Paolo Coelho kungsi nulis: Don’t waste your time with
explanations. People will hear what they want to hear, pihartieun bébasna mah,
ulah loba teuing ngajelaskeun atawa ngawur-ngawur teuing omongan, sabab jalma
bakal ngadéngékeun naon anu dipikahayang ku dirina sorangan.
Di Sunda aya paribasa hambur congcot, murah bacot,
ditibankeun ka jalma anu béréhan tapi teu saeutik sok dibarengan ku sesentak
atawa bawél. Geus jadi pasifatan tiap jalma bakal ngadéngékeun naon anu
dipikaresep ku dirina sorangan. Contona diri urang bakal ngarasa kesel nalika
aya jalma anu hantem-hamteman baé ngomong, ngajelaskeun itu jeung ieu, teuing
kaharti teuing henteu.
Aya dua maksud naon anu dikedalkeun ku Coelho. Kahiji, urang salaku jalma mémang
mangrupa mahluk social anu teu bisa hirup sosorangan, perlu ayana komunikasi
jeung jalma séjén. Ngan tetep baé, urang ulah nyapekeun diri, ngamonyah-monyah
waktu, arék ku cara ngajak atawa ngomong ka jalma anu mémang moal narima kana
ucapan urang. Lebar, waktu dimonyah-monyah ngajelaskeun hiji hal ka jalma.
Kadua, jelas pisan, urang teu kudu ngalobakeun ngomong, saperluna
baé, niti ka jalma anu can siap narima atawa nampa kana ucapan-ucapan urang.
Dina budaya Sunda geus aya ugeran iraha waktuna urang cicing jeung iraha urang
kudu milu aub. Aya papatah anu mindeng diucapkeun ku kolot-kolot urang: létah
mah teu tulangan, hadé ku omong goréng ku omong.
Papatah anu disebutkeun pandeuri sok dibéré harti sagala
rupa kudu diomongkeun padahal maksud tina éta papatah nyaéta hadé jeung goréng
diri urang diri urang ditangtukeun ku kekecapan atawa omongan urang-urang kénéh.
Keur harti anu disebutkeun tadi mah aya paribasa anu bener nyaéta: mipit kudu
amit, ngala kudu ménta.
Tiap wewengkon, budaya, jeung peradaban miboga papatah,
paribasa, jeung babasan anu boga maksud sarua jeung naon anu kungsi diucapkeun
ku karuhun-karuhun urang. Di wewengkon Arab aya paribasa: goréngna ahlak
ditangtukeun ku lisan atawa ucapan, anu ngalantarankeun urang cilaka téh lain
ku nanaon tapi nalika létah tisolédat atawa tiseureuleu.
Sok aya jalma anu ngomong kieu: seukeutna létah alabatan
seukeutna pedang. Raheut ku pedang masih bisa diubaran tapi raheut ku ucapan
mah hésé ubarna. Bangus anjing mémang najis, tapi sanajis-najisna ogé bangus
anjing masih bisa disucikeun ku cara dikumbah tujuh kali. Ngan lamun urang geus
ngucapkeun hal anu pikanyeurieun batur, arék dikumbah ku naon ogé tetep moal
bisa dibersihkeun.
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Murah Bacot"