Ngaranna Sari, dibéré ngaran ku anu jadi akina nalika bral ka alam dunya. Alesan utama ngaran Sari –ceuk anu jadi akina – sangkan dina hiji mangsa anu jadi incu miboga saripati kahirupan. Di lembur mémang kitu, anu jadi kolot atawa aki-nini gampang pisan dina méré ngaran.
Sari dibéré ngaran saréngséna anu jadi orok diadzanan ku modin Ajang. Saurang modin di lembur Cihérang anu biasa ngadanan orok anu bral ka dunya jeung jalma anu tilar dunya. Sanajan sakuduna anu ngadanan téh bapana, tapi keur urang lembur teu jadi sual anu penting maranéhna ngajénan kana kabiasaan, lamun aya anu lahir kudu diadzanan ku modin Ajang, aya anu maot ogé kitu.
Sari bral ka alam dunya dina tahun 60-an katompérnakeun saentragan jeung Si Kemed. Dina taun 80-an geus tumuwuh jadi mojang lenjang, geulis camprenik. Moal aya hiji dua urang di Cihérang wanoja anu geulis iwal ti Néng Sari. Jadi pamujian balaréa, teu kolot teu anu masih ngarora. Para nonoman anu geus sawawa mah mikahayang malah sok ngabayangkeun maranéhna bisa laki rabi ngahiji jeung Si Béntang, kembang désa. Kaasup Si Kemed.
Jalma-jalma muji ka Néng Sari lain ngan ngukur ku kageulisanna wungkul, leuwih ti éta, Sari mangrupa awéwé anu tuhu jeung babakti ka indung bapa. Geus puguh kana pangajian mah, wanci panon poé tunggang gunung manéhna geus dikabaya, tiung dina sirah dipakéna teu dibulat-beulit, ngahaja dirumbaykeun, buuk dikaluarkeun saeutik, pantes baé ari ninggang ka saurang wanoja anu geus geulis ti dituna. Dina harigu nangkeup Quran. Si Ocim kungsi ngomong ka batur-baturna: “ Duh, hayang da kuring mah jadi Qur’anna Si Sari.” Ngadon diarupahan ku batur-baturna, “Mikir, itu mah emas manéh mah keusik..”
Ku para nonoman sok disebutan Si Donto. Teuing naon hartina. Ngan lamun disurupkeun jeung kecap anu biasa ditibankeun ka awéwé mah meureun boga harti bahénol, bahé tur ngajendol imbitna. Warung Kang Uman, bapa pituin Kang Ujang, sok ngadadak ramé lamun Néng Sari ngahaja dititiah balanja ku indung bapa-na.
Para nonoman pating daréhém, malah aya anu ngahaja nawarkeun diri: “ Wios, balanjaanna dibayar ku akang, Néng.” Aya ogé anu ngahaja, ngomong, “ Wios balanjaanna teu kedah dicandak, ku akang baé dicandakna bilih abot.” Ngan dibales ku seuri leutik anu ngabalukarkeun pating gurubugna diri para nonoman nalika nénjo huntu bodas Néng Sari anu ngéntép rapih.
Loba anu mang hanjakalkeun, utamana para nonoman anu kungsi ditolak ku Néng Sari. Diajak ulin kana tiap kariaan ogé dibales ku gideug. Dina usum samen mah, kabiasaan di lembur sok ngahaja ngayakeun rupaning kariaan, ngan ulah coba-coba baé ngajak ngahadiran atawa lalajo kana éta kariaan ka Néng Sari, da pasti ditolak.
“ Aing kudu wani..” Ceuk Si Kemed dina haté. “ Bisi ngabagel ieu kahayang tuluy jadi panyakit, jadi jarawat, ngabegangan wéh ieu awak.”
Peuting éta pisan, réngsé nedunan solat Isya, Si Kemed ngajak ka Si Ohi.
“ Jajap déwék ka imah Néng Sari..” Ajak Si Kemed.
“ Arék naon?”
“ Apel!”
“ Malem Kemis?”
“ Nya teu jadi sual, arék bulan Rojab sugan..”
“émang geus jadi kabogoh?”
“ Encan.. susugana baé pareng.”
“ Pegatan wé di péngkolan méméh ka imah, meungpeung can balik ti pangajian.”
