Ageman Hirup

Anu diajarkeun ku para kyai baheula ka masyarakat lain saukur raga badag pangajaranna. Aya hal anu leuwih penting, nyaéta ngeunaan eusi, substansi, jeung ruh pangajaranna. Di Balandongan, antara taun 1988 nepi ka taun 2000 keur diri kuring mah mangrupa dékade, di mana atikan agama keur jadi panglima anu mawa masyarakat kana kahirupan sajati. Ajaran agama lain saukur mangrupa simbol, ngan mangrupa patung-patung, aksara-aksara, jeung kitab-kitab anu barulukan. Tapi bener-bener mangaruhan kana sagala réngkak paripolah masyarakat pada umumna.

Kusabab ajaran agama diajarkan nepi kana substansina, masyarakat teu resep ngageulis ku ibadah anu diréka-réka, teu resep ningalikeun hal anu aya sangkut pautna jeung ibadah mahdloh. Tapi maranéhna boga kayakinan lamun sagala kahirupan anu saluyu jeung galur anu geus ditangtukeun ku Allah éta mangrupa ibadah. Hadits anu pihartieunna: Anu disebut Islam téh, lamun jalma anu lain geus bisa salamet tina tingkah jeung ucapanna, lain saukur mapaés jeung diapalkeun ku barudak nalika di pangajian, tapi nyaliara kana kahirupan sapopoé. Ajaran agama mangrupa sintésis antara simbolisme skriptualis jeung substansialisme moral.

Jauh saméméh, ku para ahli ditalungtik ngeunaan simbolisme agama. Hiji faham anu percaya lamun kayakinan téh kudu diébréhkeun jeung katénjo ku panon lahir. Lamun abus bulan ramadhan, kudu diramékeun ku nyieun kariaan saperti pawéy dulag, pawéy taaruf, jrrd. Resep masang baligo anu eusina ngucapkeun jeung ngabagyakeun datangna bulan suci ramadhan. Lamun keur anu leuwih luhur, resep némbongkeun dalil jeung ngahartikeun éta dalil kalawan saujratna, skriptual, ngainterprétasikeun hiji dalil sagemblengna jeung harti anu aya, sakapeung tara dikuat-kait jeung dalil-dalil anu séjén. Bari ngapilainkeun kana hal anu sabenerna naon anu dipimaksud ku éta dalil. Padahal, anu apal sabenerna kana maksud dalil-dalil tina kitab suci téh ngan Pangéran.

Masyarakat Balandongan, ti dékade 80-an nepi ka akhir 90-an bener-bener mangrupa masyarakat anu loyog jeung sebutan lamun baheulana Sukabumi téh mangrupa Kota Santri. Geus tangtu teu saukur tina kaayaan masyarakat anu resep didadamping wungkul jeung kamamana marawa kitab konéng, tapi masyarakat bener-bener didadamping ku ahlak anu sakuduna. Silih salametkeun papada, nulung anu butuh nalang anu susah, sakapeung dina méré bantuan téh tara nénjo naha bisa malikeun deui atawa henteu, justru anu diheulakeun téh nyaéta duduluranna téa.

Barudak ngaji, réang dimasigit, anu masih leutik jeung bebenyit dialajar di imana séwang-séwangan. Wanci sareupna jarang aya budak anu nglampreng di jalan, komo bari momotoran mah, da rék momotoran kumaha jalan ogé masih batu anu ngéntép, can diaspal kawas kiwari. Geus pasti ari dina mangsa bulan puasa mah, pangajian téh beuki ramé. Teuing kumaha da harita mah, kuring sorangan anu jadi budak asa ajrih jeung sieun ku kolot. Tara kumawani némbal komo bari ngalawan mah. Da kabéh boga sangka alus, ucapan kolot jeung guru bener-bener digugu, da geus tangtu nitah kana kaalusan.

Anu jadi kyai tara loba ngadalil, tara maca dalil lamun éta dalil can dipilampah ku manéhna. Teu resep labél jeung bungkus, da agama mah lain kacang asin anu kudu dibungkus ku labél sangkan laku. Masih inget nalika hiji Kyai anu teu apaleun lamun di Mesir téh aya Universitas Al-Azhar -Al Azhar acan cumarita ka kuring ngeunaan masalah Qishos. “ Qishos téh mangrupa hukuman anu kudu dilaksanakeun, tapi lain hartina ngan saukur diteukteuk beuheung wungkul keur jalma anu maéhan sasama. Eusina anu munel tina éta dalil, yén kaadilan téh kudu bener-bener ditanjeurkeun dina kahirupan. Panghormatan kana nilai-nilai kamanusaan kudu bener-bener dijaga, da manusa mah lain munding atawa hayam anu gampang diala patina.”

Keur nanjeurkeun kaadilan, masyarakat harita teu kudu nyieun kantor atawa wangunan anu agréng bari ditulisan ku aksara baradag : KANTOR PENGADILAN NEGERI. Éta mah ngan saukur simbol. Tapi anu leuwih utama, kumaha éta nilai-nilai kaadilan téh bisa tumuwuh dina haté jalma harita. Teu kudu nyarieun partéy politik anu maké kecap KEADILAN, bari hésé adil ka batur, da rumasa dirina geus adil téa, masyarakat harita cukup ku ngalakonan hirup bari akur ka batur, tara ieu aing pang asana.

Kabéhdieunakeun, pasca réformasi, umumna rakayat Indonesia geus jaradi bebenyit deui. Da boga rumasa lamun réformasi téh mangrupakeun hiji “ KELAHIRAN BARU SEBUAH BANGSA”. Siga bebenyitna katénjo tina tingkah polah umumna rahayat anu jaradi bebenyit deui. Sing darengék teu kaop dibéré soal anu rada hésé, luwa léwé ka anu jadi kolot bari lélétak, resep kana symbol, resep aing-aingan da égoséntrisme ngakar tur nyaliara dina kahirupan, resep géng-géngan, pundungan, teu kaop béda eusi sirah langsung paséa. Ieu kaayaan téh lain saukur di handap wungkul, dalah keur jalma-jalma anu disebut arélit ogé kalakuanna mah teu jauh béda jeung barudak PAUD. Lamun geus kieu, iraha rék nanjeurna deui bangsa urang téh? Hayang maju? Pamohalan bisa.

Posting Komentar untuk "Ageman Hirup"