SD SUDAJAYAHILIR GANTI NGARAN

Jorojoy, ujug-ujug inget kana pangalaman waktu sakola dasar. Jadi budak sakola teh dina taun 1986. Harita masih keneh SD Sudajayahilir ngaran sakola teh. Pernahna kuloneun kantor Baledesa. Wangunan sakola masih nyirenkeun arsitektur taun 80an. Bangku-bangku nu digunakeun oge masih nembongkeun kumaha kuatna pangaruh Bangsa Walanda dina ngajajah nepi ka pamikiran Bangsa Pribumi.

SD Sudajayahilir kabagi kana dua, Sok pada nyebut SD I jeung SD II. Ku anu jadi aki, Aki Abad (alm), kuring diasupkeun ka SD I. Ilaharna budak anyar sakola, sagala geus tangtu anyar, baju, tas, jeung buku oge anyar. Lain eta wungkul nu anyar teh, babaturan oge nambahan, aranyar. Lamun keur memeh asup sakola mah wawuh teh ngan saukur jeung budak Balandongan kidul, ayeuna mah nambah kawawuhan: budak Balandongan Kaler, Wetan, jeung Barudak ti lembur sejen; Pangkalan jeung Lemburpasir.

Kelas I, pernahna pahareup-hareup jeung Kantor Guru SD II. Dina tangkal kersen, ngagantung lonceng, dijieun tina pelek ban mobil. Tanda sakola asup jeung bubar teh lain mencet bel kawas ayeuna, tapi ku cara nakol lonceng. Ras, inget kana sababaraha buku carita nu geus dibaca. Lonceng jeung sora lonceng ngingetkeun kuring kana hiji mangsa, nalika nagri urang masih dijajah ku Walanda. Naon hubunganna jeung lonceng? Disadana lonceng bakal mawa alam teu sadar urang ka hiji kaayaan, nalika kalaparan jalma nu aya dibui-bui Walanda ditungtungan ku disadanan lonceng tandana dahar isuk , beurang, jeung peuting.

Kelas I diwurukan jeung diguruan ku Bu Dewi, hiji guru awewe anu masih ngajar di eta sakola nepi ka kiwari. Pangajaran anu pangheulana katampa nyaeta diajar nulis papageran. Harita, kuring geus bisa maca. Da ku anu jadi aki ti umur opat taun oge geus diwurukan ngejah boh aksara laten sumawona huruf hijaiyyah mah. Atuh nalika asup SD teh teu kudu hese jeung beurat deui dina maca, da puguh geus teu ejah deui maca kecap-kecap rek nu diserat dina bor saperti : Ini Budi, Ini Ani, jrrd.

Tug nepi ka lulus, eta Sakola Dasar teh ngaranna tetep SDN Balandongan. Nu jadi kepala sakola ti kelas hiji nepi ka lulusna ti eta sakola nyaeta Bapa Atang Sentosa (alm). Watekna kepala sakola harita teu siga umumna kapala sakola kiwari. Nyaah ka budak, nu paling kaciri nyaeta henteu piduit. Ka Sakola dina angkot ti lembur Sudajaya nepi ka Balandongan. Teu piduit teh bener, karasa ku barudak oge, pas asup kelas hiji SD, bayaran sakola ngan Rp. 350,-.

Nepi ka generasi 90an, ngaran sakola can diganti. Dina mimiti taun 2000an, saba'da reformasi digorowokkeun di nagara urang, mawa pamikiran anyar; utamana hak kamerdekaan ngungkapkeun pamikiran jeung kamandang. Akibatna ngarobah kana sistim pamarentahan tina sentralisasi jadi desentralisasi ku dikaluarkeunna Undang-undang No 32 taun 2004 ngeunaan pamarentahan jeung otonomi daerah. Daerah-daerah dibere kalaluasaan keur ngaaktualisasikeun diri, ngagali potensi nu aya di daerahna sewang-sewangan. Sok sanajan dina prak-prakanna mah teu saeutik daerah nu can bisa ngagali potensi di wilayahna sorangan.

Otonomi daerah ngaharewoskeun lamun konsep pangwangunan anu asalna ditangtukeun ku pamarentah, disebutna top-down, dianggap mangrupa konsep anu ngamandulkeun aspirasi. Konsep anyar pangwanguna anu sifatna bottom-up disosialisasikeun ku pamarentah ka masarakat. Masarakat dibere kalaluasaan dina ngusulkeun jeung ngawangun daerahna sorangan. Hanjakal konsep bottom-up ieu teu diimbangan ku maksimalisasi swadaya. Antukna, waragad pangwangunan mah keukeuh we dibiayaan ku APBD sagemblengna. Konsep Bottom-up Block-Grant contona, teu jauh beda jeung sentralisasi pangwanguna nu dikokolakeun ku para inohong kampung. Masarakat can sagemblengna diajak ulubiung, tungtungna kue pangwangunan angger we minuhan saku para stake-holders di tiap lembur.

Dina taun 2005, ngaran SD Balandongan diusulkeun ku sababaraha tokoh masyarakat keur ngaganti ngaran SD Sudajayahilir. Alesanna mah, sangkan SD teu didikotomikeun antara SD I jeung SD II. Alesan ka duana, kusabab domisili eta SD aya di wewengkon Balandongan, nya henteu salah lamun ngaran sakolana oge nyurup kana ngaran lembur Balandongan. Nu heran, nalika SD Sudajayahilir I jeung II geus euweuh di kieuna, di Sudajaya aya ngaran sakola SD Sudajayahilir III nu can dirobah angka romawina kusabab SD I jeung II-na oge geus euweuh. [ ]

KANG WARSA

Sent from BlackberryMail






Posting Komentar untuk "SD SUDAJAYAHILIR GANTI NGARAN"