SINOPSIS HIJI CARITA ANU POHO JUDULNA
Ku: Kang Warsa - Caca
Wanci janari leutik, dina taun 60-an. Hawa nyelecep tiis, campur dingin. Laju usum halodo geus nepi kana mumunggangna. Harita mah can aya listrik kawas ayeuna. Keur nyaangan jalan atawa buruan imah ngagunakeun ajug, kakalicesan da angin usum katiga ngahiliwir rada tarik. katambah minyakna geus téréh béak.
Asa waregah rék hudang ogé da puguh hawa karasa beuki tiris baé. Samping dibedol deui dibulenkeun kana awak. Saré dina palupuh awi. Sora timbaan di luar kadéngé jéntré. Pating gujubar, jegohna batuk tatangga anu geus satengah tuwuh geus jadi hal biasa, tiap janari leutik.
" Ah, jauh kénéh ka subuh." Gerentes dina haté. Geus apal pisan atuh, tanda waktu subuh sok dibarengan ku hawar-hawar anu maca solawatan ti beulah lebak, ti hiji langgar anu jauh ka pakampungan. Bubuhan di lembur, hiji lembur ngan dieusi ku sapuluh nepi ka lima welas suhunan. Antara hiji imah ka imah séjén paanggang kana sababaraha méter.
Kuring natangga jeung Kang Taeun. Ah, moal, moal diomongkeun kumaha éta Kang Taeun, tanyakeun wé langsung ka jinisna bisi jadi pitenah. Nu rék dijadikeun jejer dina ieu seratan nyaéta halimpuna sora jalma anu solawatan di langgar beulah lebak. Kadéngé hawar-hawar, rus-ras asa hayang deui kawas baheula nalika jaman normal. Subuh-subuh bisa ka masigit, solat bareng jeung batur salembur.
Nyaéta sanggeus balahi datang, dina mangsa ramé gorombolan, masigit anu aya di lembur diduruk. Kapaksa solat ogé di imah. Lamun hayang barjamaah, kudu ka lembur séjén anu jauhna dua kilo-an. Sok mikir puguh, na timana éta sora jalma anu solawatan mani halimpu-halimpu teuing? Asa hayang manggihan. Hawar-hawar ti langgar, tapi kusabab kaanginkeun, sora solawat sok laun pisan, ngan keukeuh halimpu.
Geus aya kana sabulanna hayang panggih jeung jalma anu sok maca sholawat dina tiap wanci janari gedé téh. Ngan nyaéta atuh, mumul katirisan, asa ku wegah kudu leumpang tuturubun turun ka lebak, dina waktu meujeuhna ngeunah ngaréngkol.
" Ah, kudu dibéakkeun ieu rasa panasaran." Kuniang hudang. Teu nolih kana kaayaan hawa anu beuki tiris, kuring leumpang tuturubun turun ka lebak mapay kebon anu harieum ku tangkal. Dina leungeun katuhu mawa obor. Suku jibrug ku ciibun ogé teu paduli.
Sora halimpu anu solawatan beuki tarik. Duh, lain bohong, mémang ngeunah éta jalma maca solawatna. Leumpang beuki gancang baé da hayang buru nepi ka langgar, sakalian rék solat subuh baé jeung jalma-jalma anu aya di éta lembur. Bagéa masih kénéh boga tempat ibadah sanajan langgar ogé.
Di éta lembur ngan aya tilu suhunan imah. Paroék. Di jero langgar mah semu mabra ku lampu centir. Kuring ngintip ka jero langgar. Aya saurang jalma keur ngagolér deukeut paimbaran. Sora solawat mani jelas.
" Ngan naha, jalmana mah ngagolér wé teu usik malik."
Kuring ngadon ngajentul di jero langgar, sabari melong ka jalma anu keur ngagolér, sora kérék ngaguher tarik nakeran, silih témbalan jeung solawatan anu keur disetél dina radio-tape gigireun éta jalma.
Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
Posting Komentar untuk "Solawat"