NYAIMBANGKEUN HIRUP

Sumber Foto: Wikipedia

Ceuk sasaha ogé, waktu nu geus kalakonan ku sakumna manusa moal bisa balik deui. Moal bisa balik deui lain harti moal bisa dibalikkeun deui, da puguh kusabab dibéré ngaran waktu ogé sifatna nu sirkular,  henteu linear. Ngan nu jelas, nu moal bisa dibalikkeun deui téh, naon nu geus dipilampah ku manusa dina ngeusi waktu anu geus lumangsung éta; dipaké naon éta waktu, dieusi ku hal-hal naon éta waktu?

Lain arék mere ceramah, atawa rék mapatahan ngojay ka meri. Ieu saukur rék ngaguar tétéla kacida pisan loba hal anu saukudu ku urang dipilampah, dilakonan, tapi sakapeung asa teu cukup jeung jumlah waktu anu disadiakeun ku pangéran, lain sakapeung deui, tapi mémang sering. Nya, bener.. siga teu nyukuran kana waktu pan?

Kamandang jalma kana waktu geus tangtu béda-béda. Keur jalma anu aya di wewengkon Beulah kulon, waktu téh duit cenah, time is money.  Maranéhna mere interprétasi lamun waktu sifatna linear, kamari, ayeuna , jeung isukan. Nu jadi titik panggeuingna, kusabab waktu ngan aya tilu diménsi, kahirupan kacida lebar jeung nyaah lamun saukur dieusi ku hal-hal anu teu bisa nyukupkeun jasad atawa ragawi urang salila kumelendang di alam dunya.

Dadasar pamikiran éta nu ngajadikeun materialism napak tur dijadikeun idéologi dasar jalma-jalma anu aya di wewengkon kulon. Udaganna, poé ieu pisan, kiwari pisan urang kudu bisa metik kembang-kembang. Ieu mawa pangaruh kana méntalitas logis. Sagala rupa teu bisa didasaran kumaha bréhna, tapi kudu ngaliwatan sababaraha runtuy sikep. Dipertélakeun ku hasil nu kudu bisa ditarima ku nalar jeung uteuk.

Ku cara kitu, aya alus jeung goréngna. Alusna, pamadegan samodél kitu ngajak ka balaréa sangkan hirup sportif, ngagedékeun kumaha cara bajoang nyukupkeun diri, need for Achievment, pangabutuh nu sakumaha disebutkeun ku Maslow teu saukur nyumponan urusan beuteung ka handap, tapi geus nepi kana pikiran kumaha carana sangkan hirup teu susah.

Goréngna, lamun pangabutuh-pangabutuh saperti anu disebut tadi teu diimbangan ku pangabutuh séjén, saperti cukup jeung ngarasa bagyana hirup lain saukur lamun geus kacumponan sagala hal nu kadeuleu jeung karampa ogé ti satukangeun éta aya hal anu leuwih (supra-natural), bakal mawa jalma kana sikep sarakah, adigung, jeung asa aing uyah kidul.

Kusabab kitu, sangkan hirup di dunya téh saimbang, maka pamikiran model urang kulon diimbangan ku jalma-jalma anu aya di wewengkon wétan dina nénjo jeung ngahartikeun waktu. agama-agama samawi jeung budaya nu sajati loba diturunkeun ku pangéran di wewengkon wétan. Malah para nabi mah saolah geus jadi stok hiji bangsa (Israel). Para nabi ku pangajaran proppétikna mertélakeun lamun hirup jalma lain saukur di dunya. Aya kahirupan anu leuwih utama, nyaéta alam sanggeus urang dipunut ku pangéran.

Malah dina kayakinan Hindu jeung Budha mah, lamun manusa dina sajeroning hirup di dunyana teu eucreug, dina maotna ogé moal ngalaman moksa. Jalma samodél kitu bakal dibalikkeun deui ka alam dunya keur ngalakonan réinkarnasi di kahirupan anu ka-dua.

Dua idéologi tadi sabenerna teu silih salahkeun anta matérialisme jeung téosentrisme, justru silih cukupkeun lamun urang bisa narima duanana kalawan mikir nu jero, lamun urang salaku jalma mangrupa mahluk nu merlukeun dahar, nginum, bagya, jeung katenangan. Kacida salah, lamun dua kamandang tadi diadukeun, saolah nu ieu mah milik urang anu itu mah milik batur, nu ieu mah ti Pangéran anu itu mah ti Iblis. Bisi, urang kagoda ku pangakuan diri sorangan, lamun urang geus boga hak keur nempatan sawarga. Bisi urang jadi sombong, miboga pikiran – urang téh kumpulan jalma anu pang beresihna, berséka jeung suci. [ ]

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "NYAIMBANGKEUN HIRUP"