Asa ku kabeneran, arék panén bawang beureum, kari-kari harga bawang beureum keur nérékél naék. Kagantian usum kamari melak térong téh, ku bati usum panén bawang ayeuna. Kitu ceuk pikir Aki Hadwi, salah saurang patani di Lembur Cihérang. Lain manéhnha wungkul, sababaraha patani anu usum ayeuna teu melak paré tapi melak bawang mah katénjo beungeutna ogé béar marahmay. Kang Ukan mah, waktu ngadéngé harga bawang naék dina iber TV, bawang beureum can meujeuhna diala ogé geus dipanén. Bisi kaburu murah deui cenah, apan jaman kiwari mah nu ngaranna harga-harga nanaon ogé fluktuatif, teu jejeg kawas baheula.
Orokaya, sikep Kang Ukan saperti kitu, ditiron ku lolobana para patani anu melak bawang. Bawang can meujeuhna diala téh dikukuy, dibeungkeutan, terus dibawa ka pasar di puseur dayeuh. Bener, lain bohong iber dina TV, harga bawang tétéla keur nérékél naék. Kang Apru nepi ka mawa duit kana lima yutana. Éta téh geus dipotong ku barang beuli barang-barang kaperluan rumah tangga. Si Enung hayang DVD Player cenah, nya balik ti pasar téh mengkol hela ka Toko Odeon Éléktronik. Budakna ogé ménta dipangmeulikeun Sapéker aktif, nya ku bati ngajual bawang beureum teu burung kacumponan.
Patani anu séjén ogé kitu. bati ngajual bawang beureum dibeulikeun kana naon anu dipikahayang arék ku anak atawa pamajikanna. Peupeurihan dina usum panén paré usum kamari rugi, atuh ayeuna cenah kacumponan naon nu dipikahayang téh, nyukupkeun anak jeung pamajikan. Duit sésa ngajual bawang beureum rék dibeulikeun kana binih tatanén, malah lamun cukup mah sok dipaké keur manjer pakayaan, éta ogé lamun aya nu makayakeun sawahna ka batur. Dipakayakeun sotéh lain embung dahar deui jeung sangu, pédah geus teu pati hayang baé meureun turun –unggah ka sawah, bobolodogan jeung gupak dina taneuh. Lian ti éta, lamun disaliksik ka kantor Désa, da geuning lolobana sawah téh ayeuna mah dipimilik lain ku para patani, geus dipiboga ku urang kota, terus dipakaya ku para patani. Orokaya, sok ninggang dirugi baé tiap usum ogé da dina perjanjianna mah kudu maparo hasil. Lamun meunang lima kuintal, kudu dibagi dua, jadi dua satengah kuintal séwang.
Atuh puguh baé, nalika barang-barang éléktronik anu asup ka lembur Cihérang beuki ngalobaan, lembur téh asa beuki haneuteun. Isuk-isuk prang-prung jeung dag dig dug sora gendang jeung tatabeuhan séjén kaluar ti unggal imah anu barogaeun DVD jeung VCD Player. Informasi jeung iber-iber politik ngaguluyur asup ka lembur, diobrolkeun deui ku urang lembur di warung Kang Ujang. Cacakanna mah asa leuwih nyaho tibatan jalma-jalma anu aya di Ibu Kota maranéhna téh. Da geus parasihat pisan ayeuna mah ngaguar kasus Century, Partai Politik, jeung anu anyar kénéh ngabahas kasus Hambalang. Nya teu jauh béda baé jeung naon anu ku urang sok katénjo dina TV, hog hag marébutkeun paisan kosong, ngaluarkeun argumen nu teuing bener bisa ngaberes-roeskeun pasoalan kahirupan, ka dieunakeun mah sok nepi ka teu patanya jeung tatangga kusabab béda kamandang dina pasoalan nu keur diguar di warung.
