Lain saukur kudu digugulung anu ngaranna waktu téh, da puguh jalma mah teu bisa pisah kahirupanna tina ruang jeung waktu. Kajaba ti éta, kudu dirawat, dijaga, sangkan waktu teu jadi hal anu baris ngurung urang dina hiji kaayaan. Teu saeutik jalma anu hirupna kabeungkeut ku alam anu geus kasorang, ogé loba jalma anu hirupna kabeungkeut ku sahariataeun, malah loba pisan jalma anu hirupna kacangreud ku zaman anu can kungsi ka sorang, rék ku zaman baheula anu kabaca dina lambaran-lambaran sajarah kahirupan, ogé ku zaman anu baris kaalaman teuing iraha.
Di sisi beulah katuhu, jalma resep ngagulkeun zaman baheula, ngeunaan kumaha hébat jeung digjayana karuhun urang. Di sisi beulah kénca loba jalma anu resep ngawang-ngawang yén kaayaan zaman téh baris tibalik bari ngan saukur ngabibita sorangan ku hiji histeria sosial ngeunaan baris binangkitna deui kajayaan anu geus tilem teuing di sagara mana.
Anu kudu diébréhkeun kalawan daria, salah sahijina nyaéta ngeunaan Turning-Point of Civilization, titik balik peradaban. Teu bisa dipisahkeun kahirupan manusia jeung sajarah anu jadi asal-muasal robahna mangsa, robahna cekelan hirup, jeung ngagésérna idéologi anu dijadikeun papagon kahirupan ku hiji bangsa, nagara, ogé dunia. Disebut ” titik balik peradaban”, sabab kahirupan manusa lain saukur ditangtukeun ku diigelkeunna jalma salaku wayang ku Alloh, fatalisme saukur ngaragap kana wilayah-wilayah tangtu nu teu bisa disinglar ku ikhtiar. Ikhtiar manusa salaku mahluk sosial ieu nu jadi cukang lantaran ayana Turning Point of Civilization. Ceuk basa kasarna mah, sajarah manusa téh dicekel ku sing saha baé anu bisa nyekel ieu kahirupan.
Lamun lolobana jalma anu ngeusi ieu alam dunya ngabéjér béaskeun, ngeunaan idéologi anu dicekelna poé ieu nyaéta athéisme, teu percaya kana ayana pangéran jeung hal-hal anu transendental dina kahirupan, ieu teu bisa dipisahkeun kumaha beuki mahabuna jalma-jalma anu ngajadikeun agama salaku alat keur nyumponan cita-cita jeung tujuan utamana, hegémoni kakawasaan. Gramci, anu ngarasionalkeun sikep-sikep kaagamaan malah asup kana jurang athéisme kusabab ceuk dirina, hégémoni kaum théisme dina sajarah kahirupan teu bisa dijadikeun alesan lamun agama dihartikeun hal anu datang tur numpur ludeskeun hal anu béda. Nu jelas, lamun niténan kahirupan, ti zaman Raja Hérodés nepi ka abad pertengahan, kakawasaan agama anu dijieun alat ngan ukur bisa meungkeut jalma dina fantasi kailahian, perang kalawan pangbibita sawarga, jeung maténi sing saha baé anu teu loyog jeung agama (kaum kafir).
Ngan kacida teu adil, lamun saukur ningali hiji sajarah. Kusabab anu disodorkeun ku Gramsci saukur niténan sajarah kakawasaan Paus jeung institusi Gereja, anu teu bisa dipisahkeun jeung hégémoni kakawasaan politik. Geus jadi rusiah umum, kayakinan Kristen awal diasupan kalawan ngahaja ku hégémoni kakawasaan Romawi, buktina, teu saeutik simbul-simbul anu sakuduna disinglar, malah dina Injil ogé disebutkeun, malah dijadikeun simbul suci anu dimuliakeun. Antukna, kakawasaan politik teu bisa dipisahkeun jeung kayakinan anu diagem ku lolobana rahayat hiji nagara. Tong jauh-jauh, Israél hiji bangsa anu leutik bisa nalukkeun bangsa-bangsa Arab kusabab naon, maranéhna wani mintonkeun hégémoni kakawasaan politik (zionisme) kalawan ngajadikeun agama minangka alatna.
