Mangsa beuki ngangsreug, beuki maju. Nu asalna teu kapikiran bakal aya, ayeuna kari-kari ngabukti dimana-mendi. Jalan beuki laleucir, wangunan diadegkeun di sisi-sisina. Tegalan nu biasana dipaké ngapungkeun langlayangan ayeuna geus diganti ku wangunan dua tingkat. Mangsa ka tukang anu geus kasorang can bisa ngabayangkeun lamun jaman ayeuna geus mahabu ku mangrupa barang éléktronik. Hal nu asalna dianggap mustahil, pamohalan aya, ayeuna geus ngawujud. Geus tangtu keur sawaréhna kolot nu teu ngabayangkeun lamun jaman geus kacida ngangsreugna bakal miboga sikep kagét, ceuk elmu sosial mah "cultural shock!".
Balandongan wétan, disebut wétan pédah éta wewengkon pernahna aya wétaneun Balédésa, dina taun 1980-an sok disebut lembur naringgul. Ceuk Aki pituin, disebut naringgul téh pédah jalan aspal di éta wewengkon geus barohak, tataringgulan. Sumawona jalan Balandongan Kidul mah, mangsa harita can dibalay-balay acan, teu tataringgulan, leucir, lain leucir kusabab aspal tapi kusabab jalanna masih kénéh taneuh. Leubah landeuh Balandongan Wétan aya hiji lapang Gedé, lapang taneuh beureum.
Éta lapang, asal-muasalna mah lain lapang, tapi kebon jeung kuburan para jawara baheula. Dina taun 1984 dibukbak sakabéh tangkal, tegalan tempat barudak harita moro puyuh diratakeun ku Beko. Teu kungsi lila, éta tegalan jeung kuburan téh jadi lapang Gedé. Aya maksud nu tangtu, pangna éta tegalan dibukbak, ceuk satadina mah arék dijieun Perumahan. Sataun sanggeus disulapna tegalan jadi lapang Gedé, di sisina dijieun sababaraha suhunan. Ngan, nepi ka lima malahan sapuluh taunna, teu kungsi ngawujud niat Pengembang keur nyurup maksudna. Perumahan teu ngajadi.
Anu jadi bukti mah, urang Balandongan dina taun 1980-an ujug-ujug boga lapang Gedé. Lapang taneuh beureum anu sok dipaké maraén bola teu ku pamuda ogé ku barudak, malahan kolot ogé sakapeung mah sok paripilueun najongan bola sok sanajan kokorédeun dina najong bolana ogé. Ku guru ORKES (Olah Raga dan Kesehatan), sok dijadikeun tempat maén bal barudak SDN Sudajayahilir I jeung II. Brul barudak sakola muru lapang.
Sakuriling lapang Gedé dipinuhan ku tangkal eurih. Ku urang dinya mah beulah kaleureun jeung kuloneun lapang sok dipelakan ku sampeu, boléd, bangkuang, jeung tangkal séjénna. Atuh, barudak lengger mah asa dibagyakeun ku dipelakna tatangkalan téh, bérés maén bal, langsung nyirung, ngagali taneuh, ngukuy, ngoréhan boléd nu karék beutian. Kiduleun lapang, aya cai nyusu, ngagenyas hérang, bérés maén bal, barudak sok langsung nginum dina éta cai nyusu. Aya ku héran, dina usum halodo ogé asa can pernah ngalaman saat éta cai nyusu, éstuning ngagolontor baé. Komo wétaneun cai nyusu, aya hiji kulah, caina hérang pisan, sok dipaké mandi ku urang Balandongan Wétan. Ceuk carita, kulah nu dipinuhan ku cai hérang téh ngajadi akibat bom (merieum) anu dibeledugkeun ku Walanda dina taun 1930-an.
Dina Bulan Agustus, lapang Gedé sok dijadikeun tempat lomba maén bal, ti mimiti Domba Cup nepi ka Hayam Cup, ku sakur jalma anu aya di sabaudeureun éta wewengkon. Tiap soré, sisi lapang dipinuhan ku anu lalajo maén bal. éak-éakan, ger-geran mere dukungan ka Kesebelasan nu didukungna. Ngan orokaya, ari maén bal di kampung sok diimplik-implikan ku papaséaan. Bener, teu jauh beda lamun urang lalajo maén bal Indonesia, sok dipapaesan ku olah raha karate atawa silat. Kajadian dina taun 1990, teu nginjeum panon, kumaha buk-bekna urang Balandongan jeung urang Sudajaya. Malahan aya anu kapaéhan sagala kusabab diteunggeul ku tanggkal sampeu.