Lembur Cihérang beuki haneuteun, lain kusabab para patani diuntungkeun ku naékna harga bawang beureum. Leuwih ti éta aya hal séjén, harga taneuh niléy jualna beuki nérékél. Nya anu diuntungkeun geus pasti jalma-jalma anu baroga taneuh Cép Adun, kamari karék kénéh ngajual taneuh ka urang Kota, nepi ka kabeuli mobil angkot kana tilu sikina. Sanajan séken-séken ogé teu nanaon, da masih bisa ngahasilkeun duit, cenah mah, kamari ngomong kitu waktu ulubiung ngawangkong di warung Kang Ujang. Duit sésa ngajual taneuh téh didépositokeun ka Bank di puseur dayeuh. Kagantian lah tiap bulan ogé keur turun mesin-mesin baé mah. Atuh gawéna téh ayeuna teu jauh béda jeung juragan ménak baheula, diuk namprak, nyalsé, mangsa saréupna geus jul jol supir angkota mikeun setoran. Geus puguh tiap tanggal 1 bulan kuli mah, indit isuk-isuk ka puseur dayeuh, cenah rék nyokot duit ti Bank. Geus maraju, urang Cihérang ayeuna mah.
" Kumaha ari pikiran Aki Hadwi, nya?" Kang Ujang ngamimitian ngomong. Isuk-isuk harita téh, wanci haneut moyan. " Nu séjén mah geus jaradi naon mah duit bati ngajual bawang beureum, naha ari Aki Hadwi nepi ka danget ieu can diala-ala acan éta bawang beureumna, buruk mantén boa!"
" Kamari mah paamprok déwék jeung manéhna di pamabalan, di jalan satapak anu brasna ka kuburan téa gening!" Mang Ohi mairan.
" Rék naon silaing ka kuburan? Rék barang penta kanu ngageugeuh makam lain?" Kanta milu ngomong.
" Supaya baé siah ngomong téh!" Mang Ohi mureleng. " Ceuk Aki Hadwi, moal mawa diala bawang beureum mah, keun baé sina baradag hela. Da kamari patani anu séjénna ngala jeung panén bawang beureum téh pédah pipilueun baé éta mah. Can waktuna geus diala…" Mang Ohi ngarenghap, rada eungap katénjona. " Teuing kumaha lah, pokona loba pisan téorina téh, ngala bawang méméh usum bisi katulah cenah, pamali, sarua jeung ngarope alam, teu jauh béda jeung ngabuburkeun kandungan méméh waktuna. Kadituna mah ngaguar kahirupan di jaman Prabu Siliwangi sagala Aki Hadwi téh!"
" Heuheu, atuh asa ngalalajoan carita Kéan Santang. Sok lalajo pan manéhna film Kéan Santang!" Kanta ngomong deui.
Nu araya di dinya kabéh mencrong ka Kanta. Nu dipelong teu ngeunah cicing, asa pada nyalahkeun meureun. Tuluy méré tanda ka Mang Ohi sangkan nuluykeun deui omonganna.
" Engke ogé dina waktuna, lamun bawang beureum geus kudu diala mah moal burung dipanén cenah. Keun baé ayeuna mah antep hela, sina karolot jeung baradag beutina. Bawang beureum kolot geus pasti dijualna ogé bakal leuwih mahal tibatan anu ngora kénéh. Bisa kana 100 rébu sakilo! Lamun anu séjén ngan kabeuli DVD Player atuh aing mah kabeuli-kabeuli kebo, kitu cenah!" Mang Ohi nuluykeun.
" Asa teu percaya aing mah kana ucapan manéh, Ohi. Bisaan sia mah ngaréka-réka carita téh, sok dijieun dongéng!" Si Kemed ayeuna anu ngomong sabari cacamuilan ngadahar goréngan.
" Daék kékéd aing mah lamun bohong. Tuh saksina…!" Ceuk Mang Ohi deui, rada camutrak.
" Saksi saha seblu. Pan sidik sia jeung Aki Hadwi wungkul anu ngawangkongna di jalan satapak anu brasna ka kuburan ogé, euweuh sasaha apan?"
" Nya teu nanaon, éta mah rék percaya kana ucapan aing sukur henteu percaya ogé kajeun. Nu kadéngé ku kuring mah Aki Hadwi ngomong kitu, sarua jeung anu tadi ku kuring diomongkeun ka iralaing!" Mang Ohi dumareda, katénjo rada ngéléhan. Da puguh dina riungan naon baé ogé sok digebésan baé ku Si Kemed.
