Sajarah “Peradaban” manusa ibarat drama. Bisa disebut hiji amphitéater raksasa. Prologna kacida penting dicatet. Keur jalma anu boga kayakinan agama, sajarah kahirupan dimimitian ku dipindahkeunna Nabi Adam ti sawarga ka Alam dunya. Ku pamikiran anu ngungudag kana téori positifisme, hal samodél kieu téh kacida transéndén, un-logic, teu kaharti ku akal, ditolak kalawan ilmiah. Teu bisa aya anu ngajelaskeun , rék ku téori basajan atawa modérn, lamun Nabi Adam jol-jol jadi jalma déwasa. Teu ngaliwatan tahapan-tahapan kahirupan ilaharna urang- katurunanna. Anu matak, keur golongan ieu mah, prolog kahirupan jalma téh dimimitian ku hal-hal anu kabeneran baé ayana. Ayana alam, manusa, jeung eusi-eusina éstuning teu diciptakeun ku sasaha, tapi ngawujud kitu baé.
Kusabab kahirupan jalma téh ibarat drama, prolog kahirupan ieu kacida boga peran penting keur carita-carita anu saterusna. Lamun prolog hiji drama alus, pikabitaeun anu lalajo, biasana ieu mangrupa hiji tangtangan keur anu lalajo kudu méréskeun ngalalajoan drama nepi ka réngsé. Tapi, anu ngaranna prolog kahirupan lain hiji hal anu ngarancabang kaditu ka dieu, panjang bari teu jelas. Kudu jelas. Hartina, prolog kahirupan manusa, rék salaku individu atawa kelompok sosial masyarakat, mangrupa hiji hal anu bisa dibentuk, diciptakeun, dijieun ku urang. Ieu anu ngaranna free-will.
Kusabab kahirupan jalma téh ibarat drama, prolog kahirupan ieu kacida boga peran penting keur carita-carita anu saterusna. Lamun prolog hiji drama alus, pikabitaeun anu lalajo, biasana ieu mangrupa hiji tangtangan keur anu lalajo kudu méréskeun ngalalajoan drama nepi ka réngsé. Tapi, anu ngaranna prolog kahirupan lain hiji hal anu ngarancabang kaditu ka dieu, panjang bari teu jelas. Kudu jelas. Hartina, prolog kahirupan manusa, rék salaku individu atawa kelompok sosial masyarakat, mangrupa hiji hal anu bisa dibentuk, diciptakeun, dijieun ku urang. Ieu anu ngaranna free-will.
Kahirupan jalma salaku individu geus pasti dimimitian ku hiji prosés. Prosés ngabentuk prolog ieu anu kudu saluyu jeung drama anu baris dijieun ku urang. Kusabab basa anu digunakeun ngeunaan free-will, di mana manusa boga peran utama dina ngarobah dirina, lain hartina Pangéran teu kumawasa kana kahirupan urang, tapi ngeunaan nasib, jalma bisa ngarobah ku leungeunna sorangan. Kahirupan manusa salaku individu geus tangtu aya pakuat-pakaitna jeung fase-fase kahirupan. Kandungan-orok-budak-rumaja-déwasa-aki-aki atawa nini-nini. Lamun seug ngagunakeun hal transéndén mah, fase-fase kahirupan jalma téh, Azali, Kandungan, Dunya, Barzah, akhérat.
Fase- fase kahirupan ieu anu jadi hal penting dina ngawangun karakter carita drama kahirupan. Ti mimiti dina kandungan, minangka prolog kahirupan jalma salaku individu kudu geus dimimitian ku hal anu alus. Ieu anu ngalantarankeun kumaha hébatna Ulama-ulama Salaf, da geuning lamun maca sajarah mah, anu jaradi kolotna teu wani méré kadaharan anu teu jelas asal-usulna, teu halal, haram, nalika éta para ulama salaf dikandung ku anu jadi indung. Ibnu Hajar, contona. Aya hiji sajarah, ceunah pangna disebut Ibnu Hajar, Anak Batu, kusabab nalika dikandung, anu jadi indung boga sikep siga batu, tara ngumbar ucapan kaditu kadieu, tapi salila ngandung, manéhna teu wéléh ngadeukeutkeun diri ka anu Maha Kawasa. Konsép Parénting ogé teu saeutik ngaadopsi hal anu basajan ieu.
Tah, kusabab prolog anu dijadikeun ku Indung Ibu Hajar samodél kitu, antukna kahirupan, carita kahirupan anu jadi budak téh dipinuhan ku hal-hal anu pikaresepeun lamun dilalajoanan.
Ieu pisan anu disebut free-will. Ngan geus tangtu di satukangeun éta urang ogé percaya kana predestinasi, yen Pangéran anu boga skénario kahirupan, anu boga peran penting mah. tapi, lain hartina urang téh salaku wayang, anu dikitu-kieu ku dalang cicing baé. Bener, dalang anu bisa nyiptakeun lamun Arjuna ngadadak bisa jadi jalma jahat, sarakah, haus kakawasaan, tapi urang kudu percaya, kahirupan manusa téh pilihan. Anu matak Allah SWT ngadawuh, “Kami, geus nunjukkeun dua jalan!” Penting dicatet, dina ayat ieu, Allah SWT ngagunakeun kecap nunjukkeun, boga harti lamun hiji hal teu leupas tina sabab jeung akibat, dua jalan mangrupa fasilitas ti Pangéran anu baris disorang, jeung urang tinggal milih rék jalan mana anu baris dilsorang.
