Imah Panggung Ma Aum

Ilustrasi

Dina bulan puasa, imah panggung Ma Aum (almh) dipinuhan ku anu ngabeubeurang sanggeus wanci lingsir ngulon. Barudak mah sok ngadon gogoléran sagala, aya ogé anu ngariung ‘Papan Catur’, anu séjénna ngadarapang bari ngeusian TTS. Teu boseun, saban poé kikituan salila bulan puasa di éta imah panggung.

Dedegan imah weweg sanajan geus kawilang kolot. Aya anu nyebut éta imah ngeplés pisan jeung wangunan ‘ tagog anjing’. Pernahna gigireun pisan kulah masigit Ath-Thohiriyyah. Dina taun 80-an mah hareupeun masigit can aya ‘Majlis/tempat pangajian’ jeung pinuh ku imah, éstu saukur kebon hieum anu dipinuhan ku tangkal cau. Di wewengkon Balandongan Kidul sorangan can jlug-jleg imah kawas kiwari.

Méméh taun 80-an ogé, éta imah mémang geus jadi tempat pangulinan para nonoman taun 70-an. Nya salah saurang nonoman taun 70-an téh meureun bapa pituin kuring. Sok nyaritakeun éta ogé, cenah, mangsa keur ngora mah éta imah sok dipinuhan ku para nonoman, teu saeutik anu ngaradon saré dina talupuh imah réngsé begadang. Kaayaan samodél kitu téh geuning kaalaman ogé ku generasi saterusna.

Anu jadi aki jeung nini sok nyaritakeun kumaha kaayaan lembur Balandongan dina taun 30-40an, méméh alam kamerdékaan. Jumlah suhunan imah masih kawilang can pati euyeub, rata-rata panggung, talupuh ku bilik hinis. Geus jadi kabiasaan masyarakat harita, sakuriling imah sok dipelakan ku rupaning tutuwuhan. Kolong imah dijadikeun kandang ingon-ingon, teu héran lamun barudak harita sok katerap ku panyakit ateul kusabab ‘tetep’ atawa bobogaan lalaki dicoco ku tongo.

Dina taun 60-an, révolusi dedegan wangunan  dimimitian di Balandongan. Imah panggung diréhab, diganti ku wangunan semi permanén, ceuk basa ahli wangunan mah ‘ imah setengah badan’. Ciri arsitektur taun harita mintonkeun suhunan anu ngajulang, laluhur, para imah ogé lalangab. Imah anu jelas mintonkeun révolusi wangunan di Balandongan Kidul dina mangsa transisi pamaréntahan Orde Lama ka Orde Baru diantarana; Imah Abah Safri (alm) anu ayeuna geus dibongkar, Imah Mang Aat (alm) ayeuna masih nyésakeun tanda-tandana, jeung Imah Haji Huro anu geus dibongkar ogé.

Kajaba diréhab, dina taun 60-an katompérnakeun mah masyarakat geus ngamimitan ngawangun imah. Sabanding jeung kaluarna sababaraha anggota kulawarga tina kulawarga inti. Nepi ka taun 80-an mah ngan nyésakeun sababaraha suhunan anu bisa disebut imah panggung diantara; imah Buyut pituin anu ayeuna geus dibongkar, tempatna dibeuli ku Kang Budi diadeugkeun imah permanén. Imah Panggung Kang Udin Jalu (alm), Imah Kang Hajar, Sabagéan Imah Aki Abad (alm), jeung Imah Ma Aum (almh).

Imah panggung Ma Aum dibongkar dina taun 91-an, ku Kang Abun dijieun imah permanén. Ayeuna ditempatan ku Ceu Nining. Mimiti diadeugkeun éta imah mah para nonoman loba kénéh anu sok ngadon ngaréndong, kajaba imah can ditempatan ku anu bogana, ogé deukeut jeung masigit, jadi barudak tara hésé hudang dina wanci subuh. Ngan angger wé ari barudak anu beuki saré mah, mumul ka masigit ogé, komo kudu mandi hela di kulah masigit mah.

Ngan sabari nyawang deui, keukeuh baé kacida jauh béda antara saré di imah permanén jeung saré dina talupuh imah panggung Ma Aum. Kacida jauh pisan bédana. Lamun kudu diukur ku kanikmatan mah, masih kénéh ngeunah saré dina talupuh, da kaalaman ku kuring sorangan. Anu matak henteu saeutik jalma anu ngomong; da ngaran kabagjaan anu saéstuna mah ngan dipimilik ku jalma anu bisa tibra saré sanajan henteu dikasuran jeung dibantalan, ngagolédag dina talupuh, kerrr baé ngaguheur kérék. Tapi, da hirup jeung kabagyaanna mah lain saukur saré wungkul pan?

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Imah Panggung Ma Aum"