Sajarah geus loba diapi lainkeun ku lolobana bangsa urang. Ieu mah lain saukur unek-unek jeung ‘komplén’, tapi geus jadi mangrupa kanyataan. Lamun ninggali kana ‘traffic’ jejer caritaan salila lima bulan ayeuna, anu dibasakeun ku bangsa urang henteu jauh tina tilu hal; Pilpres, Paléstina, jeung ISIS.
Alesanna, urang mémang hirup di jaman ayeuna, saolah henteu boga waktu keur ngabasakeun komo mikiran waktu anu geus kasorang jeung kaalaman ku karuhun urang.
Padahal ayeuna geus asup bulan Agustus. Jejer caritaan anu lumangsung salila ieu di nagara urang geus teu pati mokuskeun kana kajadian-kajadian anu lumangsung dina bulan Agustus sababaraha puluh taun ka tukang. Jol-jol ramé baé sisi-sisi jalan ku bandéra, umbul-umbul, jeung anu ngadangkeunna.
Aya paribasa anu asalna ti nagara Arab; “ Hubbul Wathaan minal Imaan’, mikanyaah ka lemah cai téh sawaréhna tina iman. Ku basa gaul mah nasionalisme jeung patriotisme. Dua kecap ieu sababaraha taun ka tukang geus mimiti dieliminir sangkan laas ku hiji kelompok anu mertélakeun nasionalisme sarua jeung ashobiyyah, ashobiyyah sarimbag jeung jahiliyyah.
Lamun dipikir kalawan jero, kamandang kelompok anu nyebut lamun ashobiyyah mangrupa warisan jaman jahiliyyah terus ditibankeun kana nasionalisme jeung patriotism ieu mangrupa kamandang anu henteu jejeg. sabab, nalika hiji kelompok nyebut lamun hiji paham disebut jahiliyyah, maranéhna geus mosisikeun diri ngagem paham anu paling bener, éta harti ashobiyyah, ngarasa bener ku paham sorangan, anu lain salah.
Leungitna sumanget Agustusan ogé salah sahijina dilantarankeun ku mindengna urang nunjuk kana irung batur jeung nunjuk nepak dada sorangan. Nepi ka ayeuna, pilprés baé can bérés-bérés masalahna. Loba alesan anu dikaluarkeun; ieu aya hubunganna jeung masalah kaadilan rahayat. Nya pék baé rahayat dijieun alesan, da ti baheula ogé anu bajoang jeung ngamerdékakeun ieu nagara lain sasaha, tapi rahayat.
Éta mah masih disebut leuheung, ieu mah aya deui kelompok anu jelas-jelas hirup dumuk di nagara Indonésia, derr kumawani nyoba rék ngadegkeun ideologi anu mindeng diterapkeun di nagara-nagara Arab. Lain niléy bangsa deui anu dijadikeun korban jeung lain rahayat deui anu dijieun alesan, ieu mah geus kumawani make atribut-atribut agama. Kusabab di Timur Tengah geus ngadeg anu ngaranna kakhilafahan, aya sababaraha jalma ti bangsa urang ogé anu ngucapkeun sumpah jangji jeung baéat. Idiologi ISIS kudu diterapkeun di ieu nagara. Untung baé loba tokoh ti kelompok agama anu nyebutkeun idiologi ISIS salah kaprah.
Anu ngamerdékakeun ieu nagara kudu diaku lolobana rahayat leutik. Kusabab nagara ieu mangrupa nagara Islam pang gedéna sa-dunya, cara ngarebut kamerdékaan geus pasti moal jauh tina sumanget kaIslaman. Tapi lain harti kusabab dibajoangkeun ku ummat Islam terus ieu nagara kudu dirobah ku sistem pamaréntahan anu sumberna tina hokum agama. Aturan-aturan tina agama cukup dijadikeun standar keur nimbang jeung nempatkeun hiji perkara anu jadi hokum positif. Da anu ngaranna bebeneran mah pasti umum.
Dua puluh taun ka-tukang mah, di lembur-lembur, nalika nyanghareupan bulan Agustus téh henteu béda jauh jeung arék nyanghareupan hajat. Pager imah tina awi jeung dipulas ku cét warna beureum bodas, masarakat geus tatan-tatan nyieun kaca-kaca ogé gapura. Sanajan simbul tapi kaciri pisan kumaha mikadeudeuhna bangsa urang ka ieu nagara. Teu kudu dititah ogé hideng sorangan. Mikacinta jeung mikanyaah ka nagara téh éstu ngeplés pisan jeung naon anu geus dilakukeun ku karuhun-karuhun urang.
Bulan ieu téh Agustus, loba carita anu kudu diguar ka anak-incu ku urang, sangkan generasi ayeuna jeung saterusna henteu mikapoho lamun di Sukabumi jeung di ieu nagara kungsi miboga generasi anu dipinuhan ku ‘sumanget hirup’ nyaéta para pahlawan.
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Jejer Anu Mimiti Diapilainkeun"