Parahyangan Effect



Henteu héran, kognisi masyarakat anu dumuk di tatar Arab jeung sabudeureunna nalika ngimpleng kaayaan sawarga tara jauh tina kaayaan alam di Tatar Sunda. Cai hérang anu cur cor, pinuh ku gunung jeung tutuwuhan, hiji tempat anu jadi inceran masyarakat gurun.

Hal ieu ngondang sababaraha pasoalan. Kahiji, naha kognisi masyarakat gurun anu diébréhkeun tina sababaraha kitab suci (Torét, Injil, jeung Quran) dina ngimpleng kaayaan sawarga dinisbatkeun baé kana kaayaan di Tatar Sunda? Kadua, naha pamikiran utopia samodél ayana sawarga ngan saukur kognisi masyarakat gurun anu karuhun-karuhun Arab jeung Semit anu hirup di tempat panas ngahéab nepi ka kaluar rasa sono kana hiji tempat samodél di ieu Tatar Sunda?

Pasoalan-pasoalan di luhur tangtu kudu dijawab kalawan panalungtikan anu daria jeung soson-soson ti sakabéh jalma anu weruh ku pangarti ngeunaan masalah sosial, alam, jeung kamotékaran atawa peradaban manusa. Kuring ngan saukur bisa méré hipotésa awal ngeunaan ieu hal. Ngeunaan kaayaan alam di bumi ieu henteu leupas tina pangaruh umur alam. Ayana palataran taneuh anu panas ngahéab (gurun) lain kusabab diciptakeun ku Alloh kitu ayana, tapi dilantarankeun ku jalma sarakah anu ngabukbak leuweung keur kapentingan golongan.

Tatar Arab jeung daérah di sabudeureun éta wewengkon, geus pasti dina mangsa milyaran taun ka tukang mah mangrupa taneuh anu henteu béda jauh jeung di Tatar Sunda. Kalakuan karuhun jalma anu aya di Timur Tengah jeung Afrika sababaraha milyar taun ka tukang anu jadi cukang lantaran ruksakna alam Timur Tengah jadi wewengkon anu panas.

Dina diri jalma geus pasti miboga file atawa ingetan anu diwariskeun jeung ngocor tina getih ti karuhun nepi ka anak incuna. Ingetan atawa file ngeunaan éndahna alam sababaraha milyar taun ka tukang terus nerap dina temporary file masyarakat di Timur Tengah jeung Afrika. Dina hiji waktu, maranéhna ngalaman hiji dejavu, asa pernah cicing di hiji alam anu pinuh ku tutuwuhan jeung cai anu ngagenyas hérang. Kulantaran kitu, pangburuh ti Pangéran sok dibréhkeun ku bakal diasupkeunna jalma-jalma anu saroléh kana hiji tempat anu aya dina alam impian maranéhna. Ampir kabéh kayakinan kuno/heubeul di wewengkon Timur Tengah percaya kana buruhan ti Pangéran keur jalma-jalma bageur téh nyaéta ‘sawarga’.

‘ Sawarga’ lain saukur dibréhkeun mangrupa hiji tempat anu ngeplés jeung Tatar Sunda, ogé disintésiskeun jeung kumaha mahabuna prakték-prakték séksual. Kabéh kayakinan anu asalna ti Timur Tengah percaya, di sawarga mah jalma utamana lalaki bisa kawin jeung widadari nepi ka 70 urang. Pamikiran model kieu mangrupa konsép tina tribalisme, lalaki kudu miboga pamajikan loba sabab kudu ngalahirkeun turunan keur nambah kuantitas hiji tribal atawa kaum.

Kognisi masyarakat anu aya di wewengkon Timur Tengah geus tangtu béda jeung jalma-jalma anu aya di Tatar Sunda. Ratusan nepi ka rébuan taun ka tukang, karuhun Sunda geus ngagem hiji kayakinan lamun alam ieu dijieun ku HIJI DZAT anu MAHA TUNGGAL. Bralna ajaran monotheis di Tatar Sunda ieu henteu ujug-ujug aya, tapi ngaliwatan fase kontémplasi, karuhun Sunda mindeng nafakuran alam sabari dibarengan ku sikep ajrih jeung kontémplatif. Sanajan, henteu kabéh karuhun Sunda miboga sikep anu sarua, da karuhun Sunda ogé geus pasti aya anu soléh, bener jeung jahat.