Dina waktu-waktu anu tangtu mah, di lapang Gedé sok aya kariaan. Korsél atawa sandéwara. Taun 1991, kelompok sandéwara Sri Asih, saminggu lilana mintonkeun sandéwara. Keur lalajo éta pintonan, kudu meuli karcis anu hargana Rp 500,-. Sandéwara nu dipintonkeun lolobana carita-carita jeung légénda rahayat saperti; Sangkuriang, Dalem Boncél, Lutung Kasarung, jrrd. Nya, teu kudu diiklankeun maké baliho atawa spanduk ogé, nu lalajo mani heurin usik. Siga puasa manggih lebaran.
Dina tungtung taun 1995, wewengkon Balandongan asup kana wilayah pemekaran Kotamadya Sukabumi. Asa ku atoh, lembur sorangan ayeuna mah geus jadi jeung disebut Kota. Teu bau lisung deui meureun. Daérah rural jadi rural –urban. Nya da ngan sebutan wungkul Kota téh, ari pikiran mah masih kénéh deukeut ka kampung, lain kampungan!
Hal-hal saolah robah 180o, kantor balédésa direhab, Puskesmas pembantu (pustu) diwangun, komo urang Balandongan Kidul mah mawa harepan Gedé, lamun geus jadi bagéan Kotamadya Sukabumi mah jigana moal jauh deui jalan batu anu siga huntu karéhol téh bakal diaspal. Bener, teu kungsi dua taun lilana, jalan Balandonga Kidul, ti mimiti Balédésa nepi ka Pasir Pogor, diaspal, dihotmix cenah mah, malah ku Walikota Sukabumi, H. Udin Koswara dibéré ngaran, Jl. Widyakrama. Kadieunakeun mah, SDN Sudajayahilir ogé diganti jadi SDN Balandongan.
Antara taun 1998-2004, Pamaréntah Kotamadya Sukabumi ngaluarkeun kawijakan ngeunaan Rencana Tata Ruang Wilayah anyar. Jalan Jalur Lingkar Selatan , hiji jalan nu bakal diwangun ti Beulah wétan (Cibeureum) nepi ka Beulah Kulon (Cisaat). Sawah diratakeun, kurang leuwih 3 KM Jalan anyar diwangun. Lapang gedé ogé milu diratakeun, da pas pisan luhureun lapang Gedé Jalan Lingkar Selatan ngaguratna. Geus kabaca, lapang Gedé leungit diganti ku Jalan.
Keur sababaraha jalma nu boga taneuh di éta wewengkon,utamana nu aya di sisieun pisan jalan, kanyataan ieu téh mangrupa hiji anugrah anu Gedé, asa kagunturan madu karagragan menyan bodas, Nilai Jual Taneuh ngapung ngawang-ngawang. Sawah-sawah anu asalna ngahasilkeun paré moal leuwih ti lima kuintal tina 20 are, ayeuna mah hargana ngawang-ngawang. Bisa nepi ka Rp. 700.000,-/meter. Teu anéh, taneuh sapanjang jalan dikavling-kavling, utamana taneuh nu asalna sisi lapang Gedé. Wangunan jlug-jleh hiji-hiji.
Ayeuna, Jalan Lingkar Selatan geus bras nepi ka Cibolang, wewengkon Balandongan Wétan beuki ramé. Sisi Jalan Lingkar Selatan dipinuhan ku mangrupa léséhan-léséhan, rumah makan, sababraha toko ogé aya. Geus jadi hukum pasar, dimana aya hiji karaméan, pasti teu bisa ditolak ayana tempat-tempat hiburan. Jul-jol jalma-jalma nu teu dipikawanoh. Rupa jalma anyar. Tatangga-tatangga anyar, sagala anyar. Hiji hal anu asalna teu kapikiran, malah asa pamohalan ayana, ayeuna geus ngawujud. Matak hélok panon, colohok nénjo, matak kerung tarang, lamun nitenan kalawan anteb Jalan Lingkar Selatan anu sabenerna mah ngagalur luhureun Lapang Gedé. [ ]
KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Lapang Anu Ngajalur"