Bray Jeung Brow

Sumber Gambar: Suara Merdeka
Mimiti mahabu kecap "bray jeung brow" teh beh dieu pisan. Keur masarakat Sunda mah, kecap "lur" geus dipaké tianggalna ogé.

Kecap "bray" dicokot tina kecap "baraya", nya sarua baé hartina mah jeung dulur. Lamun ditanya ku batur: " Saha ari Pa Udung téh?" Biasana sok dijawab, " Oh, Pa Udung mah baraya kuring, ti réh-réhan lembur beulah kalér."

Geus puguh ari kanu beunghar mah, cacakan lain dulur atawa baraya ogé sok pada ngaku dulur. Lamun geus teu boga deui alesan panca kaki, anu dijadikeun alibi nyaéta " dulur sa-Adam..".

Béda lamun tibana ka jalma miskin komo sangsara, anu geus jelas dulur pituin ogé sok diaku deungeun-deungeun. Matak aya paribasa, dulur jadi deungeun-deungeun, kitu deui sabalikna, deungeun sok jadi dulur.

Kecap "bray" dina jaman kiwari jadi hiji trénd, ngalegaan makna. Saeutik-saeutik anu diucapkeun téh, " Ah.. Keur kieu wé, bray!"

Sedengkeun kecap "brow atawa bro" mangrupa kecap serapan tina asal "brother" dulur (kaka atawa adi) lalaki. Keur ka awéwé mah sok ngagunakeun kecap "sis".

Béda ormas, organisasi, atawa kelompok sosial biasana sok béda ogé kecap anu dipakéna. Ku ormas-ormas Islam mah anu sok dipaké biasana kecap "akhi" atawa "ukhti".

Sababaraha OKP sok ngagunakeun kecap "bung" nalika ngawangkong jeung baturna. Ngadopsi tina kabiasaan para founding father nalika mairan caritaan ka baturna. Siga ucapan masarakat Indonesia antara taun 1930-1950an, "merdeka, bung!"

Anu geus teu digunakeun mah nyaéta kecap "kawan", kecap anu sok dipaké ku kelompok pergerakan komunis. Siga kieu, " Bagaimana strategi gerakan partai kita, kawan Aidit?"

Kecap-kecap éta digunakeun maksudna mah sangkan hubungan psikologis papada jalma leuwih deukeut jeung kabeungkeut ku hubungan interpersonal. Tapi lamun salah ngalarapkeun mah tetep baé karasa pisan culudurna, siga lamun aya hiji santri ngomong ka kyai, " Nuju ngapalkeun, bray!"

Kitu tah, lur...

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Bray Jeung Brow"