Tilu poé méméh lebaran, henteu jauh béda jeung masarakat di wewengkon séjén, masarakat Cibodas ogé geus cuh cih nyiapkeun sagala kaperluan lebaran. Lebaran dibagéakeun sarua jeung kumaha waktu arék aya kariaan, malah leuwih ti kitu. Kusabab dianti-anti, tilu poé ogé karasa lila. Di tiap imah mimiti kaambeu seungit kuéh, dina kenténg dipoékeun sarupaning kadaharan; wajit, gegeplak, jeung ulén. Geus galib kuéh-kuéh anu disebut tradisional dijieun keur dahareun atawa suguhkeuneun ka sémah anu silaturahmi dina mangsa lebaran.
Puasa tinggal tilu poé deui. Teu saeutik barudak anu geus nagih jangji ka kolot-kolotna. Nagih baju dulag anu dijangjikeun ka barudak lamun puasa cacap sabulan. Geus teu sabar arék paagul-agul jeung papada batur saentragan. Barudak lembur tangtu béda jeung barudak dayeuh, ganti baju ku anu alus jeung anyar dina sataun téh bisa kaitung. Salian lebaran ogé biasa maké baju anyar dina waktu samen sakola agama. Bédana, ari dina mangsa lebaran mah ampir kabéh budak bisa dipangmeulikeun baju anyar ku kolot-kolotna. Ari dina samenan sakola mah teu saeutik kolot anu boga anggapan, baju lebaran ogé masih bisa dipaké keur samen, da masih alus kénéh cenah. " Duitna mending dipaké bekel samen!" Kitu ceuk anu jadi kolot.
Dina nyanghareupan lebaran, loba barudak anu meuli pakéan anyar ku duit sorangan, salila sabulan duit keur jajan dicéngclangankeun, geus diniatan duit arék dibeulikeun kana baju dulag. Aya anggapan, maké pakéan anyar anu biasa dibasakeun baju dulag dina poé lebaran saolah jadi hiji kawajiban anu kudu aya. Ah, lain budak wungkul, anu geus karolot ogé dina nyanghareupan lebaran geus boga rencana itu jeung ieu. Kurang afdol cenah puasa sabulan kari-kari dina lebaran anu bisa disebut minangka hajatan umat Islam teu maké baju-baju anyar acan.
Hiji budak keur ngabangingik ceurik, ku batur-baturna dipoyok, da can dipangmeulikeun baju dulag. Lumpat ka imahna.
" Isukan!" Kadéngé sora indungna. " Bapa sia ogé can balik, di Jakarta kénéh!"
Gaur, sora budak anu ceurik narikan.
" Hoyong acuk dulag, Ema!!!"
" Isukan!"
Gaur deui ceurik narikan.
" Sakitu tara puasa ogé manéh téh!"
Gaur deui.
Gobéngbrang sora panci dialungkeun. Jep anu ceurik répéh. Indung kaluar ti imah, jamotrot. Gék diuk dina lanté semén.
" Bapa sia da, geus rék lebaran can mulang kénéh." Ngomong laun teuing ka saha. Panon poé geus ampir tunggang gunung.
" Kunaon, Nung?" Tanya saurang lalaki, geus kolot, umut arék nincak 70 taun.
" Ah, henteu!" Témbalna pondok.
" Salaki manéh can balik?"
" Acann!"
Éta lalaki anu nanya ka Ceu Nunung indit, teuing kamana.
" Aki-aki nurustunjung!" Gerentes haté Ceu Nunung.
Geus jadi sabiwir hiji, Aki Sahrowi aki-aki begér, sok ngadon ngaheureuyan awéwé anu salakina keur aya di panyabaan. Ayeuna keur ngungudag jeung ngaheureuyan Ceu Nunung sabab apal salakina can balik ti Jakarta, geus arék dua bulan. Di hareupan awéwé séjén kungsi arék méré duit lima puluh rébu waktu munggahan. Ku Ceu Nunung ditolak atah-atah.
" Tilu poé deui lebaran!" Aki Sahrowi ngaliwat deui.
" Enya!"
" Salaki manéh can balik kénéh…"
Ceu Nunung neuteup ka tempat anu anggang. Ngarénghap. Bener, tatangga-tatanggana mah geus kabareuli baju, geus ngajarieun kuéh, dina nyanghareupan lebaran saolah geus siap sagala rupa. Ari manéhna, dahar keur buka jeung sahur ogé ari teu ngandelkeun anteuran ti kolotna teuing kumaha caritana.
" Geus dibéjaan apan ti baheula ogé, coba lamun ngawaro ka indung jeung bapa, dititah kawin ka Jang Adom, keukeuh manéh mah milih ka Si Udi!" Kadéngé deui omongan indungna. " Salaki kurang tanggungjawab, geus atuh ménta dipirak baé manéh téh meungpeung ngora kénéh!" Pok indungna. " Atawa néangan pagawéan ka dayeuh geura, keun baé Si Ujang mah ku ema diurus."