" Keun baé ah, arék Aki Hadwi ngala bawang taun 2021 ogé sabodo teuing, da euweuh pangaruhna ka déwék mah. " Hansip Ika milu ngomong. " Ujang, baku silaing mah… unggal nyieun kopi ngan amis teuing baé!" Pokna morongos, " Kopian deui!"
" Sakalian jeung lisongna, Mbah?" Tanya Kang Ujang.
" Nyangka jurig sia ka Aing?"
" Dedemit!" Ceuk Si Kemed. " Dedemit anu ngageugeuh Balédésa…"
Nu aya di didinya ger geran seuri.
" Matakan, manéh kudu ngarti Ujang. Ari ka dedemit balédésa mah lain saukur kopi pait wungkul, susuguh téh kudu ditambahan ku tumpeng , hayam bodas hayam hideung sagala. Apal minggu kamari, waktu di imah Kuwu Jumena aya kariaan rék nyunatan incuna. Apan Si Ika mah méméh maghrib ogé geus nyampak di tengah imah, nyanghareupan bakakak. Meureun bisi kapiheulaan ku dedemit Gunung Warangas!"
" Teu lucu sia téh Ohi. Rék ngabodor hareupeun Gépéng, kitu nya Péng!" Hansip Ika Jamedud, bari noél ka Si Kemed.
" Seug, ah.. kumaha manéh baé, Mit!" Ceuk Si Kemed.
Sanajan geus karolot, silih seblok ku ucapan jeung silih sebutan. Teu anéh lamun urang Cihérang mah sanajan geus karolot ogé katénjona masih kénéh rancinges. Da dina tiap riungan sok dibarengan ku banyol.
***
Aki Hadwi, dina tungtung taun 70an lain jalma nu dipikawanoh ku urang lembur, da sasatna disebut ménak mah asa pajauh. Dina komara mah masih éléh ku Kang Komar harita, kajaba jadi merebot masigit ogé sok jadi panitahan Lebé Erpol. Katelahna sanajan jadi ladén ogé ari gaul jeung campur jeung Lebé mah sasatna sok jadi pananyaan urang lembur. Sanajan teu hatam Quran nalika jadi santri kalong waktu jaman Walanda, ari ulin jeung Lebé mah skapeung sok ditanya ku tatanggana ngeunaan meunang henteuna urang Islam ngadahar Kodok meunang ngobor. Kitu kang Komar, béda pisan jeung Aki Hadwi.
Nasib alus mihak ka Aki Hadwi, mangsa tengah taun 70-an. Harita aya ménak ti Kota datang ka Cihérang, ari maksudna mah arék meuli tempat, rék sawah atawa tegalan, komo lamun taneuh anu aya di jero pilemburan mah cenah. Nya kabeneran urang Cihérang anu pangheulana papanggih jeung éta ménak téh nyaéta Aki Hadwi pisan. Kadieunakeun mah, jadi-jadi ogé éta ménak ti Kota meulian tempatna téh. Dikokolakeun baé ku Aki Hadwi, sawah kana satengah hektarna, jeung tanéh teuas , tegalan di beulah kiduleun Dulang Nangkub aya kana lima beras are-na.
Dina taun 80-an mah, itung-itung bangbubungah keur Aki Hadwi, kusabab daék jadi ladén ménak ti Kota téa, atuh ku manéhna , Aki Hadwi téh dipromosikeun meunang duit tunjangan véteran perang ti nagara. Geus tereh deukeut ka menah ari geus meunang duit tunjangan mah béda jeung Kang Komar, anu ngan meunang duit ti juragan Lebé, éta ogé lamun kabeneran koropak masigit pinuh. Atawa meunang penyecep ti para tatangga anu arék nyunatan budak atawa ngawinkeun budakna.
