Tiap masigit - ti mimiti sababaraha masigit diadegkeun di Kampung Balandongan- geus pasti miboga kulah. Malahan ngaran-ngaran masigit henteu saukur dibéré ngaran anu éta ngaran téh dicokot tina Basa Arab wungkul saperti Ath-Thahiriyyah, Al-Istiqomah, Al-Ikhlash, jeung Al-Miizaan, ngaran-ngaran masigit ogé sok dilandih ku urang lembur kalawan ngalarapkeun kana jeung di mana ayana éta masigit atawa kulah. Siga masigit Al-Ikhlas sok disebut masigit legok, pédah kulah jeung tempat éta masigit aya landeuheun jalan gedé, lebah legokan pisan.
Kajaba dilandih ku nyurupkeun kana tempat, biasana ngaran masigit ogé sok dilandih ku jalma-jalma, para Kyai anu biasa ngimaman jeung méré wejangan dina tiap minggonan di éta masigit. Conto leutik, Masigit Ath-Thahiriyyah anu ayana di wewengkon Balandongan Kidul sok disebut Masigit Pa Oleh, sabab anu ngokolakeun, kyaina téh boga ngaran M. Soleh.
Teu hésé keur urang lembur mah dina méré ngaran kana nanaon ogé, da geuning ari di pilemburan mah jalma dilandih ngaran naon baé ogé sok narima. Malahan dibéré ngaran naon baé ogé sok narima. Aya hiji jalma, dibéré ngaran Emis kusabab dibralkeun ka alam dunyana poé Kemis. Ka béh dieunakeun mah ngaran-ngaran anu alus paméré kolot téh sok digogoréng ku ngaran-ngaran landihan, Mang Didih tukang bubur hayam sok disebutan Si Gembol, kasang-tukangna mah kusabab waktu ngamimitian laki-rabi jeung anu pamajikanna teu kaop paséa sok langsung ngagembol pakéan, dibawa balik ka lembur asalna di Ciburial. Loba kénéh conto anu séjénna, kabéh ogé geus pada apal.
Tadi dibéjakeun ngeunaan naon sababna masigit Ath-Thahiriyyah disebut masigit Pa Oleh. Bener, kulantaran dina taun 1970-1990an, éta masigit dikokolakeun ku Kyani anu boga ngaran M.Soleh. M téh singkétan tina kecap Muallim, jalma anu linuhung ku pangaweruh tur bagbagan agama. Pihartieun Ath-Thahiriyyah teu kudu dijéntrékeun deui, éstuning écés éta téh hartina beresih tur suci. Mimiti diadegkeunna tina mangsa ramé pisan gorombolan ngagalaksak ka tiap lembur di wewengkon Baros dina taun 1950. Wangunanna nyurup ka lolobana imah mangsa harita, bilik panggung. Anu ngabédakeunna, di gigir beulah kulon wangunan masigit aya hiji rohangan keur ngimaman, dipapaésan ku ayana bedug jeung kohkol.
Taun 1970an, pangajian barudak jeung minggonan dieusi ku Pa Oleh. Sanajan éta masigit teu bisa disebut masigit Jami, kulantaran ukuranna mémang leutik. Nu kudu jadi caturkeuneun, kusabab mangsa harita kacida jauh béda jeung jaman ayeuna, tiap manjing waktu sholat, teu kolot teu budak minuhan masigit. Komo barudak mah, dina wanci magrib sok bari ngagandéngkeun. Encan aya listrik kawas ayeuna, keur nyaangan anu sholat barjamaah jeung ngaji ngandelkeun lampu patromak, di luarna mah ngagunakeun centir jeung obor. Dina tungtung taun 1970an pisan, masigit mimiti diréhab, ditémbok. Kulah masigit ogé ditémbok sagala.
Modin anu tara elat ngahaleuangkeun adzan di éta masigit teu bireuk deui keur urang lembur mah, nyaéta Abah Mandor Jai. Méméh adzan dihaleuangkeun, siga geus jadi kawajiban keur urang dinya mah kudu nakol heula bedug. Ngingétan kanu masih keur soson-soson nyawah. Teu héran, sok aya anu nanya lamun geus manjing waktu sholat téh: “ Geus bedug, can?”. Keur waktu kuliah mah, kuring nepi ka pacental-cental jeung anu jadi dosen marebutkeun meunang jeung henteuna nakol bedug méméh adzan. Anu jadi dosen ngomong lamun éta téh kalakuan bid’ah, teu dicontokeun ku Rasul, dan bedug mah mangrupa kabudayaan Dongson. Ari pikiran kuring, lamun semet budaya, teu asup kana wilayah téologi jeung ubudiyah naha maké kudu dihahalang. Bakating ku keuheul, kuring nepi ka culangung ngomong kieu, “ Anu teu meunang mah lamun bedug jeung kohkolna diteureuy!”. Nya konsékwénsi logisna mah, kuring dibéré peunteun C ku éta dosen.
