Teu saeutik anu geus dipopohokeun ku urang, utamana ku para guru ngaji. Salah sahijina, urang geus jarang ngatik barudak anu ngaji ku sababaraha élmu anu disebut élmu parabot; saperti Nahwu, Shorof, Ma'ani, jeung anu lianna. Hal ieu sabanding jeung kalolobaanna guru Basa Sunda anu geus jarang ngatik jeung ngajarkeun aksara Sunda ka para pamilon ajar. Hanacarakadatasawala jeung anu ngaranna nadzom ayeuna geus jarang kadenge dibaca arék ku barudak anu di sakola ogé ku barudak anu keur ngaraji di masigit.
Ieu kudu jadi bahan pamikiran urang – salaku jalma anu masih kénéh merhatikeun kana dunya pendidikan. Ka ditunakeun mah kudu disasar jeung ditalungtik naon kasang tukang jeung marga lantaranna dua hal ieu geus mimiti ditinggalkeun lain ku sasaha, tapi ku guru jeung ustadzna sorangan. Ari saukur nitenan bari teu dirojong ku hasil panalungtikan mah ti taun 2006 ogé kuring geus bisa nyindekkeun sababaraha konklusi dasar, anu jadi cukang lantaran diapi lainkeunna dua pangajaran ieu ku para guru jeung ustadz.
Kudu dititénan hela, kaayaan alam méméh réformasi. Nepi ka taun 1990-an, di masigit gedé masih kénéh réang barudak diwurukan élmu nahwu jeung shorof ku anu jadi ustadzna. Malahan sok dibarengan ku nadzom sagala. Babaturan saentragan mah masih kénéh mawuh kana huruf élat, jumlah 'Irob, jeung alamat-alamat i'robna sagala. Teu saeutik deui anu apal cangkem kana tsulasi mujarrod, tsulatsi majiid, jeung jinis-jinis fi'il séjénna. Da puguh, unggal peuting Rebo ku anu jadi kyai ,élmu nahwu jeung shorof téh diajarkeun ka barudak.
Di sababaraha pondok pasantrén mah tangtu hal ieu masih diperhatikeun.
Sabada réformasi, buku-buku anu nguguar pasoalan agama leuwih condong kana hal-hal anu sifatna téoritis. Sababaraha buku anu asalna ti Timur Tengah saperti nagara Mesir minuhan rak-rak toko buku, geus dipindah basakeun kana Basa Indonésia tangtuna. Lamun diteuleumah mah, buku-buku agama anu dipedalkeun dina pasca réformasi dipinuhan ku téori-téori politis. Lolobana lain buku anyar sabenerna, da dipedalkeun di nagarana mah buku-buku samodél Membina Angkatan Mujahid, nu ditulis ku Sa'id Hawwa, Ma'aalimu Fii Ath-Thaariqi anu ditulis ku Sayyid Quthb, di Mesirna mah dipedalkeun dina taun 1960-an.
Buku-buku ieu dibaca ku urang, lolobana dibaca ku para aktivis kampus. Téori-téori anu aya dina éta buku dipraktékkeun, malah istilah-istilah anu aya dina sababaraha buku pedalan Timur Tengah téh dipaké dina basa sapopoé saperti; Ghiroh, Ta'awun, Tasammuh, Ghadul Bashor, Liqo, jrrd. Dibaca kalawan sagemblengna. Sanggeus dibaca terus ku para aktivis, naon anu aya dina éta buku ditransformasikeun deui ka batur-baturna dina hiji riungan, atuh dina waktu anu samporét, para aktivis kampus téh geus disebut Ustadz ku babaturanna.
Lain hiji atawa dua anu diajar bagbagan agama kucara maca buku bari jarang neuleuman élmu parabot anu jadi hal pokok dina cara urang méré tafsir kana eusi buku. Di tiap lembur, sababaraha pamuda anu miboga ghiroh kaagamaan maraca éta buku, terus diajarkeun deui ka barudak. Nya teu kungsi lila, da éta jalma téh sok ngawurukan barudak disebut baé Ustadz.
Kuring teu nyalahkeun, lamun kondisi ayeuna , di masigit jeung di pangajian jarang pisan élmu parabot diajarkeun téh kusabab lobana ustadz anu bisa kana bagbagan agama kusabab maca buku wungkul. Geus alus sabenerna, ngan kari dibarengan ku diajarna urang kana sababaraha élmu parabot saperti Nahwu jeung Shorof tadi.
Di sagigireun éta, aya ogé hiji kamandang ékstrim, kaayaan geus beuki maju, pangawéruh teu bisa dihahalang, jalma lain saukur bisa ngaji di masigit wungkul jaman ayeuna mah, ku cara unggal isuk lalajo TV ogé bisa milu pangajian, malahan anu ceramahna ogé ustadz-ustadz Nasional, aya ogé anu méré séntimén négatif: Ustadz Komérsil cenah. Teu salah, da mémang bener urang ayeuna keur aya dina hiji kaayaan pindahna étika-étika agraris ka alam industri. Lamun pernah maca buku Max Weber anu judulna The Crhistian Ethics and The Spirit of Capitalism tétéla pangarti kaagamaan anu dipulas ku réformasi téh gedé pangaruhna kana pamikiran kaum kapitalis. Malah ceuk téori Weber mah, dua faham éta silih rojong dina nanjeurkeun pangawéruhna. Anu kasérédkeun geus tangtu étika-étika konservatif. Nya conto konkritna étika konservatif dina cara ngatik barudak anu ngaranna sorogan ogé ayeuna geus jarang dipraktékkeun dina pangajian-pangajian ari lain ustadzna lulusan pondok pasantrén mah.
