Sumber: Lilik Mudrika |
Beuki kaharti naon anu dimaksud Kembang Désa nalika Rhoma Irama nyiptakeun lagu jeung film Primadona Désa. Ku ukuran tagog, anu disebut Kembang Désa nyirénkeun wanoja anu biasa hirup di lingkungan pasantrén, sapopoéna teu leupas ditiung, leungeun nangkeup Al-Qur’an dina harigu, handap asor, jeung tara cunihin ka kaum Adam. Sebutan séjén keur Kembang Désa nyaéta Béntang Désa, wanoja pang moncorongna di hiji wewengkon ibarat béntang anu nyongcolang aya di langit, hésé kahontal!
Idiom Kembang Désa geus jarang dipaké deui dina jaman kiwari. Lamun niténan kana kaayaan sosio-kultural ayeuna ieu dilantarankeun ku sababaraha sabab; kahiji, usum féminisme anu beuki mahabu, ngagiringkeun pamikiran kana hal anu néés, geus euweuh hahalang deui dina pasoalan gender antara lalaki jeung awéwé.
Méméh taun 90-an aya customs jeung kabiasaan di masarakat pilemburan, ngahiji jeung ngumpul ngariungna lalaki jeung awéwé dina hiji patemptatan mangrupa hal anéh. Malahan anu disebut bobogohan antara saurang lalaki jeung awéwé dina cara leumpang teu bisa bareng, paanggang, aya jarak kana dua nepi ka lima méterna.
Kadua, kamajuan kamotékaran hirup, utamana dina widang téknologi jeung informasi ngabalukarkeun beuki kohésifna budaya-budaya anu aya di sakuliah dunya. Hal ieu mawa pangaruh kana udarna tali budaya bangsa sorangan anu geus méré ugeran kumaha sakuduna hirup gaul para nonoman dina kahirupan. Paguyuban-paguyuban geus lain némbongkeun hiji idealisme, tapi leuwih dipangaruhan ku pragmatisme jeung kapentingan. Kamandang anyar pasualan ‘génder’ lain hal anu goréng tapi arék ditarima atawa henteu hal ieu geus ngaleutikan malah ngaleungitkeun kabiasaan anu salila ieu dicekel pageuh ku masarakat.
Barudak mangsa kiwari loba anu moal apal kana ‘Kembang Désa’, kecap-kecap anu loba diudal dina babasaan jeung paguneman nyaéta cabé-cabéan jeung térong-térongan, dua kecap anu sabenerna teu bisa dibandingkeun keur nyebut ka wanoja salaku manusa. Wanoja anu kawilang hadé ahlak ogé kagerus ku ieu sebutan. Malah bisa baé nalika aya wanoja anu teu bisa diheureuyan sok langsung disebut ‘sok jual mahal’.
Bralna ucapan samodél di luhur lain harti wanoja di jaman kiwari kudu ngamurah-maréh dirina. Némbongkeun bitis jeung pingping anu sampulur lain harti ngajual diri. Kabéh geus boga ugeran jeung ukuran dina diri séwang-séwangan antara bener jeung salah, antara naon anu sakuduna jeung anu teu kuduna.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Kembang Désa Kadesek Ku Cabé-Cabéan"