Basisir Ujung Genténg dina wanci surup panon poé |
Ujung Genténg, teu jauh béda jeung tempat séjén anu aya di sisi laut. Lamun cuaca keur cangra mah, panasna lain nataku. Ngan leuheung, alam tropis di nagara urang kacida béda pisan lamun arék dibandingkeun jeung Nagara-nagara anu aya di Timur Tengah samodél Arab Saudi atawa Syria. Di urang mah panas srangéngé masih bisa ditakis ku lobana rupaning tangkal anu minuhan luhureun bumi. Saperti panasna di Ujung Genténg dina usum halodo geus pasti pajauh jeung panasna cuaca di Arab Saudi.
Ujung Genténg, jigana sakuliah Indonésia mah geus pada apal ka ieu tempat sakumaha apalna urang ka Bali jeung Bunakén. Basisir Ujung Genténg aya di kiduleun Kabupatén Sukabumi. Keur nepi ka ieu tempat, ti Puseur dayeuh Kota Sukabumi bisa dicukcruk kalawan numpak mobil bisa nepi ka opat jam. Naha maké dibandingkeun jeung Bali ogé Bunakén? Hiji hal anu penting, Pangéran geus méré kaéndahan alam, nata jeung ngarawat alam di Ujung Genténg. Kusabab nu méréna Pangéran geus jadi kawajiban ka manusa nu aya di ieu wewengkon, utamana pamaréntah Kabupatén Sukabumi wajib nyukuran ieu nikmat kucara ngarawat jeung ngamumulé naon baé anu aya di ieu tempat.
Ngan, sapanjang jalan ti Simpenan nepi ka Ujung Genténg, katénjona Pamaréntah Kabupatén Sukabumi masih encan méré hal anu teges, kumaha carana ngarawat jeung ngamumulé ieu tempat. Contona, tangkal kalapa katénjona dirawat téh nalika Orde Baru masih kumawasa. Da harita aya kawijakan ti Pamaréntah, sakabéh patani kalapa kudu melak kalapa hibrida. Sok sanajan, tujuan utama Pamaréntah Orde Baru anu sabenerna mah keur ngawasa kebon-kebon kalapa anu aya di éta wewengkon, tapi sahenteuna tangkal kalapa masih bisa ngahasilkeun kalapa anu sawaréh tina kauntungan ku ngajual kalapa bisa nyukupkeun sababaraha patani kalapa. Tangkal-tangkal kalapa dina danget ieu katénjo beuki kolot jeung koropok.
Geus puguh kaayaan sisi basisir, Jalan di sisi basisir masih kénéh dibalay ku batu. Naha Pamaréntah Kabupatén Sukabumi teu boga tékad hadé keur ngamajukeun obyék wisata? Atawa ngan saukur masrahkeun ieu obyék wisata kana hukum pasar, rame didatangan ku wisatawan dina mangsa-mangsa anu tangtu siga Taun Anyar atawa nalika peré panjang sakola? Tangtu teu bisa kitu, kudu aya tarékah ti Pamaréntah sangkan Ujung Genténg kakoncara terus didatangan ku wisatawan-wisatawan mancanagara sakumaha kakoncarana Bali jeung Bunakén. Pangéran geus méré bahan baku saperti kaéndahan alam, sisi basisir, penyu, jeung biotisma laut séjénna, ieu kudu diimbangan ku tarékah jalma dina ngamumulé jeung ngarawat sangkan kabéh poténsi anu aya di éta wewengkon bisa ngahasilkeun guna, teu mubadzir kitu baé.
Padahal geus dicaritakeun dina kabéh kitab suci. Kumaha jembarna pangéran geus méré kasuburan taneuh di wewengkon Mésopotami, hiji daérah anu dihapit ku dua wahangan Euprat jeung Tigris. Tapi, kulantaran rongkahna kawijakan politis raja-raja harita samodél Nebukadnezar jeung Hammurabi anu leuwih resep ngawangun hal-hal anu nguntungkeun diri jeung kulawargana, éta wewengkon ngan saukur ngahasilkeun taneuh anu ngawujud jadi sagara keusik. Panasna nepi ka ayeuna mangaruhan kana watek jeung méntalitas jalma-jalma anu aya di éta wewengkon.
Mesir kuno kacaritakeun mangrupa hiji tempat anu subur di sisi wangahan Nil, dirogahala ku kawijakan politis Firaun anu rasis jeung ngagugulung kasta. Poténsi alam digali jeung dikeduk keur kauntungan pangawasa miwah kroni-kronina. Kapitalisasi pangawasa minuhan tiap rohangan kahirupan anu ngalantarankeun ruksakna tatapakan kahirupan.
Kajadian anu sakitu dibéjér-béaskeunna ku Alloh dina Quran, masih can nerap kana pamikiran jeung rarancang pamaréntahan dina raraga ngawangun naon baé sagala poténsi alam anu geus dibikeun ku Pangéran ka urang. Kawijakan politik masih can bisa nguntungkeun ka masarakat leutik. Sakumaha anu geus dicontokeun ku Nebikadnezar, Hammurabi, ogé Fir’aun. Lamun sikep teu dirobah, moal jauh dina sangkaan, sapuluh atawa tilu puluh taun ka hareup, wewengkon Ujung Genténg bakal ngalaman panas anu rongkah, tangkal kalapa anu geus karolot bakal kaduruk ku el-nino, malah anu pang dipikapaurna, wewengkon urang bakal direbut ku batur kusabab urang teu bisa ngarawat jeung ngokolakeun alam anu geus dibikeun ku Pangéran. Ngantepna urang ka lemah cai anu sakieu suburna mangrupa hiji bentuk kufur nikmat. Kabéh ogé geus pada apal, naon konsékwénsina lamun urang syukur jeung naon anu baris karandapan lamun urang kufur kana nikmat ti Pangéran?! [ ]
KANG WARSA | SUKABUMI DISCOVERY
Posting Komentar untuk "Iber Ti Ujung Genténg"