Mémoria SMA


Geus arék tepung taun anu ka 25 ti saprak kuring jeung babaturan lulus SMA. Embung éléh ku barudak ayeuna, utamana barudak SMP jeung SMA anu ngomong-ngomong: Telah tiga tahun, kita menimba ilmu di sekolah ini.

Heueuh bener, lolobana mah ngeselkeun anu jadi guru, da kaalaman ku kuring sorangan kumaha anu jadi guru dikeselkeun ku anu jadi pamilon atikanna. Ngaranna ogé guru, lain jalma jahat kawas dina film-film Hollywood jeung Bollywood sok ngaheulakeun dendem kanu ngaraheutan dirina. Guru mah teu dipénta ogé geus ngahampura. Teu jauh béda jeung guru-guru anu kungsi ngatik kuring nalika SMA.

Loba carita, anu pondok ogé panjang nalika kuring nyuprih pangarti di SMA. Tangtu baé moal bisa diserat kabéh. Kudu ngabongkar deui buku diary dibacaan deui hiji-hiji. Ngan nalika rasa sono nyaliara dina diri mah teu weléh sababaraha buku catetan sok ngahaja dibuka deui.

Dibaca seratan-seratan anu langsung ditulis ngagunakeun leungeun. Can boga komputer komo laptop dina mangsa harita mah, sumawona hand-phone, ngagunakeun telephon umum koin ogé masih kudu licik ku cara nalian duit kencring ku benang sangkan bisa dikaluarkeun deui, tuluy dipaké deui.

Harita mah aya ogé tamagochi, kaulinan barudak taun 90-an. Lamun ayeuna mah teu béda jeung Si Tom Cat lah. Kudu diurus, diparaban, hayang miceun ogé kudu dijajapkeun. Kawas euweuh pagawéan, tapi barudak henteu ngarasa dijajah ari ku resep mah.

Henteu béda jeung barudak kiwari, barudak sakola taun 90-an ogé teu éléh géléng arék dina kamotékaran hirup, pola hirup, nepi ka jeung bandelna. SMANSA mah geus puguh, bisa disebut sakola anu nampung barudak motékar dina nga-Band, olahraga, jrrd. Sebut baé barudak kréatif téh teu kaitung ku ramo leungeun jeung suku.

Atuh ekskul ogé aya kana duapuluh genep jumlahna. Rék milih naon baé bisa. Anu barandel atawa bangor ogé teu kaitung, ngan tara ari nepi ka garelut, tawuran tug nepi ka silih kadék mah. Nya kitu baé heureuyna standar, heureuy lembur saperti noong toilét awéwé, mabur sakola, atawa nérékél kana témbok tukangeun sakola lamun kabeurangan.

Anu lengger ogé loba, waktu diudag ku guru BK, barudak sok lalumpatan tuluy ngadon nyumput di masjid, nalika ditanya ku guru: Can asup? Jawabna gampang: Nembé netepan dluha. Geus ilahar geuning dina waktu sakola ogé jalma bisa ngagunakeun agama keur nyieun alesan.

Lamun nyawang ka alam harita, geus pasti pagalo rasa, aya nu ngaranna cinta, ijid, seurieus, élég, antara heuheuy jeung deudeuh. Di SMANSA aya hiji tempat, bisa disebut tempat khusus keur megatkeun tali kanyaah, ku barudak harita disebut Lembah Putus Cinta. Hiji gawir anu biasa digunakeun ku siswa-siswi anu geus papacangan lamun arék putus cinta.

Untung ogé kuring mah can ngalaman kikituan. Teu laku apanan. Ngan geus pasti di antara ratusan babaturan awéwé, pasti lah aya hiji dua mah anu naksir ka kuring, ngaku? Heuheu..

Pangabisa harita mah ngan ukur tulas-tulis baé dina majalah dinding sakola anu dibéré ngaran Papyrus Creatio. Oh, enya ngeunaan Lembah Putus Cinta, éta téh dicokot dina film Si Yoko, Return of The Condor Heroes. Hiji film kolosal mandarin anu diperankeun ku Andy Lau, dipopuérkeun ku Indosiar.

Mangsa harita, sistem pendidikan geus mimiti némbongkeun aya hal anu robah. Dina ngaran, asal SMA diganti jadi SMU. Ngan ceuk kuring ka salah saurang guru, antara SMA jeung SMU sabenerna éta-éta kénéh, SMA mah Sekolah Menengah Atas, ari SMU? Nya, kitu.. Sekolah Menengah Uaatas, bakating ku luhur éta téh.

Robahna ngaran mawa pangaruh kana singketan sakola, tina SMANSA kana SMUNSA. Béda sahurup ogé bakal ngarobah kana makna kecap. Kawas Cilok jeung Colok pan béda?

Nya, lain pasualan gédé nu kitu mah, da saha baé ogé tetep ngagunakeun SMANSA nalika aya anu nanya, Sakola di mana? Ngajawabna ogé pinuh ku kayakinan: SMANSA! Boga ngaran ongkoh da asup sakola favorit. Saha anu teu hayang nuluykeun ka SMANSA harita? Pada hayang lain bohong.

Hanjakal ngan tilu taun di SMA téh. Kitu ceuk barudak waktu dina calagara paturay tineung sakola di Gedung Anton, Secapa. Ci panon ogé teu katadah, da bisi teu panggih deui cenah. Barudak maraké jas paalus-alus, anu awéwé dikabaya, darangdan kawas pangantén.

Paungku-ungku sarasalaman, silih hampura bisi loba kasalahan salila tilu taun. Kuring ogé make jas, didasi sagala, gagah disebutna keur ukuran budak lembur mah. Aya anu ngomong, “ Warsa, kasép.. ihh!” Henteu ari sabari nyiwit kana pipi mah. Da bener atuh, kuring mah kasép, beungeut ogé pikalucueun sandal jeung bakiak, Heuheu.. Kasép da lalaki apanan.

Lain éta anu penting mah, lain dangdanan, tapi silih léahkeun manah jeung papada jalma. Komo kuring mah ngahiji jeung géng barudak bandel tukang mabur anu boga ngaran Broxesia. Teu apal naon harti éta kecap. Pokona kitu baé Brokexia wé.

Mémang rupa-rupa ngaran géng di sakola, aya Scientia, Trip-Six kadé lain Trip-Sex, aya H20 ieu mah khusus keur barudak IPA, aya DBT, aya KGB, jrrd.

Iwal ti anu disebut tadi, Rohis ogé aya, barudak anu mikareueus kana agama. Ka barudak ieu mah kuring sok heureuy, moal diajak maén bal, da sok éléh baé. Naha? Aya anu nanya: Heueuh dina nyépak bola sok maca heula dunga, atuh bola kaburu direbut batur. Kitu heureuy harita.

Euweuh pasualan politik komo kaceuceub mah, heureuy nya heureuy baé. Teuing lamun dipaké heureuyna kiwari mah, boa geus disebut tukang nganistakeun agama kuring téh.

Ti harita, kuring jeung babaturan geus papisah kana 25 taun lilana. Lamun ditanya ngeunaan kasono, kuring tangtu bakal ngajawab – sok sanajan ngan bisa ngagerentes dina haté- : kuring sono ka maranéh, dak!
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Mémoria SMA"