Taun 2003 kungsi ilubiung jadi salah saurang pamilon MTQ, pedah apal al-Quran kana 5 juz-na. Atuh, dina mangsa harita mah, kusabab tina sakecamatan masih jarang anu apal 5 juz al-Quran, hartina pamilon MHQ ngan saurang-urangna, rengse dites ku juri, langsung bae dibere piagam, pinunjul kahiji caritana mah.
Ti saprak harita mah teu ilubiung deui kana MTQ jeung MHQ, ngan saukur bisa ngarojong salah saurang pamilon atikan sakola madrasah nepi ka jucung jadi pinunjul dina pasanggiri atawa musabaqoh hifdzil Quran tingkat kota. Moal disebutkeun ngaranna, karunya bisi geer.
Di lembur mah rea piasan jalma ngalandih harti atawa papanjangna tina MTQ, ku cara heureuy aya anu nyebutkeun MTQ teh Mualim Tara Qunut. Nepi ka taun 2000, ku barudak Balandongan -salah saurang kyai- sok rajeun disebutan MTQ kusabab tara qunut nalika sholat subuh.
Taun ieu mah, keur wewengkon Lembursitu, MTQ dilaksanakeun di Riyadlul Jannah, yayasan di Cikundul tempat kuring ngajar jeung ngatik barudak. Ti isuk oge geus rame ku anu daragang, sisi jalan euyeub, rupaning dagangan ti mimiti baso nepi ka cocooan budak ditawarkeun. Teu jauh beda jeung acara samen sakola.
Teu kawas sasari, mobil jeung motor oge metet, minuhan komplek yayasan jeung jalan anu brasna ka Kapitan. Pagalo antara mobil gegeden jeung mobil para pamilon MTQ. Anu aratoh mah tangtu bae barudak, dibere bekel leuwih ku kolot-kolotna.
Ceuk Hj. Neni, salaku Camat Lembursitu, MTQ taun ieu kawilang rongkah, pepek ku masyarakat. Beda jeung MTQ samemehna. Cindekna mah, Pamarentah kecamatan kacida reueus kana 'antusiasme' masyarakat kana eta kariaan.
Pasanggiri Ngaji atawa Maca Quran mangrupa bentuk ikhtiar ti masyarakat Islam keur ngajaga hiji kabiasaan nu geus nerap dina kahirupan masyarakat. Dina mangsa dua puluh lima taun katukang mah aya lagu-na sagala.
Hasil tina kabiasaan samodel kitu kungsi ngadeg sababaraha lembaga saperti: LPTQ. Ka dieunakeun teu saeutik lembaga anu ngadeg kalawan tujuan nyitak generasi nu wanoh kana Quran. Di kota gede mah sok diayakeun pasanggiri hafalan Quran keur barudak.
Hal di luhur ngabuktikeun, yen antara Islam jeung kahirupan masyarakatna teu bisa dipisahkeun tina tradisi nu hese kapanggih di wewengkon sejen. Di urang mah pangajian oge rupa-rupa ngaran; aya minggonan, Kultum, Santapan Rohani, Siraman Rohani, jrrd.
Acara nu nuduhkeun ayana akulturasi antara Islam jeung budaya masyarakat oge kacida rea; mahinum, salametan, tawashulan, tahlilan, jeung marhaba. Hal-hal anu jarang dilakonan ku urang Islam di wewengkon mana bae iwal aya di urang.
Dikirim dari iPhone saya

Posting Komentar untuk "MTQ"