Kaliyuga



Linuhungna karuhun Nusantara lain dina pasualan pangaweruh anu aya patula-patalina jeung urusan haté wungkul. Karuhun Nusantara ogé geus nanjeurkeun tetekon jeung papagon kahirupan sosial anu linuwih jeung meredih sangkan bangsa sorangan jumeneng jadi masyarakat mandiri.

Ayana sistem sosial Nusantara nuduhkeun yén karuhun Nusantara bener-bener mangrupa hiji masyarakat mandiri, ajeg, miboga miwaha, jeung komara. Indikator jeung ukuran kelas sosial lain ditangtukeun ku jumlah harta anu dipiboga tapi ku pangeruh jeung élmu pangarti anu dipimilik ku individu. Bangsa deungeun samodél Éropah, Tionghoa, Arab, jeung Parsi ditempatkeun dina kelas sosial ka-6 (Mleccha).

Tiap unsur masyarakat kudu tuhu kana éta aturan. Kelas sosial ka-6 anu disebut Mleccha téa teu dimeunangkeun ngaaksés pranata agama, pendidikan, jeung kakawasaan. Bangsa deungeun ngan dimeunangkeun dagang wungkul. Teu anéh, Walanda jeung bangsa deungeun bisa dumuk di Nusantara, minuhan wewengkon basisir ku cara dagang.

Naha karuhun Nusantara nangtukeun kelas sosial lain ku properti atawa harta banda?

Dina angtukeun kelas sosial, karuhun Nusantara nénjo jalma ku élmu pangaweruh anu dipiboga sabab ieu éntitas mangrupa hal anu moal laas kitu baé. Jalma anu lubak-libuk ku harta banda justru ditempatkeun dina kelas sosial ka-3 jeung ka-4. Beuki masagi élmu pangaweruh, hiji jalma nisa nempatan kelas sosial ka-1. Sabalikna, beuki loba harta jeung beuki sugih milik rejeki, maranéhna bakal nempatan kelas sosial ka-3 jeung 4.

Karuhun Nusantara boga pamadegan, puseur dayeuh, wilayah, jeung wewengkon geus sakuduna dikokolakeun ku jalma-jalma anu geus leupas jeung teu kabeungkeut deui ku materi, tapi kudu diurus ku jalma-jalma anu linuhung ku élmu. Konsép samodél ieu teu jauh béda jeung Nagara Aristokrasi vérsi Platon.

Karuhun Nusantara ogé boga kamandang, kacida bahaya, nalika nagara atawa pamaréntahan diurus jeung dikokolakeun ku jalma-jalma anu masih kabeungkeut ku matéri kadunyaan. Geus pasti –dina mangsana- jalma-jalm anu kabeungkeut kénén ku matéri bakal nyalahgunakeun jabatan atau posisina keur ngumpul-ngumpul ogé numpuk harta kakayaan.

Pamaréntahan atawa politik ngan bisa diurus ku kelompok sosial ka-2. Aya ugeranna, kelas sosial ka-2 teu dimeunangkeun ilibiung ngaguar pasualan agama, kudu museurkeun pikiran jeung tarékah kumana cara ngokolakeun masyarakat baé. Maranéhna ogé dilarang mentingkeun dirina, kulawarga, jeung golonganna.

Urusan élmu pangaweruh jeung pasualan agama ngan bisa diguar ke kelas sosial ka-1 (pandita, agamawan, ulama), jalma-jalma anu geus kasipuh ku pangaweruh. Teu sagawayah jalma bisa “dakwah”, sok komo nalika dilakonan ku jalma-jalma anu masih totolosoan kana materi jeung politik. Kelas sosial ka-1, kumpulan jalma anu geus teu mentingkeun materi, harta, henteu dipusingkeun ku isukan boga béas atawa henteu, jeung réa-réana deui anu matak ngajauhkeun diri kanu Maha Kawasa.