Hasil tafakur karuhun-karuhun Sunda ieu ngahasilkeun ajaran ngeunaan bebenaran; tékad, ucap, jeung lampah anu hade. Lamun jalma miboga tilu hal éta geus pasti éta jalma bakal salamet (Islam), henteu héran lamun Achmad Chodjim nyebutkeun; karuhun Sunda geus ngagem ajaran Islam saméméh Islam sumebar di wewengkon Arab. Hartina, ajaran anu bener geus pasti geus aya bareng jeung ayana jalma di ieu alam dunya. Geus sampurna lamun jalma daék nafakuranna. Ku logika basajan ogé urang bakal boga pamadegam, pamohalan Gusti Alloh anu Maha Sampurna dina nyiptakeun hardware (Alam jeung Manusa) henteu dibarengan ku softwarena (ajaran jeung kayakinan anu Asal). Ngan ka dieunakeun baé, loba software jeung ajaran anu dimodifikasi, diréka-réka, malahan diadon ku jalma, dicampur adukkeun antara ajaran murni ti Alloh jeung hal anu sakuduna mangrupa ‘budaya’. Ieu pisan anu ngalantarankeun bijilna hal anu siga bener padahal can tangtu bener jeung hal anu salah padahal éta anu bener. Ajaran diwangun jadi Agama, hiji lembaga kayakinan anu miboga sifat rélatif, ceuk ieu bener ceuk itu salah.

Hasil kontémplasi karuhun-karuhun Sunda sorangan anu ngahasilkeun kamandang, jalma kumelendang di alam dunya lain saukur ngungudag buruhan ti Alloh, tapi mangrupa jalan manusa kumaha carana balik deui ka Alloh. Ageman hirup keur karuhun-karuhun Sunda dilarapkeun dina kahirupan lain kusabab kabita ku buruhan bakal disasupkeun ka sawarga tapi mangrupa patékadan sangkan jalma balik ka ‘Buana Nyugcung’. Lamun jalma masih miboga jeung resep kana kagoréngan dina hirup, maka jalma bakal tetep kumelendang néangan jalan balik di buana ‘ Panca tengah.’ Lamun masih kénéh tetep migawé kagoréngan anu leuwih rongkah, jalma antukna bakal balik ka ‘ Buana larangan.’ , hiji tempat anu dipinuhan ku manusa-manusa sasar, dedemit, jurig, ririwa, jeung mangkluk jahat séjénna.

Dina kosmologi Sunda, siklus kahirupan model di luhur hiji tanda kumaha Maha Adilna Alloh ka manusa. Heunteu saukur ngalaman hirup anu sakeudeung terus dibéré kulian atawa pahala. Siklus kahirupan dina kosmologi Sunda mangrupa sistem anu maha dahsyat ti Alloh sangkan jalma bener-bener daék mikir jeung nafakuran kana ajaran anu sajati. Disebut hiji sistem anu ngébréhkeun kaadilan ti Alloh hartina bisa dicontokeun; Kumaha lamun aya jalma anu umurna ngan 30 taun, terus salila hirup ngalakukeun kajahatan, naha langsung disiksa ? Aya deui jalma anu béda agama jeung urang, terus urang boga pamikiran kusabab béda kayakinan geus pasti éta jalma bakal maot terus diasupkeun kana naraka, kari-kari salila hirup éta jalma miboga tékad, ucap, jeung lampah anu hade? Naha adil lamun éta jalma disiksa? Quraisy Shihab nyebutkeun, dibéré kulian atawa henteuna hiji jalma mangrupa hak préogratif Alloh.

Pamikiran karuhun Sunda ngeunaan hal tadi mangrupa hiji ajaran anu linuhung. Ku jalma anu geus dibéré akal ku Alloh kudu dipikiran lain dikakafir komo disebut sasar mah. Dina Surat Alfatihah ogé dijentrékeun kumaha sakuduna jalma ménta ka Alloh ngeunaan sangkan dibéré pituduh kana ajaran anu lempeng (Ihdinas shiroothol mustaqiim). Hartina, unggal waktu, urang kudu ménta dibukakeun mana bener jeung mana salah. Sakumaha anu geus dilakonan ku karuhun Sunda jutaan nepi ka milyaran taun ka tukang. Koncina, urang kudu daék mikir atawa tafakur. Ceuk karuhun urang mah; sing asak-asak ngéjo bisi tutung tambagana, sing asak-asak nénjo bisi kaduhung jagana.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Parahyangan Effect"