P E R A N G


Sumber Photo: Wikipedia

Perang? Arék dibasa Inggriskeun Battle atawa War, substansina mah ampir sarua. Marebutkeun hiji hal, arék kayakinan atawa hal anu katénjo ku panon lahir. Ngeunaan perang anu aya patula-patalina jeung kayakinan atawa idéalisme, pamikiran, konsép, idéologi, geus dimimitian ku Iblis nalika ngucapkeun janji, arék ngamusuhan bangsa manusa, arék ngajak manusa ka jalan anu méngpar tina Jalan lempeng. Ku diproklamirkeunna ieu, waktu jumlah jalma masih kaitung ku ramo leungueun ogé geus bener-bener nganyata, lamun proklamasi Iblis arék merangan jalma téh lain bohong, atawa ngan saukur “Gertak Sambal”, kusabab ambek pédah kasilih ku Nabi Adam waktu di Sawarga.


Cara mikir jalma – utamana urang anu boga pamikiran modérn- bisaana teu linéar. Tapi nurutkeun kana péta konsép anu kabagi kana sababaraha jalur. Ceuk logika linéar mah, jalma asal-muasalna téh sakaruhun, nabi adam jeung Siti Hawa. Meureun anak-incu Nabi Adam jeung katurunanna sakuduna mah sauyunan, sagulung-sagalang, sapamikiran. Da indung jeung bapa sarua. Éta ngan saukur dina wates kahayang, jeung pola pikir linéar.


Tapi dina prakna kahirupan, kusabab potensi-potensi anu dipimilik ku Jalma lain saukur insting jeung nafsu – béda jeung sato-, mimiti sajarah kahirupan jalma ogé, jalma geus ngarancabang kana dua pamikiran. Anu napak tilas kana pamikiran Adami, salaku kawajaran manusa anu tuhu kana ajaran Allah, ogé aya anu napak tilas kana hawa nafsuna sorangan, égois, jeung égosentris. Karuksakan anu pangheulana dijieun ku jalma lain nanaon, nyaéta maehan sasama jalma. Lain sasaha deui, tapi dulur sakandungan. Taneuh dimandian ku ngocorna getih.

Sajarah anu diébréhkeun ku sababaraha Kitab Suci- utamana Al-Quran- méré hiji béja, anu bentukna pangéling-éling atawa panyarék, lamun perang jeung resep béda téh mangrupa tabéat bawaan manusa. Bédana, kadar mana anu leuwih gedé, naha égois atawa handap asorna. Alamiah pisan, kahirupan di alam dunya ieu mémang geus jadi hukum Allah kabagi kana papasangan. Kitu ogé keur kahirupan jalma, budaya anu sifatna fisik atawa idé kabagi kana dua bagéan. Diaku atawa henteu, sok sanajan geus aya hiji téori anu arék ngawatesan, antara dua kutub ieu. Ngan keukeuh, masing-masing kutub ngébréhkeun hiji pasoalan anu sajati, hayang nanjeurkeun bebeneran.

Perang kayakinan, ieu perang anu dialaman ku jalma. Urang arék mosisikeun diri aya di Beulah mana.Ka- Hiji, dina wahyu-wahyu Allah, aya golongan anu disebut Nabi, Rasul, jeung anu satia kana ajaranna. Ieu golongan anu nanjeurkeun bebeneran Kailahian, bener lain saukur ceuk akal jeung pikir atawa hawa nafsu, tapi diloyogkeung jeung wahyu.

Ka-dua, jalma anu boga kayakinan sorangan, lamun bebeneran téh éstu kudu nurutkeun kana kahayang manusa, humanisme, puseur kakawasaan kahirupan nyaéta jalma, hadé jeung goréngna ditangtukeun ku ikhtiyar jalma. Wahyu teu mawa pangaruh gedé dina nangtukeun kahirupan, euweuh ulubiungna Pangéran dina mangaruhan kahirupan, pangéran ngan saukur halusinasi jalma-jalma anu teu boga pangabisa keur ngawujudkeun kahayangna. Tapi anu jadi anéh, maranéhna keukeuh baé nyiptakeun pangéran anyar  ; kakawasaan, simbol-simbol, jeung pamikiran jalma.

Sajarah kanabian teu leupas dina ieu hal. Nabi-nabi anu ngajak jalma kana jalan lempeng, kudu nyanghareupan mayoritas jalma anu ngajak ka kaumna ka jalan anu lempeng ceuk vérsi akal maranéhna. Nepi ka ayeuna, antara ajaran ti Pangéran jeung ajakan ti Iblis silih éléhkeun. Tarékah anu mimiti diharéwoskeun ku Iblis , keur mémgparkeun jalma nyaéta ku ngajak jalma kana wani ngarobah ayat-ayat Pangéran. Ayat-ayat murni Pangéran dirobah ku leungeun-leungeun manusa anu mémang waktu harita boga kapasitas jeung dijadikeun inohong-inohong séntral keur ngaheuyeuk masarakat. Ajaran anu asalna hiji jadi ngarancabang. Boga vérsi séwang-séwangan.

