moal aya jalma anu kumawani maké kolor dina sirahna, jeung na ogé sok sanajan harga kolor geus saratus rébu hiji, urang ulah coba-coba maké kolor dina sirah. Ngan jigana eta zaman bakal kaalaman, teuing ku saha.[ ]

Posting Komentar untuk "ZAMAN KOLOR 10 REBU HIJI"