Ti sakola dasar mula urang geus diwanohkeun kana hiji politik anu kungsi dijadikeun stratégi ku Walanda dina raraga mancawurakeun bangsa anu aya di ieu wewengkon, sok disebut politik 'adu domba'. Politik adu domba atawa devide et impera mémang kudu dilakukeun ku Walanda keur ngawasa Nusantara sagemblengna, keur ngalemahkeun hiji wangunan anu geus lila dijadikeun tatapakan hirup kumbuhna jalma anu aya di Nusantara.
Geus kawentar ka sakuliah dunya, jauh saméméh ieu wewengkon dibéré ngaran Indonésia, bangsa Nusantara katelah jalma-jalma anu ngaheulakeun sumanget réréongan, henteu paaing-aing, jeung teu ngaheulakeun sumanget golongan. Bener, bangsa urang katelah jalma-jalma chauvinis, hal ieu dumasar kana sikep reueus ieu bangsa ka nagrina sorangan. Sikep chauvinis anu ngalahirkeun nasionalisme ieu anu dipikapaur ku bangsa deungeun anu boga maksud ngagalaksak ieu nagri.
Naon anu ngalantarankeun bangsa urang anu aya di Nusantara disebut bangsa hébat? Wewengkon Nusantara mangrupa wewengkon anu sugih mukti, kerta rajaharja, bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. Kaayaan wewengkon samodél kitu mawa pangaruh kana sikep masarakat Nusantara salaku bangsa anu kuat, kudu mertahankeun naon anu dipimilik. Sangkan kahirupan saluyu jeung naon anu dipiharep, masarakat di Nusantara ku hasil kontémplasi ngawangun struktur kahirupan alamiah.
Struktur sosial masyarakat mangsa harita dibagi kana tujuh: Brahmana, Ksatria, Weisya, Sudra, Candala, Mlecca, jeung Tuccha. Kaunggulan hiji jalma jeung kelas sosial lain ditangtukeun ku lobana harta anu dipiboga tapi ditangtukeun ku pangaweruh/élmu anu aya dina diri jalma. Brahmana atawa Raja Pandita mangrupa jalma-jalma anu henteu kabeungkeut ku materi kadunyaan. Ti mimiti Resi, Pandita, nepi ka para Sunan mangrupa jalma-jalma anu henteu kabeungkeut ku harta, teu pantes miboga hak milik material. Ku masarakat dijadikeun golongan anu paling utama.
Ksatria mangrupa jalma-jalma anu ngésto ka ieu nagri. Matéri (banda) jeung pangabutuh sapopoéna dicukupkeun ku karajaan, ngan henteu bisa nyokot leuwih nepi ka ngabeungharkeun dirina sorangan. Ksatria boga pancén ngurus ieu nagri, mawa ieu nagri kana kajayaan.
Cindekna, karuhun urang Nusantara nempatkeun bangsa deungeun aya dina klas sosial ka-genep, Mleccha. Sakumaha luhur jeung jedugna ogé bangsa deungeun, ku wiwaha jeung sikep lebér wawanénna karuhun Nusantara, bangsa deungeun tetep ditempatkeun salaku sémah henteu bisa nyaluhuran bangsa sorangan. Hal ieu anu jadi matak, nepi ka awal abad ka 20, pasantrén jeung para kyai tetep ngalawan ka Walanda. Kamus anu aya di masayarakat Nusantara harita teu wanoh jeung kecap éléh: Jaya atawa palastra/pralaya. Kadieunakeun disebut istilah merdeka atau mati!
Walanda ngagunakeun cara jeung stratégi satékah polah keur ngéléhkeun urang Nusantara, salah sahijina ku devide et impera. Kusabab para walisongo dina nyumebarkeun ajaran Islam ngagunakeun cara hadé, ngaakomodir budaya masarakat Nusantara. Walanda ogé boga pancén, ngancurkeun Nusantara ku ngaruksak budayana. Dongéng jeung carita anu dipinuhan ku hoaks atawa bohong dijieun. Conto ieu hal: carita Perang Bubat antara Majapahit jeung Sunda, saolah dua séké-sélér gedé, Jawa jeung Sunda henteu akur. Euweuh sumber anu ngajéntrékeun ayana perang bubat kajaba diguar tina naskah Kidung Sunda jeung Pararaton hasil nyieun Walanda. Naskah-naskah Nusantara anu mundel ku pangaweruh dibawa ka Walanda.
Nepi ka ayeuna, akibat tina carita bohong ieu masih karasa ku urang. Modal utama ngadu domba hiji masarakat lain nanaon, tapi budaya jeung hal anu bisa disebut sénsitif ku masarakat. Agama, kayakinan, étnis, jjrd mangrupa hal-hal anu gampang diasupan ku sumanget adu domba. Sakapeung, diri urang sok teu ngarasa lamun diri urang keur diadurengéskeun ku batur. Hal anu dipikasieun ku saha baé utamana jalma-jalma sarakah nyaéta nalika bangsa urang, panggih deui jeung wujud atawa jati diri salaku bangsa Nusantara kungsi dipikasérab ku bangsa deungeun…
Kang Warsa
Posting Komentar untuk "Devide et Impera"