Si Kemed jeung Si Ohi ngadago-dago handapeun tangkal nangka, palebah péngkolan anu brasna ka imah Néng Sari. Degdegan campur hariwang dina diri Si Kemed. Ngan boga kayakinan dina dirina, kanyaahna pasti ditarima ku Néng Sari. Béda kereteg. Kayakinan manéhna lain euweuh alesan, tiap panggih di jalan jeung Néng Sari, Si Béntang teu weléh seuri konéng ka manéhna. Nalika ditanya ogé langsung ngajawab, béda lamun ditanya ku pamuda pantaran Si Ocim atawa Si Ohi. Ngan sieun, ambon sorangan.
“ Tuh…!” Ceuk Si Ohi.
Si Kemed curinghak.
“ Sari..” Ceuk Si Kemed ngeureunkeun léngkan Néng Sari.
Sari neges-neges da kaayaan kacida poék.
“ Kah…” Neges-neges deui, “ Kang Kemed?”
“ Muhun.. ka dieu sakedap…”
Ceplak bujur Si Kemed ditepak ku Si Ohi.
“ Naon sia téh?”
“ Ambéh teu ngeleper..”
Néng Sari ngadeukeutan.
“ Aya peryogi naon?”
Si Kemed ngodok saku baju. Amplop tulisan Par Avion anu sisi-sisina warna beureum-paul dibikeun ka Néng Sari.
“ Aos ieu serat di bumi..”
Surat ditampa. Néng Sari unggeuk, tuluy ninggalkeun.
“ Ceunah arék langsung diomongkeun. Halah.. ngagunakeun surat kénéh geuning. Kawas indung aing arék nyambungan deuih, maké amplop kitu..”
“ Teguh, ditolak atawa moal?”
“ Mudah-mudahan baé ditolak, engké narima déwék, pan silaing jadi lang-lang ling-ling..”
“ Jurig siah!”
###
Urang lembur geus arapaleun, ampir kana tilu bulan lilana Néng Sari papacangan jeung Si Kemed. Para nonoman séjén mah aranéheun, naha Néng Sari daék ka Si Kemed. Pamuda euweuh kabisa nanaon. Pagawéan teu matuh. Lolobana mah babantu ka bapana di sawah macul jeung ngebon. Kabéh boga kayakinan, pasti Néng Sari dipélét ku Si Kemed. Maké jampé pamaké, moal nyalahan!
“ Si Kemed mah pantesna jeung Si Sarbo’ah lain jeung widadari ieu lembur.” Ceuk Si Utar.
Sarbo’ah, hiji parawan di lembur Cihérang. Sok pada moyokan da cumentil. Ku lalaki mah sok disebutan, Sarbo’ah, saré poé Rebo lahir poé Juma’ah. Sarbo’ah, saurang parawan anu gumeulis sanajan teu geulis. Ka tiap lalaki anu katénjo rasa alus rupa sok langsung ngomong: bogoh. Antukna diéar-éar, kabogoh urang. Para nonoman geus biasa nalika silih sebutan jeung papada baturna: Dasar kabogoh Sarbo’ah! Tiap aya kariaan, Sarbo’ah geus pasti lalajo, sakapeung sok miluan japin dina kariaan dangdutan, pada ngaéak-éak ku barudak. Tara ditolih, anu penting manéhna suka bungah. Dicap awéwé bangor jeung baong baé ku tiap lalaki.
###
Sok sanajan lolobana urang lembur kana tatanén. Sabenerna sawah-sawah anu aya kiduleun lembur mah lain milik maranéhna, tapi milik urang kota. Urang lembur lolobana jadi buruh tani, lain ngolah sawah kusabab éta sawah maranéhna, lolobana makaya sawah batur. Kang Kanta, saurang lalaki kolot, urang dayeuh, gawé di salah sahiji instansi pamaréntah, meulian sawah urang Cihérang. Manéhna biasa datang ka éta lembur dina usum dibuat.
“ Geulis budak téh..” Pok Kang Kanta ka Kang Udi, bapa pituin Néng Sari.
Néng Sari ngésod sanggeus nyuguhan anu jadi sémah. Teu ngalérét-lérét acan kanu ngomong jeung muji kana kageulisan manéhna.
“ Geus boga pisalakieun?”
“ Teu acan..” Kang Udi gideug.
