Lobana custom, kabiasaan, jeung naon anu pernah dilakonan ku buyut, aki, nini, indung, jeung bapa anu geus henteu dilakonan deui ku urang ayeuna, ceuk sababaraha jalma , ieu pisan anu jadi cukang lantaran henteu berkahna hirup. Élmu sosiologi nyebutkeun, kabiasaan hadé anu dilakonan ku hiji kelompok sosial masarakat mangrupa pamageuh ngadegna panggung kahirupan hiji masarakat.
Jaman mémang geus robah, usik-malik tina jaman buhun ka modérn. Norma-norma anu henteu diserat ayeuna geus loba anu dipindahkeun kana aturan-aturan, konstitusi, anu disahkan ngaliwatan hiji lembaga jeung dilembagakeun kalawan hiji prosés légalisasi jeung formalitas. Sangkan diaku kalawan universal jeung disebut umum. ‘ Réstorasi Meiji’ di nagara Jepang sabenerna bisa dijadikeun eunteung ku urang, masarakat Sunda. Hiji réstorasi anu ngahijikeun antara sumanget tradisi jeung kamajuan jaman. Masarakat Jepang henteu nolak kana naon hal kaalusan anu geus dihasilkeun ku kamotékaran hirup, tapi tetep nyekel pageuh kana tradisi anu geus diwariskeun ku karuhunna. Contona: masarakat henteu nolak pangaweruh anu datangna ti bangsa deungeun, tapi budaya anu dicekel pageuh nyaéta naon hal anu geus diwariskeun ku karuhunna, séké sélér Ainu. Maranéhna bisa ngahijikeun sumanget kaum Samurai anu nyekel pageuh kana pamadegan jeung robahna jaman kusabab kamajuan.
Bangsa-bangsa séjén ogé sarua, Arab, Israél, India, Pakistan, China, Jepang, Éropah (Barat jeung Soviet), tug nepi ka danget ayeuna masih mertahankeun tradisi anu geus diwariskeun ku karuhun-karuhunna. Aksara jeung basa masih digunakeun ku éta séké sélér. Urang Arab masih ngagunakeun seratan jeung basa Arab, urang Israél masih ngagunakeun aksara jeung basa Ibrani (Hebrew), China , Jepang, jeung séké sélér Latin ogé sarua. Tradisi-tradisi karuhun anu dibiasakeun disebut Local-Wisdom/kearifan lokal ieu sakuduna jadi panglima dina kahirupan. Paripolah jeung laku-lampah urang Sunda anu sakuduna merhatikeun kana kabiasaan lokal salaku séké sélér Sunda geus méngpar jauh tina naon anu dipiharép. Henteu saeutik naon anu geus diwariskeun ku karuhun urang dirempak, teu diropéa, malah diapilainkeun. Loba norma, custom, jeung kabiasaan anu sabenerna moal jadi matak hina lamun dilakonan ku urang geus henteu dilakonan deui.
Loba hal anu ngalantarankeun kearifan lokal geus pada ditaringgalkeun; Kahiji, urang miboga sikep permisif, sagala rupa arék alus jeung henteu kudu ditarima dina kahirupan, kamandang kana simbol-simbol majemuk ngalantarankeun urang teu bisa ngabédakeun mana anu disebut budaya jeung mana anu disebut kayakinan. Tong jauh-jauh, urang geus teu bisa ngabédakeun mana anu disebut budaya Arab jeung mana anu asalna tina ajaran Islam. Kusabab Islam dibralkeunna di wewengkon Arab, ieu geus ngalahirkeun pamikiran, saolah anu asalna ti Arab éta dianggap Islam jeung Islami. Anu tungtungna, hal anu sakuduna budaya dianggap jadi hiji kayakinan hirup. Kadieunakeun, budaya jeung kabiasaan anu dilakonan ku karuhun urang kusabab diteunggarkeun kana budaya deungeun ku urang sorangan salaku urang Sunda dianggap papalingpang jeung ajaran, disebut baé bid’ah, jalma anu nyekel pageuh kana atikan jeung ajaran karuhun disebut sinkrétis.
Kadua, ayana kamandang simbolik tunggal dina méré harti kana hiji hal. Jalma geus dibéré akal, pikiran ku Allah lain keur maksakeun hiji pamikiran anu tunggal ka sasama. Tapi keur méré kasempetan ngaguar naon sabenerna anu aya di satukangeun hiji kabiasaan.
Nepi ka médio taun 1980-an, masih kénéh loba kabiasaan di masarakat urang anu ngalakukeun tradisi karuhun nalika ngalakonan hiji hal, umpamana maca jangjawokan, ngukus menyan nalika usum tandur jeung dibuat, jrrd. Tradisi samodél kitu kusabab dibéré harti/tafsir tunggal, komo diteunggarkeun kana kayakinan ku lolobana para Ulama langsung digolongkeun musyrik jeung bid’ah, tradisi anu kudu ditinggalkeun, keur nguatkeun dalil golérna disebutkeun baé nu kitu téh mangrupa kabiasaan jahiliyyah. Padahal lamun nénjo jalan sajarah, kahirupan karuhun Sunda can pernah ngalaman anu ngaranna jaman jahiliyyah. Tradisi disebut musyrik, antukna pola pikir diheureutkeun ku tafsir tunggal, masarakat narima kalawan mopohokeun tradisi anu geus diwariskeun ku karuhunna.
