Sunda Kudu Midang

Saminggu ka tukang, kuring nyerat ngeunaan dua candi anu aya di Jawa bagéan tengah; Prambanan jeung Borobudur. Dijéntrékeun kalawan daria, mangsa abad ka 6-13 Maséhi mah anu ngaranna sajarah geus bisa ditalungtik ku ayana bukti-bukti sajarah, arék mangrupa arca, candi, batu, ogé seratan. Ngan jauh saméméhna, para ahli sajarah manggihan hiji garis anu pegat (missing-link), kumaha sabenerna sajarah kahirupan jalma boh anu aya di wewengkon Sunda, ogé sakuliah dunia. Kabéh masih miboga téori sewing-séwangan, ku basa ayeuna mah bisa disebut masih rarampa, ngahiji-hijikeun hiji téori jeung téori séjén, kadieunakeun teu saeutik anu ngagunakeun métode “cocokologi”, diakur-akurkeun saperti ayana téori asal-muasal jalma dina konsép évolusi.

Loba kajian anu sabenerna bisa digunakeun ku jalma dina nalungtik kahirupan anu geus lumangsung. Sanajan téori ilmiah nyebutkeun sagala rupa kudu dilakonan kalawan ngaliwatan métode ilmiah, sabenerna ampir kabéh téori social mah diwengku ku anu ngaranna pseudo-sicence (pangaweruh semu). Siga anu enya ilmiah, padahal lolobana kaluar tina kamandang hiji subyék anu diilmiah-ilmiahkeun. Keun baé, da ngaranna ogé tarékah jeung usaha anu tujuanna mah ngabenerkeun jeung ngalempengkeun sajarah.

Aya anu nanya, cenah Candi Borobudur téh diadegkeun ku Nabi Sulaéman, nabi ti Bani Israil anu ayana di wewengkon Timur Tengah (Isroil), naha bener, Kang? Disebut salah bisa, disebut bener ogé heg téh teuing. Ngan lamun nalungtik kalawan jero mah, asa pamohalan Nabi Sulaéman anu anti kana konsép paganism (kayakinan anu nyembah kana patung), maké kudu nyieun candi anu dipinuhan ku patung jeung arca. Geus patukang tonggong lamun téori monnotheisme dipaké. Apan Nabi Sulaéman mah dina Quran jeung Taurat, ogé Injil dijentrékeun salah sahiji raja Bani Isroil anu ngagem kayakinan Monotheis. Hartina, moal mungkin Sulaéman ngadegkeun bangunan anu diimplik-implikan ku konsép Politheis.

Ngakurkeun jaman ogé geus kacida pisan jauhna,jaman ratusan taun saméméh maséhi jeung abad ka 13 Maséhi. Ngeunaan kasaktén jeung mujizat Nabi Sulaéman anu bisa nalukkeun jin, bisa nitah jin, jeung bisa mindahkeun hal-hal anu sifatna nyata kalawan sakedrét nétra? Éta geus kaluar tina fakta historis, jadi teu kudu diguar. Teu jauh béda jeung dongéng Sangkuriang anu bisa ngajieun talaga jeung parahu dina sapoé, terus kusabab maksudna teu kacumponan najong parahu, antukna éta parahu jadi hiji gunung anu aya di Bandung.

Sagala rupa ogé anu sifatna hal saperti di luhur kudu ditarima ku kaimanan, Kang! Kitu ceuk babaturan kuring. Ceuk kuring, kisah Sulaéman éta asalna tina carita Israiliyyat, dicaritakeun jadi folklore, sarua jeung dongéng-dongéng anu aya di wewengkon Sunda. Kadé, ari nganilai hiji hal ulah licik jeung beurat sabeulah, naha ari kana kisah-kisah anu asalna ti wewengkon Isroil kudu ditarima ku kaimanan, ari kana sababaraha dongéng anu aya di wewengkon urang sorangan kudu ditalungtik kalawan ilmiah. Picik jeung licik éta ngaranna. Pédah dongéng-dongéng Sunda teu dicatet dina kitab suci terus dianggap bohong, pédah kisah-kisah Isroiliyyat aya dina kitab suci terus diagung-agung mangrupa hal anu bener? Ulah licik ari hirup kudu siger tengah!