Tapi, sajarah geus méré béja ka urang, Turning Point of Civilization samodél kitu, nalika agama dijadikeun alat keur ngalanggengkeun tujuan, anu baris katingali nyaéta beuki rongkahna dalil-dalil agama anu disalah tafsirkeun, agama anu sajatina kudu jadi résistor balahi malah jadi sabab utama bijilna perang jeung pacogrégan di dunia. Ku ayana modél kieu, ngabalukarkeun kaluarna pikiran nyakompét-daunkeun kana agama bral ka alam dunya. Taun 1970-an lolobana jalma di Barat geus teu percaya deui lamun agama bisa jadi résistor jeung obat anu bakal nyageurkeun masalah-masalah dunya. Hégémoni, dicokot ku jalma-jalma anu teu percaya kana ayana kaalusan ku jalan ngagem hiji kayakinan. Liberalisme mimiti mahabu. The New World Order anu dibaladah ti taun 1800-an geus sirungan nalika rasa kasieun tumiba ka para generasi anu geus nincak umur 50-an.
Daék teu daék kabéh kagusur ku éta kaayaan. Tong jauh-jauh, dina hiji waktu lamun urang muka facebook, berita online, geus tangtu sanajan teu dihaja ogé urang bakal nénjo anu ngaranna kélék awéwé, bitis jeung pingping awéwé. Anu saur Rasul mah,” dina zaman akhir, sanajan urang teu ngalakukeun kajahatan, ngan ari lebuna mah pasti kabagéan.” Nu paling mahiwal, Turning Point of Civilization ieu disanghareupan ku urang kalawan maké métode-métode anu sarua jeung batur, basa garihalna mah kucara nyonték kanu geus aya, agama diaduk-aduk jeung kapentingan-kapentingan sahariataeun. Alesan utamana, keur ummat Islam, seja nanjeurkeun Islam anu Kaffah, paripurna.Atuh ari kitu carana mah sarua baé seja najeurkeun hégémoni kakawasaan politik ku nginjeum kayakinan.
Dalil utama “ Yaa Ayyuhalladziina Aamanudkhuluu Fis-silmi Kaaffatan” didérivasikeun saukur nepi ka wates anu katénjo ku panon lahir. Teu dituluykeun kana, “ Walaa tattabi’uu Khuthuwaatisy- syaithaan”. Réka perdaya substansi kajahatan. Meureun, nerapkeun hji kayakinan ogé bisa jadi salah lamun saukur ngagugulung naon anu katénjo ku panon lahir wungkul mah. Hal anu mutlak, pangna digunakeun kecap “Silmi” nu dipiheulaan ku kecap “fii” ogé lain saukur asup kana hal anu kasat mata, raga badag, ogé kudu asup kana substansi, ruh, jeung intisarina. Cindekna, lamun kusabab agama dina diri jalma bijil kaceuceub ka nu séjén kucara nyebut kafir nepi ka nékad maténi jalma, geus bisa dihartikeun éta lain hiji hal anu asalna tina agama, da agama teu ngajarkeun kumaha carana maéhan sasama. Atuh meureun, urang téh saruana wé jeung jalma-jalma anu aya di Beulah ditu.
Kudu Kumaha?
Anu jelas, Turning Point of Civilization mangrupa hal anu mutlak, teu bisa ditolak, hiji kaniscayaan dina hirup. Sili gantina peradaban mangrupa évolusi kahirupan manusa. Kudu disanghareupan kalawan seurieus ku maké cara-cara anu surti. Dina cai susukan anu kotor ogé jalma bisa nyokot hiji hal anu mangfaat. Tapi kahirupan kudu dibebener pan? Bener, ku cara anu bener. Lain saukur ku ngeupeulkeun leungeun terus nonjok ka batur. Sabab, batur bisa malik ngagugat ka urang. Siga kieu: Saha sabenerna anu leuwih téroris, Amerika jeung kanca-kancana atawa jalma-jalma anu dianggap fundaméntalis? Tapi tuduhan asup kana ranah rékayasa, hiji hal anu teu dikanyahokeun ku mayoritas Ummat, nalika dibruk-brakkeun ogé teu saeutik anu ngomong: Ahh, moal enya?!
Iqro (baca) tuluy Qum (ngadeg). Éta pisan anu dipiharep. Kabéh ogé keur ngusahakeun meureun, ku mazhab, cara, jeung stratégi nu béda ngan tujuanna sarua, anu ulah téh, nyieun hégémoni kayakinan keur usaha ngalanggengkeun kakawasaan politik. Naha salah? Kacida pisan salahna, sabab para Rasul ti mimiti Nuh A.S nepi ka Rasulullah S.A.W teu nerapkeun ajaran samodél kitu lamun lain urangna sorangan anu kapangaruhan ku “Titik Balik Peradaban” anu dipinuhan ku rupa-rupa rékayasa. [kang warsa]
Posting Komentar untuk "Turning Point of Civilization"