Aya hiji anomali, ti taun 1990an, masarakat Sunda geus ngeureunan éta kabiasaan (ngukus) kusabab sieun tikusruk kana kamusyrikan, tapi henteu ngarasa salah nalika dina acara kariaan, kawinan jeung hajatan nyarundut pepetasan. Ku para tokoh agama ogé diantep, haré-haré, da henteu asup kana kamusyrikan sok sanajan disebut hal anu mubadzir. Urang geus poho, kacida gedé bédana antara mupusti jeung migusti. Tafsir tunggal geus nyéréd urang kana kahirupan anu kudu dihomogénkeun jeung ngabagi kahirupan kana dua kutub. Urang Sunda bakal ngarasa reugreug jeung reueus nalika maké pakéan bangsa dungeun, dijubah jeung diabaya, tapi bakal rumasa katinggaleun jaman nalika maké pakéan anu geus biasa dipaké ku karuhun urang. Padahal, maké kamprét jeung calana pangsi lain hiji hal anu hina.
Ka dieunakeun, naon baé kabiasaan jeung tradisi karuhun Sunda bakal naringgalkeun ku alesan patukang tonggong jeung kayakinan. Anu jadi nini sok nyarék ka anu jadi incu; Neng, ulah cicing dina lawang panto bisi hésé jodo! Hiji panyaram anu kacida éféktifna, di masarakat Sunda modérn mah hal samodél kitu dianggap khurafat jeung takhayul, terus dikuatkeun ku para inohong, hal-hal khurafat jeung takhayul disebutna bid’ah, patukang tonggong jeung kayakinan nalika dina Kitab Suci sorangan pinuh ku dalil-dalil anu mertélakeun lamun urang kudu ngayakinan kana hal-hal anu ghaib.
Ageman hirup lain doktrin jeung dogma, diturunkeun ku Anu Maha Kawasa sangkan diteuleuman ku pamikiran anu bener, afala ta’qiluun. Lain keur diteunggarkeun kana tradisi-tradisi kahirupan, kabiasaan-kabiasaan umum, jeung kaarifan lokal. Penting ayana dékonstruksi kana neuleuman deui ayat-ayat anu diturunkeun ku Pangéran, lain henteu yakin kana wahyu tapi keur maluruh lamun ageman hirup lain saukur dogma anu kudu ditarima kitu baé jeung saayana. Kusabab tradisi jeung kabiasaan anu geus diwariskeun ku karuhun urang Sunda geus henteu dimumulé, diapilainkeun, jeung disebut buhun/kuno , tong kagét, kahirupan hiji bangsa anu geus henteu mihormat deui ka karuhun, ka buyut, aki, nini, jeung indung bapa bakal manggih jeung karupekan hirup, pasoalan anu teu kungsi réngsé kusabab pegatna tatali bathin antara urang jeung mangsa anu geus kaalaman ku karuhun. Geus puguh lamun urang ngan bisa ngaheuheureuy karuhun urang, majar karuhun geus henteu beukieun deui ci kopi pait, cikopi amis, tumpeng, hayam hideung, hayam bodas, jeung lisong, ayeuna mah geus beukieun sirop , orson, bolu, jeung bubur kacang. Jalma samodél kitu geus nganggap lamun karuhun urang kabeukina barang dahar, padahal anu beuki barang hakan mah lamun lain dedemit nyaéta genderewo.
Bangsa China sanajan maranéhna miboga kayakina Kristiani jeung Budha tapi nepi ka danget ieu masih nyekel pageuh kana tradisi Konghuchu atikan ti Kong Fu Tze (Konfucius), masih kénéh nyekel pageuh kana Taoisme warisan ti Lao Tze jeung Meng Tze dina kahirupanna. Moal kumawani ngaheuheureuy jeung ngalédék karuhun-karuhunna. Malahan urang salaku jalma Sunda bakal kekerot jeung ambek lamun karuhun urang Arab dilédék ku batur, umpamana Abu Bakar, Umar, jeung Utsman dilédék ku kaum Syi’ah urang bakal kekerot ku alesan kayakinan. Tapi tong mopohokeun kajadian ieu, dina sababaraha taun ka tukang, hiji artis ti Amérika anu ngaranna Lady Gaga pernah ngahina agama Kristen, saha anu kekerot? Bangsa urang ogé pipilueun kekerot jeung ambek ka Lady Gaga, malahan maké démo sagala keur nolak Lady Gaga sangkan henteu jadi pinton di ieu nagri. Hartina lain ku kayakinan-kayakinan teuing meureun sikep urang kitu téh, tapi kusabab sikep égoséntrisna urang dina mandang hiji hal anu aya di luar diri urang.
KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Supata Karuhun"