Harita, nu meunang tunjangan véteran ngan tilu urang. Apih Jajang mah bener cenah, ceuk incu-incuna minangka jalma anu ngalawan Walanda dina mangsa perang. Teu cukup kitu, malah bedog urut nilas lima tentara Walanda téh ngahaja ditempelkeun dina bilik imah. Ambeh katénjoeun ku tiap semah. Di beulah kidul aya Apih Amat, sarua éta ogé véteran perang. Sukuna ngan hiji, ceuk beja mah potong alatan keuna ku merieum Walanda. Beulah kaleren lembur mémang aya cubluk nu dipinuhan ku cai, cenah éta téh baheulana tapak dimerieum ku Walanda. Di éta tempat pisan, suku Apih Mamad potongna téh.
Urang Cihérang teu paduli, saha baé ogé heg téh teuing jadi véteran. Tapi ngeunaan Aki Hadwi anu dibere tunjangan ku duit nagara kusabab dipromosikeun véteran ku ménak ti Kota, kabéh ogé ngabati kerung. Lamun enya disebut véteran, da teu kacaritakeun lamun waktu ngorana Aki Hadwi kungsi milu bajoang jeung para véteran séjén. Anu sakuduna dipromosikeun mah apanan Abah Sarnaif jeung Kang Ukok. Da saksina loba, maranéhna duaan, baheula pernah dibabawa ku Mohamad Toha, nalika Mohamad Toha ka Sukabumi méméh aya kajadian Bandung dihuru.
Atawa pédah biwirna béngo? Heueuh meureun matak biwir béngo ogé kusabab baheula pernah dicabok ku Upas atawa Meneer Van Jensen nalika bajoang tuluy katéwak. Ngan keukeuh baé suwung, asa can pernah ngadéngé aya dongéng atawa carita éta di anu jadi uyut aki. Bener, ka dieunakeun mah, kabéh ogé hare-hare baé. Keun baé, da nasibna kitu meureun Aki Hadwi téh. Peupeuriheun méméh taun 70-an mah hirupna dipinuhan ku kasusah, atuh ayeuna-ayeuna meureun majuna.
Nepi ka ayeuna, Aki Hadwi geus sawawa jeung bisa disajajarkeun jeung demang dina jaman Walanda. Kebonna mayakpak, rék tompér ka wates lembur beulah kulon. Usum panén naon baé ogé geus tangtu moal katénjo rugina. Ngan keukeuh baé ari jalma mah, siga usum taun kamari sakitu panén térong nepi ka lima tonna ceuk manéhna mah ninggang di rugi dan harga térong keur turun.
Disebut pedit mah henteu, da tiap muludan jeung rajaban ogé tara éléh ku nu séjén dina barang bawa kuwéh atawa kadaharan séjénna. Lamun anu séjén mawa kuwéh téh ngan kaléngna wungkul da puguh eusina mah paling ogé rangianang atawa rangining, Aki Hadwi mah kue kaléng téh eusina mémang kuwéh. Sok ngahaja ceunah mesen ti Toko Babah Akong lamun ngadéngé aya sawala muludan atawa rajaban di masigit téh. Ngan nepi ka ayeuna asa can naék haji. Apanan ceuk Haji Sukri ogé: Arkaanul Islaamu Khomsatun… salah sahiji rukunna téh nyaéta munggah Haji lamun kawasa di jalanna. Nya salah sahijina mah boga duit. Urang lembur sanajan teu hatam Sapinah, tapi ari kana Rukun Islam-rukun islam baé mah pada apal cangkem.
Pernah ditanyakeun ku urang lembur ka Si Kemed. " Naha nya, ari Aki Hadwi can ka Mekah kénéh. Batur mah belaan ngajual sawah dua kotak da hayang nyium Hajar Aswad cenah!"
" Tanya baé ku Sia ka jinisna!" Kitu tembal Si Kemed.
Atuh saha anu daék nanya masalah jeung pasoalan pribadi ka batur. Mana teuing murelegna Aki Hadwi. Katambah asa kurang tata lamun nanya masalah kitu ka hiji kolot anu ayeuna téh geus sarua jeung ménak. Kudu dieneng-eneng apanan ari ménak mah. Béda deui jeung ka somah, ditalapung ogé jigana sah baé, dina heureuyna. Da ngaranna ogé atuh manusa, aya leuwih jeung kurangna. Teu luput tina kakurangan malahan. Ceuk Haji Sukri mah kitu. Aki Hadwi loba sawah jeung kebon éta mangrupa kaleuwihan manéhna, ngan can daék Indit ka Mekah éta kakuranganna. Nu penting mah manéhna masih kénéh daék ulubiung baé waktu aya kariaan, partisipasi aktif ceuk basa ayeuna mah.