Manusa Salaku Kelompok Sosial Masyarakat
Kitu deui keur ngawangun hiji masyarakat. Prolog drama kahirupan ieu kacida penting. Masyarakat anu alus geus pasti diwangun ku sababaraha individu anu alus. Alus jeung hadéna kahirupan hiji masyarakat lain ditangtukeun saukur ku cukupna matéri anu dipiboga ku éta masyarakat. Tapi, kahirupan anu dipinuhan ku kaalusan, silih tulung jeung papada. Kusabab kaalusan, sikep altruis, soméah, jeung poténsi –poténsi kaalusan anu séjénna lain mangrupa warisan, tapi kudu diciptakeun ku urang, ku hiji Kaum atawa masyarakat. “ Kaalusan teu diwariskeun kalawan génétika ti hiji generasi ka generasi anu saterusna” Kitu Ceuk Walter Lippman. Ku urang kudu diwangun. Kusabab dipangaruhan gedé ku individu, mangka bakal aya dua bentuk masyarakat. Masyarakat anu alus, dieusi ku individu-individu anu alus. Masyarakat goréng dieusi ku individu-individu anu goréng.
Individualism méré béja, lamun kahirupan jalma téh éstuning ajeg séwang-séwangan, teu boga peran penting keur ngaheuyeuk masyarakat. Kahirupan anu ditempokeun ku jalma kudu séwang-séwangan, ngapi lainkeun kana éksisténsi anu séjén. Teu boga pamadegan lamun sikep individu bakal ngarobah kana tatanan masyarakat. Machiavelli, bisa jadi dianggap hiji barang anu haram ku golongan agamawan, pedah dina Il Prince ngébréhkeun kumaha pentingna individu dina meunangkeun jeung ngagunakeun kakawasaan. Di zaman renaissance, manéhna ngébréhkeun lamun individu téh mangrupa hal anu pang pentingna dibanding kakawasaan hiji nagara. Nagara kuat. Masyarakat kuat,la Stato, moal bisa ngéléhkeun individu anu kuat. Ieu mangrupa pamikiran individualism anu dijadikeun référénsi ku kaum liberal.
Aya ogé anu boga pamadegan, lamun masyarakat anu leuwih utama disbanding individu. Justru sabalikna, masyarakat anu ngatur kadali individu. Hadé jeung goréngna individu ditangtukeun ku hukum anu dijieun jeung diagem ku masyarakat. Individu ngan saukur éntitas dina kahirupan masyarakat, da masih kénéh loba éntitas-éntitas anu séjénna. Masyarakat kudu dibéré harti anu lega, lain saukur kumpulan individu, da jalma mah lain saukur sato. Karl-Marx jeung Angel méré pamikiran kieu. Individualism moal bisa mawa kahirupan masyarakat kana kahadéan, da dina diri jalma aya hiji hal anu teu bisa dijelaskeun, mana anu bakal leuwih unggul, kasarakahan atawa kaqonaahan. Sajarah ngabuktikeun, individu-individu anu méré ngaran dirina salaku agamawan, keus ngaruksak kahirupan masyarakat Eropa dina zaman Dark Ages. Jadi konsép penting keur ngatur kahirupan mah euweuh lian, iwal ti konsép anu miceun jauh-jauh hak milik individu. Sabab, kapentingan individu bakal mawa cela kana kahirupan nagara. Ayana korupsi, kolusi, jeung kasus-kasus gedé lainna, mangrupa hiji kasarakahan individu anu boga hasrat , kahayang ngabogaan sagala sumber daya anu ulah dipiboga ku anu séjén.
Dina zaman Dark Ages , kahirupan anu disetir ku individu-individu anu ngaku salaku agamawan geus méré hiji tanda penting. Ceuk kelompok Atéihs mah , “ Pangéran keur reureuh!” Ka béh dieunakeun diproklamirkeun ku Nietzche, “ Pangéran Geus Perlaya”.Pangéran reureuh? Sistem anu diwangun ku Pangéran hiji sistem anu maha dahsyat, Maha canggih. Dark Ages teu ujug-ujug jol, tapi dipangaruhan ku generasi saméméhna. Runtuhna Kakaisaran Romawi, individu-individu anu biasa hirup dina bunderan kakawasaan, sagala cukup, keukeuh baé paternalistik anu ngagem féodalisme teu leungit. Umaku,Post Power Syndrome, tah kelompok anu geus diruntuhkeun ieu, kudu nyokot deui kakawasaan anu geus direbut. Anu ngarebutna, nyaéta kakawasaan garéja, anu diluluguan ku Paus.
Euweuh anu disebut jalan alternatif dina kahirupan mah. da patokanna geus jelas, Hadé jeung Goréng. Ayat anu nangtang ka urang ngeunaan rék jalan mana anu bakal kuurang disorang nyaéta, “ Faaiynamaa Tadzhabuuna?” Mangka rék kamarana maranéh indit? Prolog drama kahirupan manusa, hiji pananya anu kudu dilenyepan. Rék Kamana Urang Indit?
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "FA AYNA TADZHABUUNA?"