Wewengkon Balandongan Kidul harita masih harieum lamun waktu geus asup ka wanci sareupna. Ti gonggo hareupeun imah Apih Abad nepi ka Imah Kang Abun dina taun 1970-1988 mah dipinuhan ku tangkal kibeling. Ceuk anu jadi Aki pituin mah tangkal kibeling téh sok dicicingan ku kunti jeung rupa-rupa dedemit. Wétaneun masigit masih kénéh kebon cau, imah ogé di éta wewengkon masih bisa kaitung ku ramo leungeun. Encan aya wangunan Majlis jeung Imah Pa Jenal harita mah.
Salian Pa Oleh, dina taun 1980an, éta masigit sok dikokolakeun ogé ku Pa Odang. Muka pangajian keur barudak dina taun 1985. Indit ngaji mah teu sieun da masih kénéh caang. Ngan dina waktuna balik ngaji. Barudak sok bur ber silih susul lulumpatan nalika ngaliwatan jalan anu sisi-sisina dipinuhan ku kibeling. Tara nolih tincakeun, geus puguh jalan mah masih kénéh batu can diaspal kawas kiwari.
Teu kapok kana ngaji, sanajan tiap peuting kudu lulumpatan jeung barudak ogé. Lain kuring wungkul, anu jadi babaturan saentragan ogé asa euweuh kakapok kana ngaji téh. Katurug-turug kolot-kolot jeung aki-nini bawél pisan sangkan anak-incuna kudu bisa ngaji. Teu ngartieun kana naon anu disebut Kebijakan Publik kolot harita, tapi merhatikeun pisan kumaha pentingna méré atikan ka anu jadi budak. Méméh ngaji téh sok dijeujeuhkeun ka guru ngaji sagala. Kaayaan lembur anu homogén saperti kitu dina waktu harita geus ngabralkeun hiji sikep; sakumaha ceuk Anderson mah, kawijakan umum nu kudu dijaga ku pangeusi lembur. Lamun aya budak anu teu ngaji téh disebut malawading tur mahiwal.
Barudak heunteu saukur bisa ngaji. Bérés ngaji, ku anu jadi guru ngaji saba’da Sholat Isya sok diajarkeun maén po jeung silat. Apal aya jurus “ngodok Bako” sagala harita mah. Sangkan suku kuat, ku anu jadi guru, suku barudak sok dibalur ku minyak Cimandé. Bérés latihan téh sok ditarungkeun, silih kadék ku bebedogan, silih tenggeul, teu dirasa da hayang disebut kuat. Padahal waktu geus nepi ka imah mah karasa pisan kumaha pasiksakna awak balas silih teunggeul jeung babaturan.
Bisa ngojay lain kusabab asup sakola renang barudak téh. Pédah hareupeun masigit aya kulah. Kaharti ayeuna mah, dijieunna kulah, ayana sawah jeung kebon, susukan anu jarero téh geuning intina mah keur ngatik barudak lembur sangkan siap ngahiji jeung alam. Cai lain dijadikeun musuh tapi kudu dijadikeun sobat kucara bisa ngojay, taneuh ledok tong dipikasieun tapi kudu dijadikeun batur ulin sapopoé ilaharna para patani anu ngokolakeun sawah jeung kebon. Jeung henteu aya anu ngaranna geuleuh deui mandi di kulah harita mah. Teu sieun ku sato galak jijibrugan di susukan ogé. Nu dipikasieun téh nalika keur ngubek kulah masigit belewer keusik dibalédogkeun ku Pa Oleh kana sirah. Da bener, dina waktu keur sué mah, lamun keur meujeuhna resep ngubek kulah terus kanyahoan ku Pa Oleh sok dibalédog ku keusik atawa batu anu laleutik barudak téh.
Taun 1989, Pa Odang nikahkeun anu jadi budak pituinna, Téh Epon ka hiji santri asal ti Argabinta. Sok kadéngé aya anu adzan, ngeunaheun pisan. Silih béjaan, éta anu adzan téh minantu Pa Odang. Salian adzan, sok ngimaman, ngawurukan ngaji jeung ngajar di Sakola Agama. Atuh kusabab beuki loba santri, dina taun 1990 mah kebon wétaneun masigit téh dibukbak, tangkal cau dituaran, di luhureuna diwangun hiji kobong, ku urang dinya mah disebut Majlis. Gigireun majlis aya tempat kosong, unggal peuting sok dipaké latihan silat ku barudak, ayeuna mah sanggeus Pa Jenal mukim di éta lembur, latihan silat téh lain saukur kembangna, ogé sok ditambah ku eusina anu disebut élmu jeblag.