" Entong boro jalma modél urang-urang, sasatna jalma anu teu apal kana alif bingkeng-bingkeng acan, jalma samodél Nabi Adam ogé apan pernah kagoda ku harewos Iblis." Ceuk Haji Sukri dina hiji mangsa di juru masigit réngsé neduna sholat Ashar. Si Kemed aya di dinya harita téh.
" Tong jauh-jauh, Lebé Jejen baé. Pangawéruhna mah wah sagala nyampak, nanya pasoalan naon baé ogé teu wéléh kajawab. Tapi lain bohong ieu mah, boranganna nataku pisan. Heuheu!"
" Pamali siah di masigit ngomongkeun kagorengan batur!" Gebés Ki Acip bari ngoles-ngoles duyungson kana beuheungna.
Iwal ti éta, urang lembur ogé nunggu-nunggu waktu, iraha cenah Aki Hadwi arék manen bawang beureum. Jadi piomongeun ari di pilemburan mah nu kitu baé ogé. Lain nanaon, da tali duduluran di lembur mah masih raket teu kawas di kota gedé. Aya budak disunatan ogé jalma-jalma napukna lain bohong, heueuh kabéh ogé mencrong kana bakakak hayam lain saukur nyecep ka budak nu disunatan wungkul.
Tapi dina hiji isuk. Kabéh ogé asa teu percaya kana naon anu didéngé. Nalika Abah Modin ngabéwarakeun dina sapéker masijig, " Innaa lillaahi wainnaa ilayhi raaji'uun… parantos mulih ka jati, mulang ka asal kersana Aki Hadwi. Tabuh genep kirang saparapat!" Jul jol jalma-jalma kaluar ti imahna séwang-séwangan, silih tanya jeung tatanggana. Bener atawa henteu pandéngé téh. Padahal Abah Modin ngumumkeunna téh aya kana tilu kalina. Aki Hadwi maot!!!
" Paingan atuh tukangeun imah kuring ti wanci saréureuh kolot nepi ka janari leutik, éta sora manuk sirit Uncuing mani kukurayeun. Teu eureun-eureun, déwék arék wudu terus tahajud ogé kapaksa saré deui, da keueung!" Ceuk Mang Ohi.
" Geus ti baheula da sia mah ngelud, tong boro tahajud, apan sholat lima waktu ogé sia mah mindeng ditiirna. Moal enya sholat Subuh dihijikeun jeung sholat dluha, seblu!" Ceuk Si Kemed. " Kitu tah ari ngaji teu hatam-hatam téh!"
Ilaharna di pilemburan, ngadéngé aya anu maot téh teu kudu ditutuh-titah, kabéh cuh-cih pada ngalakonan tugasna séwang-séwangan. Nu biasa ngagali taneuh langsung nyokot pacul , linggis, jeung garpuh, terus nepungan Haji Sukri, nyokot meteran tina awi saleunjeur. Ketua DKM , merebot, jeung ahli masigit mah langsung ngamandian anu maot, terus dituluykeun ku mungkus mayit, geus kitu mah breng kabéh ngaji yasin diluluguan ku Haji Sukri. Anu teu bisa ngaji ogé pipilueun, nya saukur meyem..meyem..meyem baé, pipilueun kana sora anu ngaji. Da moal aya ujianna ieuh cenah teu pira ngaji yasin.
Geus puguh nu jadi awéwé mah. Karék ngadéngé béwara aya anu maot ogé geus naker beas, diwadahan kana bogém, cul kana pasakan, leos baé neang batur-baturna ngalayad kanu keur katimpah balahi. Barudak sakola ogé ngadak-ngadak sok mérékeun manéh, komo lamun anu maotna jalma beunghar, lumayan ceunah Usalah leuleutikan ngala duit di kuburan. Da geus jadi kabiasaan, lamun aya anu maot téh barudak sok dibagi duit, méméh mayit dikuburkeun. Budak boloho mah, majar diperékeun ceunah ku guruna, da keur aya dina suasana kapapaitan. Véteran perang maot, nya sarua baé jeung maotna para pahlawan, kudu masang bandera satengah tihang!
