Ceuk sakaol mah ieu pupuh midangkeun "eusi haté" anu rongkah, mibanda ogé papatah dina tiap padalisanna. Keur saha baé anu mikareueus jeung mikaresep kana pupuh, Asmarandana miboga témpo Maestoso jeung Animato, linuhung, tegep, tur pinuh ku sumanget.
Lamun dititénan kalawan daria, salah sahiji pupuh Asmarandana anu kawentar nyaéta : éling.. éling mangka éling// rumingkang di bumi alam// darma wawayang baé. Kecap konci dina padalisan-padalisanna nyaéta éling, rumingkang, jeung darma.
Konsép kosmologi tina kasundaan anu mintonkeun jagad leutik salaku manusa, dina hirup dumuk jeung paripolah kudu saluyu jeung jagat gedé, hal ieu bakal ngabralkeun hiji kasadaran anyar (éling) timana jeung bakal ka mana manusa. Éling mangrupa hiji kaayaan nalika nalar, akal, jeung budi leumpang babarengan teu silih udag. Dina tiap kayakinan, konsép éling mangrupa password keur diri manusa sangkan bisa asup kana kahirupan ieu. Dina Al-Qur'an dijéntrékeun ku dalil-dalil anu ditungtungan ku pananya: afalaa ta'qiluuna, afalaa tatafakkaruuna, jeung afalaa tatadz-dzkaruuna. Malahan aya dalil: alaa, bi dzikrillaahi tathmainnal quluub.
Manusa keur kumelendang di alam pawenangan ceuk Al-Farabi ogé Rakéyan Darmasiksa -dina téori emanasi- keur mintonkeun cahaya kaagungan Anu Maha Agung. Anu kudu dibuktikeun dina kahirupan tangtu naon baé anu medar tina kaagungan, sikep-sikep linuhung saperti: mikaresep, mikanyaah, jeung mikahéman sasama. Lain sikep sabalikna, mikaceuceub, mikangéwa, jeung mikageuleuh sasama.
Alloh teu pernah nyiptakeun kagoréngan, sabangsa jurig, jin, sétan, jeung iblis. Sabab anu diciptakeun ku Alloh mah sagala rupa anu kawilang alus tur bener. Ayana anasir-anasir jahat bral ka ieu alam kusabab kagoréngan anu dipilampah ku manusa sorangan. Salila kumelendang di ieu alam pawenangan geus disiapkeun pilihan, arék nempatan: buana nyungcung tempat pangbalikan, panca tengah tempat kumelendang, atawa buana larangan tempat pangbalikan anu dipinuhan ku angkara jeung rasa hanjakal?
Tangtu, kahirupan manusa mangrupa lalampahan panjang teu bisa diwatesan ku umur anu ngan 80 taun. Bener jeung salah silih ganti jadi rupa jeung warna dina ieu kahirupan. Keur nguji manusa, dina ngalakonan bener lain sawarga anu bakal diperedih tapi katingtriman diri, dina ngalakonan salah lain naraka anu bakal katarima tapi diri anu teu lugina.
Alloh Nu Welas tur Asih moal nyiksa jeung nyieun tempat panyiksaan keur jalma-jalma, éstuning kasangsaraan téh justru dijieun ku manusa kénéh. Anu diciptakeun ku Alloh nyaéta hukum jeung aturan anu sifatna sistematis, hiji téknologi Maha Dahsyat anu moal aya babandinganna. Jalma milampah bener bakal meunang kaalusan, jalma migawé goréng bakal panggih jeung katalangsara. Teu kudu dihakiman sakumaha konsép anu salila ieu diadopsi ku diri urang tina ajaran Mesir Kuno ngeunaan timbangan amal Déwa Anubis anu boga tugas nalék jeung nimbang amal manusa.
Bakal patukangtonggong jeung sikep welas asih nalika urang boga pamadegan Alloh bakal nyiksa kanu salah jeung teu daék ngabdi. Jalma migawé bener, nya otomatis bakal balik ka buana nyungcung, jalma milampah salah bakal tetep kumelendang di alam pawenangan nuluykeun deui kahirupan kalawan sababaraha konsékuénsi anu baris katarima.
Mun kasasar lampah// nafsu anu matak kaduhung// badan anu katempuhan. Anu nyiksa diri urang nyaéta kalakuan urang sorangan. Jalma sok tunggal-teunggeul ka batur bakal ngarasakeun akibat tina pagawéanna. Wawales jeung buruhan dina kahirupan teu kudu nunggu diengkékeun, diri rumasa salah jeung kaduhung ogè éta mangrupa siksa bathin nalika urang milampah salah. Keur nyucikeun diri sangkan beuki éling yén hirup téh lain pasualan agama aing anu bener atawan agama silaing anu sasar. Kabéh ogé antukna mah diukur ku laku-lampah.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Asmarandana"