Geus mangsana asup usum halodo bulan ieu téh, tapi ampir unggal poé hujan masih kénéh turun. Unggal wanci kalangkang satangtung awak geus ceudeum, teu ngadagoan sababaraha menit, byur hujan turun maseuhan taneuh. Dina waktu hujan turun, reup baé kahirupan urang Cihérang pareum, anu keur di kebon jeung sawah lalumpat, muru ka saung atawa langsung balik ka imahna séwang-séwangan. Ngaharodhod, ngalelempréh, jeung ngagojod di kamar dibulen ku simbut. Sawaréhna ngaronghok di téras imah sabari ngudud daun kawung.
“ Aduh, éta lalawora manéh kumawani ngudud daun kawung sakitu hujan keur badag nakeran kieu!” Ceuk Bah Uko ka Mang Ipin waktu arék ka sawah, da galengan sawah rempag cenah mah.
“ Naha, Abah?” Témbal Mang Ipin tumaninah ngenyot daun kawung, peledug haseup kaluar tina bahamna, diseuseup deui semu nikmat.
“ Bisi kabéntar guludug, deuleu!”
“ Haha, heureuy téh ngadoakeun uing modar, Abah!”
“ Beneran déwék mah, tuh ténjo tangkal kawung Si Upar, kamari kabéntar guludug nepi ka rénghék!” Pokna bari ngaléos, teu paduli awak jibrug ku cihujan.
“ Kamana karep wé éta aki-aki.” Gerendeng Mang Ipin, teu paduli sok sanajan guludug pating jelegur. Da ceuk pikirna, asa can aya berita dina TV jalma ngudud daun kawung dibéntar guludug.
Jelegerrrr! Guludug awuhan sorana. Mang Ipin nyempod, lalaunan asup ka imah.
###
Di warung Mang Ujang mah ramé ku jalma-jalma, kajaba ngadon ngiuhan téh ogé sabari ngopi, nyaneut, jeung ngarudud. Sora paguneman teu puguh pacampur jeung paralakna cihujan kana kenténg. Anu ngadon ngariuhan lolobana mah para patani anu karék marulang ti sawah jeung kebon. Barau taneuh jeung késang. Teu pati ditolih kunu aya di éta warung, da geus biasa.
“ Alam geus pasalia, kuduna usum halodo tapi hujan ampir unggal poé.” Ceuk Si Ocim. Regot nginum cikopi.
“ Geus bener alam mah, naha maké nyebut geus pasalia?” Témbal Mang Ujang sabari malik-malikkeun goréng géhu.
“ Pasalia lah, kuduna usum halodo kari-kari masih hujan. Kuduna sirah di luhur terus aya di handap, tah nu kitu téh ngaranna pasalia alias tibalik, Ujang!”
“ Heueuh, ngan alam mah da henteu salah!”
“ Saha anu nyalahkeun alam?”
“ Manéh! Pan ceuk manéh tadi nyebut, duh alam geus pasalia kieu!”
“ Heug, manéh lah anu meunang, da embung éléh ngomong silaing mah. Dibawa ka pengadilan ogé pasti silaing anu meunang!”
Mang Ujang baketut sabari malik-malikkeun goréngan. Anu aya di éta warung ngadon mencrong kanu keur hoghag teuing marebutkeun naon.
“ Arék halodo arék hujan teu pati ngaruh keur urang-urang mah.. !” Ceuk salah saurang patani.
“ Alah, ngaruh atuh, Uwa.. sok wé lamun pepelakan dina usum halodo panjang, meureun moal alus dina jadina ogé!” Ceuk Si Ocim semu nyemprot.
“ Melak naon heula? Lamun usum halodo panjang, gampang .. melak sampeu wé.” Ceuk patani anu séjénna. “ Usum hujan? Melak cacim..”
“ Heueuh kumaha maranéh wé, arék melak béko ogé sabodo!” Si Ocim jebi.
“ Anu matak ulah loba teuing ngoméntaran kana pasualan anu manéh teu apal duduk perkarana, Ocim!” Mang Ujang Ngomong deui.
Kabéh teu lémék teu nyarék. Sora hujan ninggang kana kenténg beuki jéntré.
“ Bener-bener geus owah éta Si Kemed!” Ceuk Si Ocim.
“ Aya naon kitu?”
“ Kamari, Si Kemed ngomong, sholat lima waktu téh matak ngurangan umur. Teu kapalang éta ngabustam Si seblu!”
“ Wahh anu benerrr?” Anu aya di dinya kompak.
“ Apan engké peuting arék diriungkeun di imah Haji Sukri, arék klarifikasi cenah. Kabéh diondang, supaya apal pasualan anu sabenerna.”
