Ku: Caca Danoewidjaja sareng Kang Warsa
Guru B Sunda SMAN 3 & MTs Riyadlul Jannah Cikundul
Guru B Sunda SMAN 3 & MTs Riyadlul Jannah Cikundul
Nilik judul di luhur, katénjo pisan hiperbolikna, leuleuwihan teuing ngahubungkeun sakola jeung sawarga. Ieu seratan lain arék nyaimbangkeun antara sakola jeung sawarga, tapi seja ngorélasikeun, ihtiar atawa usaha naon anu kudu dilakukeun sangkan kaayaan sakola matak pikabetaheun keur sing saha baé, utamana keur pamilon atikan. Hartina, sakola kudu ngawujud jadi sawarga anu bisa ningtrimkeun, niiskeun, ngajauhan pacogrégan (saperti tawuran/papaséaan antara pamilon atikan hiji sakola jeung sakola séjénna), nepi ka bisa nyangreud para pamilon atikan betah tumaninah di sakola. Cindekna, sakola lain pangbérokan anu menjarakeun pangabisa, kamotékaran, jeung kahayang pamilon atikan.
Sakola geus aya ti baheula ogé. Nilik kana kecap mah, sakola diadopsi tina basa latin, scolae , anu boga harti waktu salsé. Sakola mangrupa hiji pranata sosial, dina mangsa awal mah dieusi ku rupaning kagiatan basajan ti sagigireun kagiatan poko. Sakola dina mangsa harita ditujukeun keur barudak, nya teu béda jauh jeung ayeuna, da pamilon atikan anu minuhan sakola-sakola modérn téh barudak umur 7-19 taun. Kagiatan keur ngeusi waktu salsé ieu dieusi ku diajar maca, nulis, ngitung, jeung kumaha nerapkeun étika dina kahirupan. Can dilembagakeun kawas ayeuna, anu matak barudak baretaheun sakola ogé, da atikan ditepikeun ku guru ka barudak kalawan nyalsé.
Ngawujudkeun sakola sangkan kaayaanna kawas di sawarga geus tangtu lain pagawéan gampang dina danget ieu. Dipangaruhan ku sababaraha hal, utamana, pangajaran di sakola kudu nempatkeun deui naon sabenerna tujuan diayakeunna pangajaran jeung atikan. Kabéh ahli pangajaran ti éra Plato nepi ka Paolo Preire sapuk, hal anu paling suci tujuan pangajaran di sakola nyaéta; ngawujudkeun jalma anu boga jiwa kamanusaan.
Dina taun 385 samémeh maséhi, Plato ngadegkeun sakola anu dihususkeun keur neuleuman filsafat. Lamun di jaman modérn mah éta sakola anu diadegkeun ku Plato téh sarimbag jeung sakola alam. Para pamilon atikan diajar lain di tempat anu diwatesan ku témbok, éstu dariuk kalawan nyalsé di lingkungan anu kuat pisan ayana interaksi jeung alam. Di Athena, éta sakola dibéré ngaran academia.
Academia anu diadegkeun ku Plato, ku para pamilon atikan anu nyuprih pangaweruh disebut tempat anu suci, jauh tina pacogrégan pulitik mangsa harita. Sababaraha ahli –saperti Daniel Dono- mémang méré kamandang, academia Plato boga tujuan keur ngélingkeun masarakat Athena kana réalitas anu keur lumangsung harita. Kakawasaan anu diluluguan ku golongan Tyranoi geus méngparkeun rahayat kana mitos jeung takhayul anu teu sapagodos jeung akal pikiran. Kayakinan dijieun pakakas ku pangawasa keur nyingsieunan rahayat sangkan teu loba tatanya komo nepi ka barontak mah.
Geus pasti, academia anu diwangun ku Plato keur pangawasa anu boga sifat dendem jeung ngarasa sieun kakawasaanna kaganggu dihartikeun mangrupa ancaman. Plato dihasud, salaku jalma anu ngajarkeun ajaran sasar ka para nonoman. Pangawasa nyaruakeun Plato jeung guruna, Socrates. Golongan Tyranoi ku sikep munafékna henteu méré kalaluasaan ka Plato jeung para pamilon atikanna dina nyebarkeun pangaweruh. Dina ieu sajarah anu dicaritakeun, sakola mangrupa lembaga anu suci, kudu boga wates anu jelas, ulah nepi ka ancrub jeung dikandali ku kakawasaan pulitik anu teu ngarojong kana kamajuan sakola. Plato sok sanajan diolo arék dibéré kalungguhan ku pangawasa angger nolak, malah pangawasa sorangan anu ngadegkeun sakola tandingan keur ngounter/ngalawan pangaruh anu kuat ti academia Plato.
