Islam Nusantara (Hanca Ka-Salapan)

ISLAM NUSANTARA ( HANCA KA-SALAPAN)
Ku Kang Warsa 
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi 

Aya téori anu leuwih asup akal nu ngajelaskeun asupna Islam ka wewengkon Nusantara nyaéta téori Sufi. Téori ieu nandeskeun pangaruh para sodagar jeung pasualan ékonomi politik teu leuwih rongkah jeung sakumaha anu mindeng diguar dina nyebarkeun Islam. Ékonomi jeung politik ngan ukur méré warna nalika Islam geus ngawujud jadi hiji komunitas. 

Para Sufi dipercaya golongan anu geus nyebarkeun Islam dina abad ka-13. Tarékah para Sufi nyirikeun lamun maranéhna miboga pangaweruh dina midangkeun Islam dina wangunan anu alus nepi ka bisa ditarima ku masarakat. 

Para Sufi tetep ngajaga jeung ngamumulé prakték ibadah masarakat pribumi tibatan kudu ngarobah kabiasaan anu geus ngakar dina kahirupan masarakat pribumi. 

Para Sufi anu asalna ti Pérsia mangrupa "da'i" anu ngasupan tiap wewengkon jeung ka lembur-lembur anu aya di Nusantara. Maranéhna bisa hirup sauyunan jeung masarakat, hirup saraksa sabanda, ngajarkeun teosofi - sinkrétis anu mémang geus ngadarahdaging jeung masarakat Nusantara. Sok sanajan kitu, maranéhna tetep nyekel pageuh dogma kaislaman. 

Para Sufi dipercaya boga kasaktén jeung boga pangaweruh dina ngubaran rupaning panyakit. Hal ieu jadi alesan, maranéhna ditarima ku masarakat malah dipandang kharismatik jeung boga pangaruh di masarakat. 

Para Sufi bisa kawin jeung anak-anak para ménak, ngalahirkeun turunan ménak. Dina ieu téori disebutkeun Islam teu kungsi dipaksakeun kudu ditarima ku pangawasa harita.

Geus tangtu aya kasang tukang jeung alesan kunaon para Sufi dipercaya salaku kelompok anu nyebarkeun Islam di ieu wewengkon dina abad ka-13. Ieu aya hubungan jeung direbutna Kota Bagdad ku Bangsa Mongol. Dinasti Abassiyah runtuh,  beuki leungit pangaruh kaum politis-legalis, tapi Islam tetep panceg dijaga ku kelompok Sufi. 

Hartina, para Sufi boga jasa dina ngajaga Islam dina mangsa runtuhna kajayaan dinasti. Tarékat beuki dipikawanoh ku masarakat, ayana hubungan antara para Sufi jeung para sodagar, para Sufi dibéré fasilitas anu cukup keur nyebarkeun Islam ka wewengkon séjén. 

Para ahli boga kayakinan teori Sufi geus bisa ngahubungkeun antara pasualan dunya politik jeung pindahna kayakinan masarakat Nusantara tina kayakinan heubeul kana Islam.

Ieu téori geus ngawangun kontéks anyar sebutan keur hiji masarakat di Nusantara anu disebut Masarakat Islam, sebutan keur hiji komunitas anyar sarua jeung nalika Rosululloh awal dumuk di Madinah. 

Pranata-pranata sosial diadegkeun diantarana : madrasah, tarékat, paguyuban sodagar dagang, jeung paguyuban alim-ulama.

Runtuhna Bagdad ngawujudkeun kelompok sosial anyar: alim-ulama anu misah jeung kelompok sosial séjénna. Ieu kelompok sosial anyar boga pancén penting dina ngamumulé jeung nyebarkeun Islam ka tiap wewengkon anu aya di luar Kota Bagdad. 

Bagdad direbut ku Bangsa Mongol sok sanajan geus ngancurkeun hal penting dina kamotékaran pamikiran Islam, diruksakna rébuan literatur, tetep aya hal alus anu bisa dicokot tina éta kajadian. Hiji kasadaran anyar yén hubungan 'anorganik ' agama jeung kakawasaan mangrupa hubungan anu teu langgeng.

Hubungan 'anorganik' agama jeung kakawasaan geus jeung bakal terus-terusan nyéréd kana kutub mana anu lemah ku anu leuwih kuat. Balukarna bakal ngaleungitkeun tapak lacak Islam sorangan, siga diruksakna sababaraha artéfak kaislaman ku golongan radikal.

Lamun euweuh para Sufi? Bisa jadi Islam ngan saukur jadi carita heubeul anu kungsi diparebutkeun ku golongan manusa anu haus ku kakawasaan.

Cikundul, 31 Oktober 2016 


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Islam Nusantara (Hanca Ka-Salapan)"