Geus sagala beres, kuburan geus siap dieusian ku mayit, mayitna ogé geus dibungkus, geus dibabacaan, tinggal nyolatkeun jeung nguburkeun. Imah Si Jénat euyeub ku jalma. Kabéh pada hayang mawa pasaran. Keun baé beurat ogé ngalap berekahna, komo ieu mah anu maotna ogé jalma jegud.
" Ngantosan naon deui, Pa Haji?" Tanya Kuwu Jumena ka Haji Sukri.
" Ahlina, kulawarga jauhna geus dibejaan?" Tanya Haji Sukri.
Kabéh silih pelong. Nanya ka dirina séwang-séwangan, naha Si Jénat bogaeun ahli kulawarga? Aeh, enya… bener, asa jarang deui tiap lebaran ogé aya jalma utamana dulur jauh silaturahim ka Aki Hadwi.
" Hoorrr… apanan….!" Ceuk Bah Komar.
" Apan naon?" Kabéh mencrong ka Bah Komar.
" Paralun ieu mah sanes nyarioskeun Jénat, ti anom dugi ka pupusna ogé da teu acan kantos gaduh garwa…!"
" Heueuh, teu boga pamajikan ogé, keukeuh baé meureun ari Adi , Kaka, mamang, Ibi, Aceuk, Asep, jeung Eha mah bogaeun meureun, Mang Komar?" Ceuk Si Kemed.
" Duka palebah dinyana mah, kirang uninga. Da abdi mah kirang gaul, atuh unggal dinten ogé abdi mah ngurus embé Pa Lebé baé da!" Tembal Kang Komar.
" Kumaha atuh?" Tanya Kuwu Jumena, teuing ka saha.
" Nya, ari ceuk ajaran mah, kudu gancang-gancang dikurebkeun." Haji Sukri ngomong. " Ngan, bisi ieu mah, bisi ieu Jénat boga hutang pihutang arék duit atawa naon baé kudu dibebaskeun hela. Kumaha bebassss?"
" Bebasss…!"
" Nya hayu atuh ayeuna mah urang bawa ka masigit, urang sholatkeun hela."
***
Didagoan geus sabulan ogé, euweuh jalma ti lembur jauh anu datang komo nanyakeun ngeunaan Aki Hadwi mah. Rék maluruh ogé teu puguh da euweuh anu apaleun saha dulur-dulurna téh. Kabéh ogé bingung ongkoh, apan Si Jénat ogé manusa, moal enya aya ujug-ujug aya baé, kajaba lamun manéhna Jin anu keur nyamuni mah. Kaluar tina liang atawa guha? Kebon bawang euweuh anu wanieun ngala, sieun katulah cenah, pamali, sieun hanas bawang beureum diala, ari pék anu bogana datang bari nyekék peutingna. Kitu kaayaanna.
" Enya, najan teu pernah laki rabi ogé di alam dunya. Jigana Aki Hadwi ayeuna téh keur papanganténan di sawarga jeung bidadari nya?" Ceuk Si Ohi, panonna lempeng teuing ka mana.
" Ngan… sawah sakitu lega ogé teu dibawa, malah teu bisa dimangpaatkeun. Euweuh anu wani nyabak-nyabak acan gening. " Mang Ujang Milu ngomong.
Sabulan ti saprak Aki Hadwi maot, harga bawang beureum geus ngamimitian turun deui. Anu asalna 75rébu sakilo, ayeuna mah ngan 40rébu. Tapi angger baé, ceuk urang lembur mah nérékél, da harga asalna ogé ngan 15 rébu sakilona. Teuing iraha turunna téh, turun ka harga asal tangtuna. [ ]
KANG WARSA | SUKABUMI DISCOVERY

Dikirim dari Windows E-mail
Posting Komentar untuk "Aki Hadwi"