Golongan oriéntalisme ngagugulung kitab-kitab Suci lain keur néangan bebeneran, tapi keur néangan kalemahan-kalemahan dalil anu aya dina kabéh Agama. Kaceuceubna geus pasti kana Islam, agama anu dibawa ku para Nabi. Sababaraha dalil ngeunaan perang dijadikeun alesan lamun Ajaran Islam maténtah ka umatna keur nanjeurkeun perang, silih kocorkeun getih, bari manéhna teu maca sajarah manusa kalawan holistik. Teu kudu ngabanding-banding Quran jeung Kitab-kitab anu séjén, da lain bandingkeuneun. Ajaran Pangéran mangrupa wahyu lain konsép perang.

Bijilna pamikiran lamun jalma aya di dua kutub anu patukang tonggong téh kusabab konsép anu datangna ti Pangéran dijadikeun pamikiran anu ngandung perang, konsép ancaman. Padahal, Pangéran dina wahyu-wahyuna teu ngaguar ayat anu ngébréhkeun kakeuheul ka jalma, terus ajakan kudu ditanjeurkeun bari ngacung-ngacung pedang. Béda jeung ajaran anu kaluarna tina hawa nafsu, ékspansi keur ngajajah daérah-daérah jajahan disebarkeun ku binih kaceuceub, jutaan nyawa manusa leungit. Karajaan Romawi jeung Persia keur ngadegkeun kakawasaan lain saukur nyebarkeun ajaran jeung pamikiran wungkul, ogé dibarengan ku ngajak paksa jalma sangkan percaya kana kayakinan agama anu diagem ku karajaan harita. Térorisme ieu anu ku Rasulullah kudu diamputasi, da ieu mangrupa panyakit masyarakat harita. Ku para oriéntalis dihartikeun, lamun Ajaran Allah anu diwahyukeun ka Rasulullah ogé sarua baé, nyebarkeun konsép perang.

Ditambah ku téori: Survival For the Fittest-na Darwin, lamun dunia ieu mangrupa médan laga keur seléksi alam, saha anu kuat éta anu bakal tetep éksis. Kakuatan jalma, kusabab konsép anu diagemna konsép anu patukang tonggong jeung ajaran Pangéran geus pasti ngan diukur ku akal jeung fisik jalma. Anu bakal jadi pangawasa jeung naklukkeun papada téh, lamun teu kuat akalna/licik, nyaéta jalma-jalma anu kuat fisikna. Ukuran saha anu kuat jeung saha anu lemah diténjo ku téori évolusi, nyaéta ngeunaan tingkatan jalma, ras mana anu geus sampurna, jeung ras mana anu masih kénéh aya dina fase arék ngarubah wujudna jadi jalma anu sampurna, ukuran detilna nyaéta warna kulit. Jalma anu kulitna hidéung sok sanajan pinter tetep baé aya di sahandapeun jalma anu kulitna bodas. Nepi ka ayeuna konsép jeung téori rasisme ieu tetep aya, tong jauh-jauh, iklan kosmétik masih dipangaruhan kuat ku rasisme, sanajan geus ganti kedok anu asalna: Kulit Hitam jadi kana Kulit Kucel.

Jadi, para évolusionis nyebut, lamun perang ieu mangrupa hal anu wajar jeung alamiah, moal bisa disinglarkeun dina kahirupan manusa.

Sedengkeun ceuk ajaran wahyu, kahirupan manusa lain didasaran ku Survival For The Fittest ku silih hakan siga sato. Tapi didadasaran ku fastabiqul-khairat, pabisa-bisa jeung pahela-hela dina bener. Antukna, aya jalma anu nanjeur jeung aya jalma anu can kabagéan peran penting  dina kahirupan ieu, da ditangtukeun ku sakumaha gedéna ikhtiyar ti éta jalma. Anu keur nanjeur teu dibenerkeun sombong bari umaku jeung nandasa kanu can boga peran penting dina kahirupan, tapi… dina hiji waktu, peran manusa bakal diganti, silih ganti.

Pamikiran ti golongan anu séjén ku ajaran Wahyu lain dihartikeun hiji ancaman, tapi mangrupa panggeuing sangkan urang leuwih inténs dina nanjeurkeun bebeneran cek Wahyu, Haté, Akal, Pikiran. Dunia bakal bérés-roés, lamun kabéh jalma ngarti kana peran jeung apal kana posisi dirina. Jalma anu séjén, sok sanajan béda pamikiran jeung urang, lain hartina mangrupa hiji ancaman anu bakal nyépak kana éksisténsi urang, tapi kudu dihartikeun médan keur fastabiqul-khairat. Saha manusana anu embung hirup sauyunan, lamun lain jalma anu teu cageur pikirna mah?

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "P E R A N G"