Éra orde Baru, jaman sagala rupa sok dikuat-kaitkeun kana kasaksésan Pa Harto salaku Bapa Pangwangunan, keuna ogé balukarna kana kahirupan di pilemburan. Antara taun 1996-1998, masigit anu sakuduna beresih tina hal-hal politik mimiti diasupan ku hal éta. Golongan Karya salaku mayoritas tunggal seja nanjeurkeun pangaruhna ka masigit-masigit. Mémang euweuh anu salah, ngan nalika hal-hal profanekaduniawian dihijikeun jeung hal-hal anu suci katénjona jadi hambar. Sok sanajan di satungakeunna aya pangbibita, lamun salah sahiji partéi meunang dina pemilu, masigit atawa naon baé rupa-rupa sarana kapentingan umum bakal diwangun, padahal éta geus jadi kawajiban pamaréntah.
Tempat ibadah anu geus dipolitisir jeung dipolitisasi komo dijual ku para élit lokal ka para pangagungna bakal nimbulkeun hal anu cawérang, masarakat moal nénjo deui lamun éta salaku lembaga beresih, akibat anu pang dipika sieunna, masarakat bakal paburincai, silih baeudan kusabab béda partéi. Kadieunakeun masigit ogé bakal dibéré cap: ieu mah masigit PPP, ieu mah Masigit PKS, ieu mah masigit GOLKAR, jrrd. Anu matak ngajadikeun kitu téh kusabab DKM atawa Kyai anu ngokolakeun masigit ulubiung kana hal-hal anu sakuduna teu dilakukeun.
Mémang wajar harita mah, waktu Orde Baru masih kumawasa, hésé keur para kyai jeung alim ulama nolak kana ajakan jeung panitah pamarentah. Arek nyokot kaalusan keur masarakat ngan justru jadi hal anu ngabalukarkeun ruksakna étika komunikasi masarakat. Padahal ceuk dina kaidah Ushul Fiqih mah, nyingkahan kagoréngan leuwih alus ti batan nyokot kaalusan.
Opat taun sanggeus réformasi, Masigit Ath-Thahiriyyah diréhab. Kabeneran aya hiji Yayasan salaku wawakil ti Nagara Arab anu konsérn kana ngawangun tempat-tempat ibadah. Ngan aya syaratna cenah, kusabab Yayasan Arab mah kentel ku unsur Salafi - Wahhabina, di éta masigit teu meunang aya bedug jeung kohkol. Kuring pisan anu ngusulkeun jeung ngajajapkeun proposalna ogé. Ceuk kuring ka réngréngan DKM, teu kudu sieun diwahhabikeun, sumputkeun baé bedug jeung kohkol mah, engké lamun masigit geus bérés pasangkeun deui!
Wanguna masigit Ath-Thahiriyyah geus agréng ayeuna mah, paménta ti éta Yayasan ngaran ogé kudu diganti tong Ath-Thahiriyyah deui, tapi kudu dibéré ngaran Anas Bin Malik, salah saurang sohabat Rosul anu ahli kana tafsir. Ceuk kuring, nya teu nanaon, da engké ogé keukeuh baé anu kainget ku urang Balandongan Kidul mah ngaran anu geus nancleb dina hate, nyaéta Ath-Thahiriyyah.
Nepi ka danget ieu, urang Kidul tetep méré ngaran ka éta masigit nyaéta Masjid Ath-Thahiriyyah sok sanajan dina témbok éta masigit aya seratan Basa Arab: Masjid Anas bin Malik. Hartina, masarakat bakal leuwih mihormat kana hal anu dihasilkeun ku pagawéan sorangan tinimbang nyokot paméré batur. Masarakat bakal leuwih reueus ku sagala hal anu geus dihasilkeun ku usahana sorangan.
Lamun sabalikna, masarakat leuwih reueus jeung agul ku naon-naon anu dihasilkeun lain ku leungeunna sorangan , adéan ku kuda beureum, agul ku payung butut, bakal ngawujud hiji aliénasikeur masarakat sorangan. Raga badag aya di wewengkon Sunda, tapi pikir jeung sikep aya dina kalangkang kamashuranbatur. Kabéh anu sakuduna dijaga jeung dirmumulé bakal diapilainkeun, budaya jeung kahirupan masarakatna sorangan bakal disangka anéh tur pangling. [ ]
KANG WARSA | SUKABUMI DISCOVERY
Posting Komentar untuk "MASIGIT ATH-THAHIRIYYAH"