PANGARUH THE PROTÉSTANT ETHICS AND THE SPIRIT OF CAPITALISM WEBER KA DUNYA
Ésséy Weber ngeunaan pindahna kakawasaan ékonomi ti nagara-nagara Katolik saperti Francis, Italia, jeung Spanyol saréngséna réformasi ku kaum Calvinist ka nagara-nagara Protéstan saperti Inggris, Jerman, Belanda, jeung Skotlandia, mangaruhan kana sumebarna doktrin-doktrin ékonomi kapitalis. Kelompok Calvinist jueng Lutherian méré kamandang jeung nafsirkeun salah sahiji ayat dina Injil anu unina: " Bikeun kakawasaan akhérat ka Pangéran, jeung bikeun kakawasaan dunya ka manusa.." lamun sagala rupa anu patula-patalina jeung kaduniawian ditangtukeun ku ikhtiar manusa.
Hasilna, sakumaha dina éta Ésséy, hal-hal anu aya patula-patalina jeung urusan dunya, mawa sumanget anyar : jalma-jalma anu boga modal asa diajak keur muka sababaraha pabrik jeung pakasaban, pagawé-pagawé ogé ngadadak hampang birit kusabab hubungan antara anu gawé jeung anu nu boga modal ditangtukeun ku jumlah produksi hiji barang.
Kanyataan ieu mangaruhan ka sakuliah dunya. Saba'da runtuh Kakhilfahan Utsmaniyyah di Turki dina taun 1924, aya pangajak anyar, ajaran-ajaran nu sifatna ortodoks moal bisa mawa nagara mana baé ogé kana kajayaan. Nalika roh kapitalisme geus ngubek alam dunya, kabéh nagara kudu asup kana éta kandang, teu bisa henteu.
Bener, hal éta pisan mangaruhan kana étika politik hiji bangsa. Turki, saba'da Kemal Pasha Attaturk nyekel kalungguhan, lain beuki maju, da geuning tingkat pangangguran beuki nambah. Kajadian éta méré eunteung ka para pamikir jeung aktivis di dunya Islam. Buku-buku nu ngaguar étika Islam dina nyorang kahirupan dipedal ku sababaraha penerbit. Étika anu Kaamil jeung Kaaffah. Islam téh dunya jeung akhérat. Kajadianna lumangsung dina waktu anu samporét tur gancang. Buku-buku disebar, faham-faham dicitak dina kalimah-kalimah anu sarua substansina jeung ésséy Weber ngeunaan kapitalisme. Teu heran lamun Karan Armstrong dina buku The Battle for God nyebutkeun, Fundamentalisme téh sabenerna anak pituin Kapitalisme.
Nepi ogé ka nagara urang. Élmu-élmu agama ti para ulama kholaf (kontémporér) dibaca daria, diamalkeun da ceuk pikir ieu pisan anu bener bari teu nalungtik kana akar sajarah kahirupan Rasulullah. Ka dieunakeun, kaluar pamikiran ékstrim, lamun urang téh masih aya dina kakawasaan thoghut, masih dumuk dina alam Jahiliyyah. Tapi urang sorangan teu bisa jauh jeung barang-barang nu dijieun ku kamajuan jaman.
Kabéh katénjo hayang sing sarua gancang. Nyebarkeun élmu kaagaman ogé hayang gancang réngsé, teu maké fase-fase nu penting sakumaha Rasul méré conto. Antukna, élmu-élmu terapan jeung praktis dina bagbagan agama kalindih ku élmu-élmu anu sifatna téoritis, malah jaman ayeuna mah geus aya paribasa panto ikhtilaf geus ditutup. Teu heran, lamun urang kalindih ku bangsa séjén, ku ummat séjén dina hal pangawéruh. Padahal urang geus dibéré warisan ku pangéran sababaraha buku atawa kitab anu ditulis ku Al-Khawarizmi, Ibnu Sina, Ibnu Rusyd, Al-Ghazali, jeung ulama-ulama séjénna. Kitan-kitab éta geus pasti hasil tina dinamika kamandang antara hiji ulama jeung ulama anu séjénna. Bener, Kuring siga jojodog unggah ka salu, teu pantes ngaguar hal ieu ka para Ustadz nu linuhung ku élmu jeung lineuwih ku pangarti. Nya, sakali-kali mah bedug ogé kudu ditakol deui meureun, nalika listrik pareum mah.[ ]
KANG WARSA | SUKABUMI DISCOVERY

Dikirim dari Windows E-mail
Posting Komentar untuk "Jojodog Unggah Ka Salu"