Runtuhna ugeran jeung tetekon sistem sosial Nusantara dina abad ka 15 tug nepi ka kiwari dilantarankeun ku sababaraha hal. Kahiji, hukum di dunia mémang kitu. Alam jeung kahirupan miboga kurva naék jeung turun. Kuadran kahirupan geus pindah tina kuadran ka I kana kuadran II nepi IV.

Gibbon (Decline and Fall, 1776), Toynbee (dina A Study of History), nyebutkeun hiji bangsa keuna ku robah, bisa poho, ancur, jeung bisa pinunjul deui.

Kadua, idealisme runtuh ku materialisme anu dikokojoan ku bangsa deungeun. Walanda mawa sistem mérkantilisme, bangsa Nusantara ogé antukna loba anu jadi kolaborator Walanda. Kelas sosial ka-2 dibobodo ku sistem anu dijieun ku Walanda ku kecap-kecap Raden, Ménak, jeung Ningrat, padahal dina prak-prakannana mah bangsa Nusantara ngan saukur ditempatkeun dina kelas sosial ka-3 sanggeus Walanda jeung bangsa deungeun.

Kanyataan kahirupan samodél ieu sabenerna geus diprédiksi boh ku Dharmasiksa oge ku Jayabaya. Dina mangsana, jaman atawa mangsa bakal asup kana “zaman edan”, nalika sistem Nusantara anu geus dipraktékkeun dina kahirupan mangratus taun, diruntagkeun ku bangsa sorangan anu teu jauh béda jeung “kulit lasun/careuh”. Disampurnakeun ku diangkatna kelompok sosial ka-7 (Tuccha, sabangsaning rampog, jago, jeung bégal) jaradi “centéng” Walanda.

Walanda ogé –ku sistem sosial anu dijieun ku maranéhna– geus maksa para agamawan jeung pinisepuh (resi) sangkan arasup kana wewengkon politik. Henteu saeutik resi anu ngawujud jadi baghawan, agamawan jeung resi anu pipilueun ngurus nagara jeung politik. Catrik, siswa, jeung murid antukna leungiteun obor, élmu pangaweruh jadi laas jeung mintul. Jampé pamaké anu asalna saciduh metu saucap nyata, ngan kari hambur bacot, suwung tina eusi, jajauheun disebut matih mah.

Bangsa urang, ti abad ka-15 nepi ka kiwari antukna ngawujud jadi jalma anu miboga sikep inferiority complex, leutik burih, teu percaya diri, adéan ku kuda beureum, teu boga komara sok komo miboga wiwaha. Kahirupan beuki éwuh pakéwuh, kualitas jalma lain diténjo ku linuhungna diri anu dipinuhan ku élmu pangaweruh, tapi ditangtukeun ku kalungguhan jeung jumlah propérti anu dipiboga.

Sistem atikan anu asalna basajan tapi outputna jelas, dirobah ku sistem atikan Walanda anu disebut modérn padahal beuki ngaacapruk. Dina mangsa kajayaan Nusantara, barudak anu boga niat nyuprih pangarti teu dililieur ku pasualan-pasualan nu teu perlu. Kari datang ka padépokan atawa pasantrén, diajar wéh.

Sing inget, Walanda jeung nagara-nagara deungeun teu ngagunakeun sistem anu diterapkeun di Nusantara ku maranéhna. Tug nepi ka kiwari, nagara-nagara deungeung anu disebut maju justru ngagunakeun sistem atikan tradisional, da mémang loyog jeung karakter masyarakatna.

Kusabab minder, bangsa urang malah anclub kana sistem atikan anu teu cocog jeung karakter ogé génétika diri bangsana sorangan. Antukna, ka handap teu akaran, ka luhur teu sirungan. Kusabab inferior ditambah ku sikep matérialis, bangsa urang asup kana mangsa kaliyuga, jaman geruh, jauh jeung sikep tenang.

Iraha bérésna? Nalika dina diri urang, bangsa Nusantara miboga deui komara jeung wiwaha. Kumaha carana? Kudu mindeng neuleuman diri, saha ari diri urang.

Posting Komentar untuk "Kaliyuga"