Geus kitu kuduna, anu kaalaman ku Plato ogé kaalaman ku Rosulullah. Pangajaran jeung atikan (tarbiyyah) mangrupa ajaran anu dibawa ku para nabi, sok disalahartikeun ku golongan anu keur nyekel kalungguhan. Rasulullah boga pancén ngatik jeung ngajarkeun étika ka hiji masarakat anu kahirupanna dipinuhan ku rupa-rupa pasualan, patologi sosial, dékadénsi moral, jeung pacogrégan. Pangajaran jeung atikan anu ditepikeun ku Rosulullah henteu dilakukeun di tempat khusus, tapi ampir sarua jeung naon anu geus dilakukeun ku Plato 10 abad saméméh Rosulullah boga pancén nyebarkeun ajaran kaalusan. Keur para sohabat jeung urang Mekkah anu ngarasa dahaga ku pangaweruh mah, sakola kahirupan anu ditepikeun ku Rosulullah mangrupa sawarga. Sabab, jalma-jalma bisa langsung nanya pasualan-pasualan kahirupan anu langsung meunang jawaban ti Gusti ngaliwatan wahyu. Para sahabat diatik rupaning pangaweruh, élmu sosial kamasarakatan, astronomi , téologi, élmu alam, jeung widang-widang séjénna. Anu dijauhan ku Rosulullah harita nyaéta, ulah nepi ka pangajaran jeung atikan dikawasa jeung dikandali ku golongan politisi Mekkah.
Sakola kahirupan anu diwangun ku Rosulullah salila 23 taun mintonkeun kaayaan kumaha jalma kudu hirup jeung sasama, teu dibéda-béda kusabab stratifikasi jeung strata sosial geus ngawujudkeun 'peradaban anyar' ti sagigireun dua peradaban séjén anu makalangan dunya harita; Romawi jeung Parsi. Nepi ka abad ka 10 maséhi, nalika bangsa-bangsa Éropa aya di 'abad pertengahan' beuki kabuleun ku sumanget takhayul jeung khurafat, madrasah-madrasah anu diwangun ku para ulama geus bisa mintonkeun deui pamikiran sintésis Aristoteles ngeunaan réalitas hirup dina sagala widang. Eropa bisa mawuh kana filsafat Yunani kucara ngasupkeun para nonomanna ka sakola-sakola anu dikokolakeun ku para ulama anu teu mandang sing saha baé jalma, ti golongan mana baé bisa nyuprih pangarti jeung pangaweruh. Geus pasti, sakola-sakola Islam ieu mangrupa sawarga jeung lautan élmu keur para nonoman Éropa anu kabulen ku takhayul dina mangsa harita.
Dina abad ka-9 maséhi, raja Sunda anu ka-25, Rakéan Darmasiksa salila 122 taun nyekel kalungguhan henteu jauh béda jeung naon anu dilakukeun ku sababaraha pamingpin arék nabi atawa ulama; ngadegkeun sakola kahirupan kalawan média wiracarita jeung naséhat-naséhat keur ngaronjatkeun étika atawa sopan-santun dina kahirupan rahayat. Ngeunaan nyuprih pangarti ieu, Darmasiksa ngajak sangkan rahayat boga sababaraha sifat diantarana; ulah ngarasa pangbenerna, pangjujurna, jeung pang leumpeungna dina hirup.
Nilik kana sajarah kumaha pangaweruh diinternalisasikeun ka masarakat, kumaha carana sangkan sakola bisa jadi tempat anu pikabetaheun keur para pamilon atikan, tangtu aya sababaraha hal anu kudu dilakukeun minangka sarat ngawujudkeun sakola sawarga:
Kahiji, sakola kudu balik deui kana fitrah asal, tujuan sakola lain saukur nyitak barudak sangkan pinter, da lamun teu dibarengan ku atikan mah malah bakal ngalahirkeun barudak anu guminter. Tujuan sakola nyaéta seja nyitak barudak anu boga rasa jeung rumasa jadi manusa.
Kadua, sakola kudu bisa nyumponan naon anu dipikabutuh ku pamilon atikan, utamana pangabutuh lahir jeung batin. Lain hartina naon anu dipikahayang ku pamilon atikan kudu dicumponan, tapi kudu bisa ngajawab bakat jeung minat para pamilon atikan.
Katilu, anu ngajar lain ngan ukur jadi guru anu mindahkeun pangarti, leuwih ti éta kudu jadi jalma anu bisa ngokolakeun raga badag, batin, jeung ruhani pamilon atikan. Penting ngawangun komunikasi dua arah.
Kaopat, ngembangkeun émpati, rempug jukung sakabéh pihak, ngawangun konsénsus antara pihak sakola jeung masarakat.
Kalima, guru kudu leuwih cerdas tibatan pamilon atikan, sabab mun teu kitu tangtu guru teu bisa ngigelan kakeyengna. Sakola ogé kudu méré kalaluasaan ka guru pikeun terus nyuprih élmu pangaweruh anu husus pikeun ngawujudkeun sajatina guru.
Kagenep, situasi kabatinan sakola kudu bisa ngawakilan poténsi pamilon atikan, supaya kakeyeng anu aya dina sirah barudak kaudal dumasar ugeran anu teu nyengker sarta maéhan poténsina.
Mudah-mudahan ieu seratan bisa dijadikan tatapakan pikeun ngawujudkeun sakola sawarga, sakola taman pangaweruh, moal aya basa soara ti barudak surak sabab guruna suwung atawa sakola libur. Nyutat tina kasauran pupuhu Dinas P dan K Kota Sukabumi. Pancegkeun iman, leuleuskeun haté, jeung cerdaskeun sirah bakal kawujud sakola anu pibetaheun pikeun wargana.
Posting Komentar untuk "Sakola Sawarga"