###
“ Atuh da teu ngukur ka kujur nimbang ka awak silaing téh. Itu mah kadu manéh bonténg!” Ceuk Si Ohi. “ Geus pasti milih Kang Kanta atuh Si Sari ogé.”
Si Kemed cicing.
“ Ceuk Si Utar jeung Si Ocim ogé, silaing mah pantesna jeung Si Sarbo’ah..”
Sora awuhan lagu dangdut di imah Kang Udi kadéngé ku Si Kemed mah teu jauh béda jeung sora pating jelegerna guludug. Kawas anu arék meupeuskeun sirah, pating jelebét teu puguh. Poé éta pisan Néng Sari dikawin ku Kang Kanta, jalma beunghar ti kota anu miboga héktaran sawah di éta lembur. Henteu hujan henteu angin, saminggu ka tukang, Néng Sari ujug-ujug megatkeun tali kanyaah manéhna. Euweuh sabab musababna.
###
“ Uyuhan gableg bapa teu uyahan, budak sageulis-geulis dikawinkeun ka aki-aki tujuh mulud!” Ceuk jalma-jalma di warung.
“ Atuh da jaman kiwari mah anu penting mah sawah lubak-libuk sareng artos, euceu. Kuring ogé daék atuh dikawin ku Kang Kanta mah!” Ceuk anu séjénna.
Ngan paguneman kitu teu kungsi kana tilu bulan lilana, laas kitu baé saolah euweuh kajadian nanaon. Anu katénjo ku urang lembur nyaéta, sok sanajan kageulisan Néng Sari beuki hérang komo kasipuh ku dunya, ngan dina dirina teu bisa nyumputkeun rusiah gedé, hiji pasualan bathin anu bisa baé karandapan ku jalma anu teu meunang kabagjaan bathin. Imah geus jelas, pang agréngna di éta lembur, tapi katénjo tiiseun, simpé, nyurup jeung kaayaan bathin anu bogana. Kang Kanta datang ka lembur ngan saminggu sakali. Néng Sari geus tara katénjo deui ka warung, sumawona ruang-riung jeung ilubiung pangajian deui kawas waktu keur mojang. Ka mamana ogé teu weléh dina mobil dijajapkeun ku supir pribadina.
Kungsi panggih jeung Si Kemed, nalika arék indit ka sawah. Dina mobil, Néng Sari teu ngalieuk-lieuk acan.
“ Sari, sing bagya anjeun..” Gerentes haté Si Kemed ngan bisa ngadunga sok sanajan kahayang mah gep deui gep deui ngarontok Si Béntang.
“ Ayeyyyy… geus ulah dipikiran baé Si Donto mah… hayu urang lalajo dangdut di lembur Cicadas!” Ceuk saurang awéwé ngagétkeun Si Kemed.
“ Gandéng sia téh, Sarbo’ahhhhhh!’ Si Kemed indit.
“ Horrrr, ari Aa Emed. Hey.. arék ka mana , Aa Kemed anu kasép!” Si Sarbo’ah lumpat, ngudag Si Kemed.
###
Teu kungsi nunggu lima taun, tilu parapat kabéh sawah anu aya di lembur Cihérang geus kapimilik ku Néng Sari. Kang Udi geus jadi jalma beunghar. Kitu ari papastén tinu kawasa. Teu bisa dihalang-halang jeung diulah-ulah.
Néng Sari diuk dina galengan. Hawa karasa haneut, panon poé geus ampir teuleum ka mumunggang gunung beulah kulon. Jarami-jarami keur diduruk ku para panyawah, anyar panén gedé. Cipanon teu karasa ngalémbéréh dina pipi. Buuk ngarumbay. Biwir ipisna digégél lalaunan. Kasorot ku cahaya konéng emas beuki némbongkeun kageulisan dirina. Bathin ngajerit, nalika ngadéngé iber ti salah saurang panyawah, minggu hareup, Si Kemed arék kawin jeung Néng Ima, wanoja ti lembur Cimanggu.
“ Hampura abdi, Kang. Sok sanajan urang sanés jodo, ati mah tiap wengi jumerit kanu kawasa sangkan urang ngahiji laki rabi… Akang teu terang, kumaha katalangsarana ieu bathin abdi.. kusabab kedah nikah ka jalmi anu sanes nyandak kanyaah ka diri abdi.. Akang… hoyong tepanggggg…” Gerentes Néng Sari.
Posting Komentar untuk "Carpon: Sarbo'ah"