HIRUP HEUREUT

Mangsa keur budak, loba babaturan saentragan ngomong, jarak antara Balandongan jeung Lembur Pangkalan téh asa jauh. Teuing saukur rarasaan, atawa mémang harita mah masih pondok léngkah kusabab masih budak. Ngan lamun nénjo kana kaayaan mah éstu bener, sagala rupa karasa jauh, lega jeung gedé. Susukan hareupeun imah contona, dina taun 1980an lamun dibandingkeun jeung ayeuna béda pisan. Ku kolot budak susukan dina taun 1980-an mah teu bisa diléngkahan, da antara sisi beulah dieu jeung beulah ditu téh karasa pisan pajauhna. Mangsa ayeuna mah, ku budak satepak ogé bisa diléngkahan, diajlengan, komo sisi-sisina ayeuna mah geus ditémbok ku anu ngaranna talud. Cindekna, sagala rupa karasa beuki ngaheureutan di zaman ayeuna.

 

Hirup jeung kahirupan jalma teu bisa leupas tina pangaruh lingkungan, pangalaman-pangalaman, jeung luang nu aya, kitu ceuk John Locke dina paham Émpirisme-na. Beuki heureutna dunya, karasa beuki deukeutna hiji tempat ti lembur A ka lembur B teu bisa leupas tina pangaruh lingkungan, utamana kamajuan pamikiran, téknologi, jeung informasi. Baheula, jalan anu brasna ka Cicadas Kalér can diaspal, unggal lebaran ngaliwat ka éta jalan, ngaliwat kana jambatan luhureun susukan gedé karasa pisan jauh jeung capéna, kusabab disorangna ogé ngan sataun dua kali dina Idul Fitri jeung Idul Adha. Anéhna, harita mah leumpang anu jauhna nepi ka 3-4 KM teh teu luhlah, heunteu sanggeuk. Siga barudak pangajian, tiap arék datang Bulan Ramadhan sok pelesiran heula ka Cikundul. Ti Balandongan ka Cikundul téh kudu ngabring leumpang, sanajan jauhna 5 km, barudak katénjo suka bungah euweuh anu ngelud embung leumpang.

 

Dumasar kana téori émpirisme Locke, lingkungan gedé mangaruhan kana kahirupan, pola pikir, jeung kamandang jalma ti mangsa ka mangsa. Taun 1998 jalan Balandongan ti mimiti Balédésa nepi ka Pasir Pogor diaspal. Anu jadi kolot mangmeulikeun sapédah keur budak-budakna. Breng, usum sapédah. Ti mimiti sapédah pang leutikna nepi ka sapédah pang gedéna minuhan jalan, ti mimiti sapédah pangbututna nepi ka sapéda pang alusna pulang-anting di jalan anu karék diaspal. Ulin barudak teu saukur ulukutek di jero lembur bari catur, utik, galasin, bébénténgan, oray-orayan, jeung ucing-ucingan wungkul, ulin jeung batur salembur nu jirimna éta-éta kénéh. Sanggeus alat patali marga dialusan mah, barudak ngawujud jadi jalma lampar, ulin ogé geus nomaden, geus wani ulin jauh, ka Balandongan Wétan, ka Lio, Ka Pangkalan, jeung ka wewengkon séjén anu leuwih jauh.

 

Ka dieunakeun, ampir tiap imah boga motor, sanajan meunang ngiridit ogé. Atuh karasa beuki deukeut baé tempat-tempat anu asalna jauh téh. Nyubuh jeung ngabuburit dina bulan puasa henteu leumpang deui, maké sendal jepit, ayeuna mah geus kukurilingan ka Jalan Proklamasi, Cikundul, Santiong, Tegallaya, jeung Cipanengah, kaluar-kaluar deui di beulah kalér Jalan Balandongan. Indit jam opat ba'da ashar téh, jam lima leuwih saparapat ogé geus aya deui di imah. Baheula mah, ngabuburit, paling jauh ulin ka sawah beulah kidul bari ngurek atawa ngalakukeun kaulinan-kaulinan mangsa harita; siga gagajahan, ucing sumput, jeung gatrik. Ngan lamun geus asup bulan puasa mah sok bareng jeung usum langlayangan atawa usum bebedilan/pepeletokan.

 

Karasa beuki heureutna dunya lain dipangaruhan ku lingkungan wungkul. Téori émpirisme teu bisa ngadeg kitu baé da pasti dipangaruhan atawa aya patula-patalina jeung téori séjén, salah sahijina nativisme. Kamajuan jaman mangaruhan kana kahirupan jalma kacida pisan gedéna, jarak ti hiji tempat ka tempat séjén karasa beuki deukeut, hal ieu dituturkeun ku sikep jalma arék dina ide atawa tingkah polah. Contona dina ngawangun jeung wangunan imah. Méméh taun 1990-an, imah-imah anu aya di Balandongan antara hiji wangunan jeung wangunan séjén dibéré lolongkrang kosong, témbok imah Si A teu antel kana témbok imah Si B komo nepi ka dihijikeun mah. Ayeuna mah, wangunan hiji jeung wangunan séjén lolobana geus ngahariji, lembur karasa beuki rupek. Teu jauh béda jeung susukan, sisi-sisi susukan ditémbok terus diurug ku taneuh, ku jalma anu boga imah sisi susukan mah malah ngahaja didak, diheureutkeun, antukna susukan lain saukur karasa ngeheureutan tapi mémang jirimna geus heureut.

 

Heureutna tempat juung rupekna lembur geus ngalahirkeun jalma-jalma modérn tapi dina tingkah polah mah teu béda jauh jeung jalma-jalma primitif. Dina salah sahiji bukuna, The Third Wave, Toffler nyebutkeun, téknomania mangaruhan tingkah polah jalma: nomadén, kabiasaan pundah-pindah tempat lain saukur dilakonan ku jalma-jalma primitif ogé geus jadi kabiasaan jalma-jalma modérn. Isuk-isuk masih kénéh aya di Sukabumi, jam 9 geus bisa aya di Bandung atawa Jakarta, isukna deui geus bisa aya di Papua.

 

Rupekna lingkungan, geus ngahasilkeun hiji kaayaan beuki héséna sumber-sumber daya alam, anu diparebutkeun ku jalma beuki saeutik, antukna kudu néangan sumber-sumber di tempat séjén anu can pada marebutkeun. Conto leutik: keur batur sangu nalika dahar, dina taun 1980-an jalma teu kudu bingung da ku nguseup atawa nyair ogé, di susukan anu can heureut kawas ayeuna, bisa meunang bujaér atawa sepat, terus digoréng. Kabéh kondisi jeung kaayaan ogé bakal aya hikmahna keur jalma. Beuki heureutna kahirupan ladang keur ngadidik jalma sangkan bisa babalicetan ngajauhan hal anu dipikaembung jeung méréskeun masalah anu aya. Susukan arék lega atawa heureut ogé, angger baé kudu diliwatan, lamun teu nyieun cukang, urang ogé bisa ngaliwatan susukan ku cara ngajleng. [ ]

 
Dikirim dari Windows E-mail
 

Posting Komentar untuk "HIRUP HEUREUT"