Anu kungsi ngalalajoan film Once Upon A Time in China 2 tangtu apal, nalika dr Sun Man atawa Sun Yat Sen ngébréhkeun kalawan daria ka Wong Fei Hung kumaha pentingna jalma kudu ngahormat jeung ngamanfaatkeun waktu anu aya. Henteu anéh, dina éta film, Sun Yat Sen salaku Bapa Révolusi Tiongkok tara elat mésakan jeung ngilikan kana jam saku ampir tiap menit.
Dina tiap pangajian ogé asa mindeng dipedar kumaha pentingna waktu, malah ceuk Ustadz Écép dina Quran sorangan aya hiji surat anu dibéré ngaran Al-‘Ash, Waktu. Papatah jeung paribasa mah geus puguh metet medar kana anu ngaran waktu.
Di tatar Sunda disebutna wanci, hiji kaayaan anu nyurup jeung muterna bumi kana srangéngé. Ti mimiti janari leutik nepi ka tengah peuting miboga ngaran wanci séwang-séwangan. Éta wanci nuduhkeun kahirupan jalma atawa masyarakat di Tatar Sunda sajeroning hirup.
Anu disebut miindung ka waktu mibapa ka jaman téh geuning lain saukur diri urang kudu nyurup jeung kamajuan, leuwih ti éta - da ari mangsa mah henteu robah, panon poé angger bijil ti wétan jeung lingsir ka kulon - kahirupan masyarakat ogé kudu nyurup jeung ngaluyukeun diri kana waktu. Disebut wanci sareureuh budak téh hartina mémang dina wanci éta pisan, anu ngaran budak atawa jalma anu masih bubudakeun kénéh waktuna arasup ka enggon tuluy saré.
Nalika kuring masih budak, salaku generasi 80-an, kamajuan téknologi jeung informasi can mahabu kawas kiwari. Kahirupan masyarakat di pilemburan masih nyurup jeung wanci. Anu ngaran saré atawa reureuh téh éstu saluyu jeung waktu. Dina wanci sareureuh budak, ku aki jeung nini geus dititah saré. Basa anu diucapkeun ku aki jeung nini kacida basajan: “ Geura kulem, énjing bilih gugahna kasiangan!”.
Geus puguh – katambah- acara TV ogé masih basajan, wanci sareureuh budak téh dina TVRI paling mintonkeun Berita Nasional dituluykeun kana Laporan Khusus, atuh barudak saentragan téh kurang resep kana acara-acara kitu. Anu dianti-anti geus pasti Malam Minggu. Da saminggu sakali TVRI sok mintonkeun Film Cerita Akhir Pekan, sok diidinan ku aki jeung nini lalajo TV di imah Ua, da malem minggu ieu cenah!
Lamun geus asup usum dibuat atawa panén , ditambah ku usum halodo, nalika wanci geus nuduhkeun panon poé satangtung barudak saentragan pating beretek lalumpat ka kebon, tegalan, atawa sawah. Rupa-rupa kaulinan diprakkeun; gatrik, sondah, bébénténgan, ucing-ucingan, ngan anu euyeub dina usum dibuat mah geus pasti ngapungkeun langlayangan di sawah anu garung. Bérés ngapungkeun langlayangan atawa megat langlayangan anu ngancleung tara waka balik ka imah, sok ngadon nyungkalan taneuh sawah, ngala jangkrik adukeuneun isukan.
Ari wanci geus tunggang gunung mah barudak ogé henteu kudu dititah, pating beretek lumpat baralik ka imahna séwang-séwangan, tuluy arindit ka masigit sabari silih téang heula. Pantes jeung wajar lamun barudak harita mah sukuna harurik siga panugar laja, awak pinuh ku daki, da kaulinanna ogé lain di mamana tapi di sawah. Kaulinan barudak ogé dina mangsa harita mah nyurup kana wanci jeung usum. Budak ngacaprak disebutna, nalika usum bebedilan atawa langlayangan kari-kari manéhna karah ngadu muncang.
Kamajuan jaman beuki ngangreug baé, asup ka éra réformasi mah barudak jeung masyarakat geus jarang anu nyetél radio deui. Anu ngaran harga sayur-mayur téh baheula mah sok disiarkeun dina RRI tiap jam 09.00 peuting réngsé ngadémhékeun dongéng, masyarakat apal cangkem kana harga béas, palawija, sayur, jeung buah. TV anu nyihir masyarakat paska réformasi. Anu dilalajoanan ku masyarakat nyaéta film-film Télénovéla Amerika Latin, didubbing kana Basa Indonesia.
Budaya batur dipintonkeun ka balaréa, henteu salah da jalma salaku mahluk berbudaya. Anu salah téh nyaéta ku lobana acara dina TV anu sakuduna mangrupa pilihan, ku masyarakat di urang diteureuy buleud, dilalajoanan, bari poho kana waktu. Asa kurang payus dina wanci harieum beungeut loba stasiun TV anu mintonkeun sinetron keur dilalajonan ku barudak. Lain pating beretek balik ka imah terus mawa samping barudak ayeuna mah, tapi pating beretek balik ka imah terus tap kana remote control TV.
Geus puguh ku kamajuan internet mah, kabéh barieukkeun, waktu geus henteu pati ditolih deui, jam biologis kahirupan geus robah 180 darajat. Kahirupan geus teu nyurup deui jeung wanci. Saré anu sakuduna jam salapan geus robah jadi jam dua welas atawa jam hiji janari. Geus teu anéh, dina wanci sareureuh budak atawa sareureuh kolot, loba kénéh barudak anu masih ngulampreng di jalan.
Lamun henteu kitu ogé, cicing di imah tapi teu elat ngoprék hp, malahan henteu beurang henteu peuting ngoprékna téh. Loba ngeunahna ku kamajuan téknologi jeung informasi mah, tapi generasi urang ayeuna geus ngawujud jadi generasi –semi urban -, anu awakna jarang bobolodog ku taneuh sawah, generasi anu henteu apal kumaha rupa belut jeung kini-kini. Anu paling bahaya nyaéta, generasi anu hirupna geus henteu nyurup deui jeung waktu.
Geus henteu kudu gandéng, da kaayaan kitu téh henteu tumiba ka barudak wungkul, urang-urang anu geus karumisan malah geus bijil huis ogé geus asup kana ‘pangbérokan’ kamajuan jaman. Kaasup kuring sorangan.
Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Wanci"