“ Wah éta geus kafir jeung murtad tah, kumawani nyebut sholat lima waktu matak ngurangan umur!” Ceuk salah saurang patani.
####
Imah Haji Sukri geus euyeub ku jalma-jalma. Si Kemed keur ééléngéhan baé, lamun aya media jeung wartawan mah jigana bakal disorot terus ku kaméra. Anu séjénna jarebi, nyawad, jeung nyebut Si Kemed geus kumawani ngahina kana rukun Islam kadua. Gandéng teu puguh. Jang Aip, salah saurang nonoman wawakil ti Ormas Islam Ngahiji awakna dibuleun ku gamis bodas, sirah dibuleun ku udeng-udeng anu luhur ampir sarua jeung sayang odéng.
“ Allohu Akbar!!!” Ceuk Si Aip sabari ngeupeulkeun leungeun di kaluhurkeun. Anu aya di éta tempat ngarérét.
“ Samiallohuliman hamidah!” Aya anu némbalan, Abah Uko.
“ Naha samialloh?” Mang Ujang nanya.
“ Nya, lamun tas Allohu Akbar dina ruku, pan terus ngucapkeun samialloh biasana ogé urang mah!” Ceuk Abah Uko kalem.
“ Allohu Akbar!!” Si Aip ngajorowok deui. “ Ulah nepi ka agama urang diléléwé, kudu dibéla!” Tambahna.
“ Ngabélaan naon cenah, kamari ogé manéhna nyeri huntu ngadon ngagerung sapopoé, haha!” Bah Uko ngomong deui.
Haji Sukri ngangkat leungeun, jep kabéh jempé.
“ Langsung wé, Pa Haji. Teu kedah marhabaan sareng maos barjanzi heula!” Ceuk RW Apud, dibarengan ku seuri.
“ Enya atuh, da sanés badé salametan ieu mah.” Témbal Haji Sukri. “ Kemed, kuring jeung urang lembur hayang apal pasualan anu sabenerna. Naha bener manéh kamari ngomong yén sholat lima waktu bakal ngurangan umur ?”
“ Enya, kuring ngomong kitu!” Jawabna tandes.
“ Allohu Akbar! Duruk, duruk, duruk,… duruk éta manusa!” Si Aip katénjo sumanget.
“ Duruk… duruk.. duruk… runtah di jarian!” Bah Uko ogé pipilueun.
“ Hahahahah!” Loba anu seuri ku tingkah Bah Uko.
“ Sok jelaskeun jeung jéntrékeun naon maksud manéh nepi ka kumawani ngomong kitu.!”
“ Nya, da bener atuh, sholat téh matak ngurangan umur. Sok wé pikir ari hirup di dunya pan geus diwates umur urang téh, siga nambahan padahal mah ngurangan. Jadi tiap waktu menit jeung detik ogé umur urang téh ngurangan pan. Lamun sholat sawaktu merlukeun lima menit, hartina umur urang ngurangan lima menit, bener pan?”
Anu aya di éta tempat kerung.
“ Jadi dahar ogé ngurangan umur atuh?”
“ Heueuh bener!”
“ Ngudud, ngopi, modol, saré, gawé, jeung ngawangkong ogé ngurangan umur?”
“ Aéh heueuh, da kabéh ogé matak ngurangan umur.!”
“ Rapat di dieu ogé ngurangan umur?”
“ Bener ngurangan umur!”
“ Hadeuh… beuki ngurangan geuning umur urang téh!” Ceuk Bah Uko bari ngaléos ninggalkeun éta tempat.
“ Allohu Akbar!!!” Si Aip ngajorowok deui.
“ Geus sia téh Aip. Mani ku gampang éta nyebut takbir. Sia mah jigana rék malédog jalma ogé maca heula takbir nya?”
“ Nya ari kitu mah jelas.. “ Ceuk Haji Sukri.
Anu aya di éta tempat sing laliud, baralik ka imahna séwang-séwangan.
###
Wanci sareureuh kolot, ti imah Mang Ohi lebah kamarna kadéngé Ceu Eha ngomong.
“ Hayu atuh, Abah.. Pan Eha tadi geus nginum jamu sari rapet meunang meuli ti Si Mbak!” Ceuk Ceu Eha kadéngé luwa-léwé.
“ Embung ah, capé.. sieun ngurangan umur!” Témbal Mang Ohi, golédag saré nukangan pamajinganna anu geus maké daster warna beureum, jaba awak diminyakseungitan sagala.
Hawa beuki tiris, hujan ngaririncik. Cihérang beuki simpé.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Carpon: Ngurangan Umur"