Hal ieu kulantaran, lalaworana bangsa-bangsa di timur tengah anu kumawani ngasupkeun carita-carita kana ajaran. Antukna, lamun geus asup kana ranah téologis saolah geus henteu bisa dipungkir deui pasti bener ayana. Jalma sorangan pinuh ku kakeueung nalika kamandang geus asup kana ranah téologis, padahal carita jeung kahirupan jalma arék Nabi atawa jalma biasa mangrupa kanyataan social anu sakuduna dijauhkeun tina hal-hal immanent. Antukna pamikiran jeung paniléy kana carita jadi henteu saimbang. Pinuh ku sikep anu licik.

Naha di wewengkon Jawa Barat atawa Parahyangan jarang pisan aya candi anu garedé? Aya hiji kamandang anu mertélakeun, urang Sunda buhun (bisa Milyaran, jutaan, atawa rébuan taun ka tukang) mangrupa hiji paguyuban anu ngagem monotheisme. Urang Sunda pisan anu pangheulana nyebarkeun pamikiran monotheis, ibadah jeung ngabdi ka Alloh teu kudu maké perantara, kuil, jeung candi, atawa tempat-tempat ibadah, cukup ku ngalakukeun kontlémpasi, menekung kanu Agung. Malahan ku kajian paralogis mah kapanggih, ajaran Tauhid téh éstu asalna ti Sunda pisan. Kecap Alloh ogé disumebarkeun ku urang Sunda dina mangsa milyaran atawa jutaan taun ka tukang.

Naha kitu? Apan kecap Alloh mah éta tina Basa Arab. Basa Arab mah saukur mopulérkeun deui, da kecap Alloh teu miboga kecap dasar. Diserat kumaha baé ogé foném atawa bacaan kecap Alloh tetep dibacana AW-LOH. Basa Arab sorangan sabenerna mangrupa basa anu asalna ti bangsa Fenisia, sakokocoran jeung basa-basa semit anu aya di wewengkon Timur Tengah. Tug nepi ka danget ieu, can pernah aya hiji panalungtikan anu jero ngaguar masalah ieu. Aya anu nyebut kecap Alloh téh asal tina kecap Ilah ditambahan ku alif –lam, atuh kacida bahayana ngasupkeun Alloh kana kecap barang (isim-mah), sabab Alloh lain barang atawa benda ogé anu dibendakeun. Kecap Alloh mah geus aya tidituna ceuk basa deungeun mah “taken for granted” meureun.

Geus pasti bakal loba anu kerung jeung moal percaya kana kamandang ti kuring. Bener, sabab geus loba anu enya dilain-lain anu lain dienya-enya. Padahal dina ajaran urang geus diguar paribasa sing asak-asak ngéjo bisi tutung tambagana, sing asak nénjo bisi kaduhung jagana. Geus waktuna urang Sunda kudu midang, da urang ogé boga ajaran anu linuhung. Urang pisan anu pangheulana ngawanohkeun kahirupan kana konsep Tauhid. Anu kudu dijauhan ku urang salaku urang Sunda nyaéta, ngalembagakeun kayakinan terus dijadikeun agama. Karuhun-karuhun Sunda milyaran jeung jutaan taun ka tukang henteu pernah ngalembagakeun kayakinan terus dijadikeun agama, sabab maranéhna sadar, hubungan manusa jeung Alloh mah hubungan anu sifatna personal. Masalah-masalah social lakonan ku kalawan ayana konsensus jeung kamufakatan dina hirup.

Geus teu bisa dipungkir, lobana papaséan jeung kaributan téh kusabab jalma marebutkeun agama. Padahal anu sakuduna dipintonkeun dina kahirupan mah saripati tina ajaran éta agama. Kudu milampah hade ka sasama, jauhan pacogrégan, jeung teu meunang maksa pirusa ka batur. Pasoalan-pasoalan kahirupan arék anu ngaranna pangaweruh atawa undang-undang tanjeurkeun ku akal, da dina manusa geus boga alat panyaring mana bener mana salah, teu kudu dicampur adukkeun terus diaku-aku lamun ieu wahyu ti Alloh.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Sunda Kudu Midang"