Ah da kapalang, geus bogoh ka Kang Udi. Rék didagoan nepi ka iraha baé ogé, pasti balik. Komo arék lebaran mah. Moal enya teu inget ka budak-budak acan.
" Teu kudu bingung, baju, kuéh jeung kaperluan lebaran mah keun ku kuring disadiakeun." Ceuk Aki Sahrowi, nyéréngéh nénjokeun huntu anu kari opat siki deui.
" Ah, teu kudu riweuh, kuring ogé masih bisa ari saukur meuli baju jeung kuéh mah." Témbal Ceu Nunung tandes.
Aki Sahrowi ngaléos. Ceu Nunung diuk ngahuleng.
" Salaki manéh can balik, geus tilu bulan." Aki Sahrowi ngaliwat deui. Tuluy leumpang teuing kamana.
" Aki-aki nurustunjung!" Gerentes Ceu Nunung. Blus asup ka imah, nutupkeun panto tarik nakeran. Di masigit geus ramé anu maca barjanzi, lima menit sakali dibarengan ku béwara: Waktu buka kantun sababaraha menit deui.
###
Wanci tunggang gunung, isukan lebaran, Cibodas haneuteun ku sagala rupa. Di masigit dulag geus ditakol, barudak geus takbir. Tatangga jeung tatangga silih anteuran kadaharan, opor jeung goréng hayam, kupat, kuéh, jrrd. Kabogoh ka kabogoh mah geus puguh, jadi ciri utama di lembur, sapoé méméh lebaran calon bésan sok nganteuran kadaharan ka pibésaneun, tuluy dipulang ku kadaharan deui. Lamun aya hal samodél kitu, kabéh geus neguh-neguh, moal lila deui antara Si A jeung Si B bakal dikawinkeun.
Kabiasaan kitu téh lain keur anu geus papacangan wungkul, nalika saurang awéwé bogoh ka saurang lalaki, tuluy diomongkeun, anu jadi kolot surti, sapoé saméméh lebaran nganteran kadaharan ka imah lalaki anu dipikabogoh. Kolot lalaki ogé surti, sok langsung nalék kanu jadi budak sanggeus anu ngiriman kadaharan balik. Kalimah panalék anu biasa diucapkeun nyaéta: " Geus sabaraha lila bobogohan jeung budak Si Anu?". Anu jadi lalaki ngan saukur némbongkeun seuri leutik lamun bogoh atawa ngangles nalika kurang pati bogoh.
Néng Sekar jeung indungna keur leumpang muru imah Jang Aim. Anu jadi indung ngajingjing rantang. Dibagéakeun ku Kang Acip jeung pamajikan.
" Kang Kanta teu ngiring?" Tanya Kang Acip.
" Nuju nimbangan paré kénéh."
" Hayu atuh kalebet!"
Néng Sekar ngan bisa tungkul semu éra.
" Keun baé Néng Sekar bogoheun mah, ngan ulah waka bobogohan, diajar heula sing junun!" Pok Kang Acip nalika Néng Sekar jeung Indungna geus baralik.
" Ah, naon bapa téh." Ceuk Jang Aim pondok.
###
Méméh maghrib, Radén Kanta jeung Pamajikan geus aya di imah Ambu Uju.
" Hampura kalakuan kuring sababaraha bulan ka tukang geus kumawani nampiling Si Papat anak Ambu!" Pokna teugeug.
" Lah maké kudu dipikiran, teu dipénta ogé geus dihampura." Ceuk Ambu Uju.
" Ngeunaan kuring arék ngagadabah Si Papat mah éta salah sangka wungkul, kabeneran baé nalika kuring keur ngagusur Si Papat datang Si Iman. Sakali deui hampura kuring nya, Ambu."
" Heueuh.. heueuh.."
###
Kabéh jalma teu kolot henteu budak pada ngucapkeun babarengan, " Allohumma laka shumtu wabika amantu.." Nalika waktu maghrib geus manjing. Kabéh jalma saruka bungah, ngabatalan lain saukur ku és caruluk wungkul, aya rupaning kadaharan dina peuting lebaran mah. Dahar ogé jeung daging hayam, sapi, munding, sangu diganti ku kupat. Bérés sholat maghrib, sora takbir awuhan timana mendi, teu saeutik anu pating saregruk ceurik, asa jarauh panineungan.
Di téras imahna, Aki Sahrowi ngan ukur bisa lutam-létém waktu nénjo Ceu Nunung keur diuk jeung Kang Udi. Si Ujang diuk dina lahunan Kang Udi sabari ngilikan jeung mulak-malik pakéan anyar. Sirah Ceu Nunung nyarandé kana taktak salaki. Saruka bungah kacaangan ku cahaya lampu patromaks anu ngahaja digantungkeun dina lalangit téras imah.
Jebrud! Kadéngé sora panto ditutupkeun. Aki Sahrowi asup ka imahna.
***
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Ménak Anyar (Hanca Salapan Welas)"