Lolobana jalma anu hirup dina mangsa ayeuna geus sapuk kana hiji kamandang lamun pangaweruh (sains) modérn geus bisa ngahontal hal-hal anyar anu aya patula-patalina antara alam jeung jalma. Pakakas jeung barang-barang anyar hasil prosés téknologi anu teu pernah kapikir ku jalma saméméhna karasa asa ujug-ujug geus nyampak dina kahirupan ayeuna.
Hal anu can pernah kapikir ku generasi saméméh tahun 2000-an, malah ngan saukur aya dina sawangan jalma harita, ayeuna geus bisa dibuktikeun kalawan nyata. Cindekna, kanyataan hirup modél kieu mawa jalma kana pamadegan: hirup jadi leuwih éfisién jeung praktis. Sababaraha abad ka tukang, Galileo jeung Copernicus kudu murelengkeun panonna keur nénjo aya naon baé di awang-awang, ku ayeuna mah, jalma geus bisa ngabuktikeun kumaha usik malik planet anu aya di ieu alam. Lain saukur éta, ku kamotékaran pangaweruh, jalma saolah geus bisa ngeruk jeung ngeduk naon baé sumber daya alam, sakapeung tara merhatikeun tetekon maranéhna salaku jalma anu hirup di ieu alam.
Sok sanajan kitu, ti sagigireun naon anu geus dihasilkeun ku jalma anu bisa disebut spéktakulér, ceuk Thomas Kuhn, loba hal anu ngabalukarkeun pigoréngeun keur lumangsungna kahirupan jalma jeung alam ieu. Hal éta dilantarankeun ayana kamandang anyar, paradigm anyar, jeung cara mikir jalma. Salah sahiji conto kumaha robahna kamandang jalma jaman ayeuna nyaéta, loba jalma anu geus kurang ngamumulé jeung mihormat kana tradisi, hal-hal anu sifatna métafisik, kadieunakeun mah méngparkeun diri jauh-jauh sangkan teu wawuh ka saha anu geus nyiptakeun urang.
Keur bangsa urang mah bisa jadi ieu mangrupa hal anyar, ngan lamun niténan kana sejarah, bralna kamandang jeung cara mikir ieu geus lumangsung ti abad ka 17 di Eropa. Hiji abad anu disebut “einlighment”, jalma geus mosisikeun diri salaku mahluk anu bisa nyiptakeun sagala hal, jaman nalika akal dijadikeun puseur kahirupan, mangsa nalika kaluarna anggapan cara basajan jeung paradigm tradisional kudu dijadikeun musuh jeung ditumpurludeskeun dina kahirupan.
Adegan “renaisance” henteu ujug-ujug, tapi ngaliwatan prosés panjang. Ti jaman Yunani kuno ogé loba ilmuwan anu boga kamandang, lamun alam ieu sama sakali teu digerakkeun ku sumber ilahi. Alam jeung manusa ngadeg kitu baé (self-generating) jeung lumangsung ku sorangan (self-operating). Kamandang anu dianggap tradisional saperti alam ieu aya anu nyiptakeun, ayana Gusti Alloh, jeung ayana hal-hal kailahian dianggap geus katinggaleun jaman sok sanajan paradigm anu disebut modérn ogé sabenerna geus kawilang tradisionalna, bisa disebut kuno.
Dua madzhab anyar: naturalisme jeung matérialisme geus nyéréd kahirupan jalma sangkan ngajauhan hal métafisik,cindekna geus nyiptakeun pradigma atéistik, kahirupan euweuh anu ngatur. Sagala rupa anu nyampak di ieu alam ngan saukur hal-hal anu katénjo ku panon, raga badag, prinsip kahirupan ngan saukur pasoalan-pasoalan fisik, euweuh hubunganna jeung pasoalan ruhani, anu jadi ukuran kahirupan nyaéta rasio.
Pasoalan anu disebut ruhani, kailahian, agama, jeung hal-hal métafisik diasupkeun kana panjara pikiran anu disebut mitos. Manusa bisa terus ngalumangsungkeun kahirupan bisa ngajawab pasoalan hirup lamun geus bisa ngagunakeun akal atawa rasio. Kamandang anu jadi panglima kahirupan nyaéta naon anu aya di luar indrawi manusa. Euweuh sumber pangaweruh anu asalna tina wahyu, réalitas tunggal diganti ku réalitas hétérogén.
Kamadang atéistik henteu ngadeg dadak sakala, tapi dipangaruhan ku sababaraha hal salah sahijina: jalma geus misahkeun élmu dunya jeung élmu agama. Anu misahkeunna lain sasaha tapi jalma-jalma anu ngaku lamun dirina salaku ponggawa kahirupan, kholifah Alloh di ieu Bumi. Pisahna pangaweruh ngabalukarkeun silih pikaijidna golongan. Geus euweuhna deui tujuan sangkan sagala kamandang akhirna bakal nuju kana hal anu disebut Tunggal. Arék kaum agamawan atawa ilmuwan geus ngalahirkeun paradigm bacakaran, pasuliwerna pola pikir, anu antukna mawa manusa kana hirup rupek, silih jejeléh, ogé silih paténi.
Padahal, antara élmu dunya jeung agama teu bisa dipisah-pisah. Duanana mangrupa kanyataan hirup anu kudu ngahiji, silih rojong. Pangaweruh kudu digunakeun sangkan kahirupan bisa ngawujudkeun kumaha hirup akur, harmonis antara manusa jeung alam, kadieunakeun sangkan manusa bisa balik deui kana hiji kamandang tunggal lain bacakaran. Riweuhna kahirupan, silih agulkeunna jalma kana aliran, sékté, jeung golonganna séwang-séwangan kusabab geus teu boga deui tujuan utama. Jalma geus loba anu gedé hulu arék ku pangweruh anu dipiboga ogé ku ibadah anu dianggap pang benerna. Loba anu boga anggapan, dunya bakal bener lamun diatur ku élmu jeung aturan ilahi, maranéhna mopohokeun lamun cara keur nepi ka dinya téh tetep kudu ngagunakeun akal pikiran. Sabalikna, jalma anu geus ngajadikeun rasio salaku Pangéran boga anggapan, hirup bakal bener lamun anu dipaké nyaéta sains modérn.
Kamandang beurat sabeulah ieu geus lumangsung nepi ka danget ieu. Ayat- ayat Alloh dijadikeun dalil jeung alesan keur maténi sasama, pangaweruh modérn dijadikeun dalil keur ngeduk jeung ngeruk naon baé anu aya di Bumi. Anéhna, jalma-jalma anu miboga ciri skolastik masih kumawani ngomong: agama jeung dunya henteu bisa dipisahkeun nalika maranéhna masih resep ngajual ayat-ayat Alloh keur ngahontal kahayangna. Ieu pisan anu pernah disebut ku Ibnu Hazm, kumpulan jalma-jalma adigung anu rumasa diri geus beresih. Lamun maca kaan paribasa: élmu tungtut, dunya siar, ieu boga harti, jalma kudu aya dina siger tengah,lamun henteu kitu anu bakal bral ka dunya nyaéta pacogrégan jeung silih jejeléh.
Cag ah!

Posting Komentar untuk "Modérn Jeung Madurun"